Baju kutud heureut pola,
Dikelin teu dijalujur.
Mun teu cucud ti sakola,
Arisin balik ka lembur.
Ka kulah nyiar kapiting,
Ngocok lobak bobodasna.
Ulah sok liar tipeuting,
Osok loba gogodana.
Susuru opat ngajajar,
Katinggang ku daun jati.
Guguru kapalang ajar,
Cara kembang burung jadi.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar