* Boyot = Leupang kendor bangun bareurat awak, mindeng katinggaleun batur.
* Deog/pengkor = Leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok.
* Dohot-dohot = Leumpang lalunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho.
* Egang/egol = Leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jste.
* Gonjleng = Leumpang awewe bari ngobah-ngobahkeun awak, hayang narik parhatian lalaki.
* Ingkud-ingkudan/jingkrung = Leumpang teu bener lantaran nyeuri suku, jste.
* Jarigjeg/jumarigijeug = Leumpang bari semu rek labuh (biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara gudang geuring).
* Jingjet = Leumpang bari semu hese ngalengkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing.
* Kepoh = Leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (meh kawas aksara X).
* Kukurubutan = Leumpang rada dodongkoan di nu bala atawa dinu remet kakayon.
* Moyongkod/mongkoy = Leumpang anca rada dongko, nembongkeun ulat sieun atawa era.
* Narabas = Leumpang dinu bala atawa dinu remet kalawan teu miduli cucuk, jsb.
* Neker = Leumpang ditempat nu nanjak pisan (netek).
* Nelenden = Leumpang budak, anca, pikalucueun.
* Nelenyeng = Leumpang nu asalna anca ujug-ujug gancang.
* Niliktik = Leumpang budak nu kakara bisa leumpang gancang, titiliktikan ka ditu ka dieu.
* Nolog = Leumpang talag-tolog (lanataran teu awas) dinu poek.
* Noyod = Leumpang nurutkeun karep sorangan, teu malire kanu nyaram.
* Ngabadaus = Leumpang (semu gancang) teu luak-lieuk.
* Ngabengbeos/mengpeos = Leumpang teu luak-lieuk (biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema, jste.).
* Ngabalideug/dalugdag-daligdeug = Jarugjag-jarigjeg, leumpang kawas nu mabok, kawas nu rek titolojong.
* Ngadedog = (Awewe) nu leumpang anca sarta biritna ka kenca ka katuhu.
* Ngadigdig = Leumpang gancang sarta segut.
* Ngadingleu = Leumpang kendor, semu bareurat ngalengkah.
* Ngadudud = Leumpang gancang teu luak-lieuk.
* Ngagandeuang = Leumpang lalse, dada ajeg, bari keupat laun.
* Ngageang = Leumpang semu egang.
* Ngageblay = Leumpang awewe, anca, bari keupat laun, geblay-geblay.
* Ngageblig = Leumpang bari neundeut-neundeutkeun suku nepi ka kadenge sora blig, blig, blig (sabalikna tina keketeyepan).
* Ngageboy = Leumpang awewe nu rada lintuh, awakna semu leuleus.
* Ngagegag = Leumpang kendor semu bareurat awak.
* Ngageyot/ngagiyet = Leumpang awewe bari semu ngobah-ngobahkeun bujur.
* Ngageuyenggeung = Leumpang laun nu keur geuring atawa nu kakara hudang geuring.
* Ngagidig/ngagedig = Leumpang gancang sarta segut (Sarua jeung ngadigdig).
* Ngagigeug = Leumpang semu beurat ku awak, oyag ka kenca ka katuhu.
* Ngagilincing = Sesebutan keur nu leumpang teu mawa nanaon.
* Ngagiplek = Leumpang awewe nu gendut, bujurna guplak-giplrk.
* Ngagitek = Leumpang awewe bari semu ngagutak-gitek bujur.
* Ngalanggeor = Leumpang awewe (biasana nu lenggik) nu alus katempona.
* Ngalejeg/lajag-lejeg = Leuleumpangan dihareupeun batur bari ambek.
* Ngalenghoy = Leumpang alon lantaran cape.
* Ngaleyad = Leumpang anca diaplen.
* Ngeteyep = Leumpang laun (biasana nu keur ngintip) sieun kadenge atawa katempo ku batur.
* Ngincid = Leumpang gancang (sorangan).
* Ngingkig = Leumpang gancang teu luak-lieuk.
* Ngiciprit = Leumpang keur waktu hujan atawa keur loba keneh cileuncang.
* Nyelengceng = Leumpang gancang sosoranganan (miheulaan batur).
* Ngungkug = Leumpang gancang teu luak-lieuk.
* Nyerenteng/nyirinting = Leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari ambek).
* Rarampeolan = Leumpang semu leuleus (nu keur mabok, jste.).
* Rincug = Leumpang teu bener lantaran nyeuri dampal suku, atawa leumpang di nu bala sieun kacugak lantaran teu make sendal/sapatu.
* Sasampoyongan = Leumpang gagaleongan (nu keur mabok, jste.).
* Seseleket = Leumpang diantara jelema loba.
* Seselendep = Sarua jeung seseleket.
* Singkang = Leumpang semu jegar lantaran sukuna (ti lebah tuur ka handap) semu kaluar, sabalikna tina kepoh.
* Tonggoy = Leumpang teu luak lieuk (bari tungkul), teu mirosea ka nu ngageroan.
* Totolonjongan = Leumpang kawas nu rek tijongjolong.
* Turugtug, nurugtug = Leumpang gancang di nu mudun.
* Tuturubun = Turun (leumpang) rurusuhan, buru-buru.
Nuduhkeun Nu Leumpangna Lobaan :
* Ngabring = Leumpang babarengan (lobaan).
* Ngabrul = Kaluar atawa indit babarengan.
* Ngaburudul = Kaluar ti hiji tempat (lobaan).
* Ngaleut = Leumpang babarengan (jalmana leuwih loba tibatan ngabring).
* Ngantay = Sarua jeuung ngaleut.
* Ngeungkeuy = Saharti jeung ngaleut; ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang (paribasa).
Mung sakitu nu kahaturanan, upami baraya ngagaduhan nu sanesna atanapi anu hilap ku panulis kahaturkeun mangga kantun di dugikeun dina koropak komentar dihandap ieu, haturnuhun.
Mung sakitu nu kahaturanan, upami baraya ngagaduhan nu sanesna atanapi anu hilap ku panulis kahaturkeun mangga kantun di dugikeun dina koropak komentar dihandap ieu, haturnuhun.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar