Cau naon cau naon,
Cau kulutuk di juru.
Bau naon bau naon,
Bau hitut nu di juru.
Cikur jangkung jahe koneng,
Lampuyang pamura beuteung.
Rarasaan jangkung koneng,
Puguhmah bureuteu hideung.
Daun jarak dibeungkuetan,
Dibawa ka jalan gede.
Anu harak ngadeukeutan.
Hayangeun dibawa hade.
Kihiang nu meunang nuar,
Disugu piekun jualeun.
Kahayang meunang nu beunghar,
Puguhmah jalma kuuleun.
Poe Saptu poe Kemis,
Salasa heuleut-heuleutan.
Saha itu muril kumis,
Leumpangna eundeuk-eundeukan.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar