0
Aya meri dina rakit,
Boboko wadah bakatul.
Lain nyeuri ku panyakit,
Kabogoh direbut batur.

Baju hideung kancing tangan,
Di kaput ku merang awi.
Nu hideung matak teu nangan,
Sing emut ka diri abdi.

Baju soeh tatambalan,
Kaput gede jarumatna.
Daek soteh ngawulaan,
Lamun hade rumawatna.

Carulang dipahpal kuda,
Hejo deui hejo deui,
Rek mulang samar kaduga,
Nenjo deui nenjo deui.

Seungit kembang sumasarna,
Bawa angin ngadalingding.
Nu laip kieu karasana,
Nandang nyeuri tanpa tanding.

Talingtung talina benang,
Mobil beureum diguratan.
Satungtung teu acan beunang.
Moal eureun disuratan.

Tangkal manjah sisi lamping,
Tangkal putat kaibunan.
Hate bungah tanpa tanding,
Nampi serat kikintunan.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top