0
* Andegleng = Diuk ajeg tumaninah dina korsi.

Andeprok = Emok rekep (awewe).

Anjeucleu = Diuk ngeunah-ngeunah di tempat nu rada luhur (dina tonggong munding, kuda, jste.).

Campego = Cingogo kawas aya nu di dagoan.

Candeluk = Diuk sabarahana lilana kawas aya nu didagoan.

Cangogo/cingogo = Nagog, peta saperti nu keur bubuang.

Emok = Diuk awewe, sukuna duanana ditikelkeun semu ka gigir ditindihan ku dua pingping.

Emok cabok = Emok nu pingpingna dipatumpangkeun.

Nagog = Cingogo.

Naggeuy gado = Diuk biasa ngan leungeun nu sabeulah dipake naggeuy gado; diuk nanggeuy gado biasa keur ngalamun atawa baringung pipikiran.

Ngabaheuhay = Diuk nyanghunjar bari suku direnggangkeun, biasana lantaran cape.

Ngebebengkong = Diuk lila bari semu bengkung, bari nganggur.

Ngalageday/ngalegeday = Diuk nyangsaya (biasa dina korsi males, jste.).

Nyanghunjar = Diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah.

Nyanghunjar lembar = Diuk bari ngalonjorkeun suku duanana.

Nyangsaya = Diuk bari nyarandekeun awak kana tempat nu disarandean.

Sidengdang = Diuk bari suku duanana dirumbaykeun (biasa diuk di imah panggung nu aya kolongan); lamun sukuna duanana diayun-ayun, disebutna ucang-ucangan; lamun suku nu diayun-ayunna bari di diukan budak, disebutna ucangangge (sarupa kaulinan).

Sideuha = Diuk emok atawa sila bari leungeun sabeulah dipake nulak awak.

Sila = Diuk bari nikelkeun suku duanana handapeun pingping nu didengkakkeun.

Sila andekak = Sila semu rubak, biasana bari nyanghareupan kadaharan.

Sila ipis = Sila rubak, tuur anggang pisan nepi ka jebrag.

Sila mando = Sila bari leungeun duanana aya diantara dua suku nu ditumpangkeun, awak biasana semu doyong ka hareup.

Sila tumpang = Sila bari dampal suku duanana numpang dina pingping kenca katuhu.

Sila tutug = Suku nu sabeulah sila, sedeng nu sabeulah deui ditutugkeun.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top