A. Aambeuan
* Bau = Banke, bugang, kokotor jalma/sato.
* Hangit = Olahan anu tutung, barang anu kaduruk.
* Hangru = Getih.
* Hangseur = Cikiih.
* Hanyir = Lauk, getih.
* Hapeuk = Pakean kotor, tempat kotor.
* Haseum = Kokotor ucing, kelek nu kakesangan, olahan nu geus lila.
* Penghar = Jengkol, peuteuy, obat-obat nu ngandung bahan kimia.
* Pesing = Cikiih.
* Segak/nyegak = Bako, cipeuyeum.
* Seungit = Kembang, parfum.
B. Rarasaan
* Amis = Rasana gula.
* Anta = Rasana cai (cai sumur di taneuh tela/basisir).
* Asin = Rasa uyah.
* Gahar = Rasana manisan, inuman nu ngandung rasa amis-haseum.
* Haseum = Rasana cuka, bungbuahan nu atah keneh.
* Kecut = Rasana cuka.
* Kesed = Rasana salak (salak ngora).
* Keutar = Rasana geutah, cangkang bungbuahan.
* Keurang = Rasana kadaharan nu geus tengi atawa nu digoreng ku minyak kalapa murah.
* Lada = Rasana cengek/cabe.
* Pahang = Rasana buah jengkol, iwung nu geus kolot/iwung nu can diasakan.
* Pangset = Rasana olahan nu rea teuing uyah (asin pisan).
* Pait = Rasana kina, paria, hamperu.
* Peuheur = Rasana terong.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar