0
A. Obahna Suku

* Jengke = Ngangkatkeun keuneung nepi ka napak ku ramo suku.

Najong = Ngeunakeun (ramo) suku kalawan ngagentak kana barang, jste.

Nalapung = Nyepak (bal, jste) ka luhur ku tonggong suku (sanggeus dialungkeun heula).

Nalipak = Nyepak ku dampal suku .

Nejeh = Nyepak ku suku nu tukang (kuda, kalde, jsb).

Nincak = Napakkeun suku.

Noker = Ngeserkeun barang ku suku rada ka gigir atawa ka tukang.

Ngajejek = nincak barang ngagentak ku dampal suku.

Ngarengkas = Ngahalangan lengkah batur ku suku urang (sina labuh).

Nyepak = Ngeunakeun suku kalawan tanaga kana barang (bal, jste).

B. Obahna Leungeun

Garo, gagaro = Ngeruk-ngerukeun ramo leungeun (kuku) kana kulit lebah nu ateul.

Garo ganyang = Gagaro saluar awak.

Garo maling = Gagaro bari teu sadar, keur sare.

Garo singsat = Gagaro bari nyingsat, lantaran geus teu sabar, atawa lantaran ambek (awewe).

Garo-garo teu ateul = Gagaro tukangeun ceuli, nandakeun bingung atawa keuheul.

Gupay, ngagupay = Ngobahkeun leungeun tanda nitah nyampeurkeun, nyalukan ku isarah leungeun.

Gugupay = Ngobahkeun leungeun tanda mileuleuyankeun 9nu indit atawa nu ditinggalkeun).

Maledog = Ngalungkeun batu, jste. kalawan tarik, kana sato: anjing, jste.

Mencet = Neueulkeun atawa ngadempetkeun indung leungeun jeung curuk kana barang, bagian awak, jste.

Mencetan = Neueul-neueulkeun indung leungeun kana awak batur nu karasa carangkeul atawa nyareri, sangkan cageur.

Meureup = Ngeupeulkeun leungeun.

Meureupan = Ngepeulkeun leungeun diacung-acung, nangtang atawa ngajak gelut ka batur.

Nakis = Nahan paneunggeul batur ku leungeun, supaya ulah keuna kana awak.

* Nakol = Neunggeulkeun barang teuas ku leungeun kana barang sejen: nakol bedug, nakol goong, jste.

Naleukeum = Nempatkeun leungeun atawa siku duanana nu dipake nahan awak, kana meja, kana barang nu malang.

Nampiling = Neunggeul pipi batur ku dampal leungeun.

Naggeuy = Mawa barang dina dampal leungeun ditamprakeun, leungeuna tina semet siku sina ajeg (nanggeuy baki, jsb).

Nangkeup = Ngadekkeun barang jste. kana dada bari ngeukeupan leungeun duanana (ilaharna dilakukeun ka jelema).

Nangkeup sirah = Nyekeul sirah belah tukang ku leungeun duanana nu ramona dipacorokkeun.

Nangkeup harigu = Neumpatkeun leungeun duanana sina jualat-jalit dina harigu.

Neke = Ngetrok sirah atawa tarang batur ku tonggong ramo nu ditikelkeun.

Neunggeul = Ngeunakeun leungeun sakuat-kuatna supaya batur nyeurieun.

* Ninjul = Nekenkeun tungtung ramo kana awak batur, biasana kana cangkeng.

Noel = Ngeunakeun tungtung curuk kana awak batur, maksudna mere beja atawa mere isarah.

Nepak = Ngeunakeun dampal leungeun atawa ku dampal ramo opatanana.

Nonjok = Ngeunakeun peureup kalawan tarik.

Nunjuk = Nuduhkeun ku curuk.

Nungkup = Nutupan nu molongo ku leungeun, nutupan sungut/baham nu keur heuay.

Nuyun = Nungtun, nyekelan leungeun budak, jste. dibawa leumpang.

Ngajembel = Nyiwit rosa ku indung leungeun jeung tengah-tengah curuk.

* Ngaleng = Nyangkolkeun leungeun kana leungeun batur nu aya di gigireuna palebah taktak.

Ngarameus = Ngalembutkeun barang ku ramo limaanana jeung dampal leungeun.

Ngarawu = Nyokot barang (leutik) ku dua dampal leungeun nu direndengkeun sarta dikewungkeun.

Ngarongkong = Nyodorkeun leungeun (awak milu obah) pikeun nyokot barang nu rada anggang, teu katepi bari diuk.

Ngelek = Barangbawa dina kelek di dempet ku peupeuteuyan.

Ngepret = Ngobahkeun leungeun baseuh digentakkeun supaya cai nu narapel ngaracleng; ngobahkeun leungeun (ramo limaanana) ngagentak kana awak batur (biasana kana beungeut) supaya nyeurieun.

* Ngeupeul = Nyekel barang dina leungeun nu dikepelkeun (barangna digenggem ku ramo limaanana).

Nyabok = Nampiling, neunggeul pipi batur ku dampal leungeun.

Nyakar = Ngoet tapi leuwih pama ku kuku kabehanana.

Nyawuk = Nyokot barang (laleutik: beas, keusik, jsb) ku ramo kabehanana jeung dampal leungeun sakaligus.

Nyewol = Nyokot atawa ngalaan ku leungeun rada loba (nyewol sangi, nyewol pais lauk, jsb).

Nyintreuk = Ngabeutrikkeun tungtung jajangkung kana awak batur (biasana kana ceuli) supaya nyeurieun, kana sato leutik (sireum, laleur, jsb) supaya paeh.

Nyiwit = Ngeunakeun indung leungeun jeung tengah-tengah curuk (nyapit) kana awak batur supaya nyeurieun.

Nyokot = mindahkeun barang tina tempatna, boh jauh boh deukeut, ku leungeun pikeun dipake, didahar, jsb.

Nyokel = Mukakeun barang, peti, jsb. anu teu bisa dibuka, ku alat saperti ku linggis, obeng gede, jsb.

Nyolek = Nyokot atawa ngalaan barang beye/leuleus (sangu, jsb) ku ramo atawa ku parabot, sendok, jsb.

Nyolok = Ngasupkeun barang nu panjang kana liang; ngasupkeun curuk kana liang irung, jsb.

Nyomot = Nyokot barang saeutik ku tungtung ramo (beas, tipung, sangu, jsb).

Sidakep = Merenahkeun leungeun duanana kana dada.

C. Obahna Sirah

* Dangah = Sirah rada ditanggahkeun.

Gideug, gigideug = Ngobahkeun sirah ka kenca ka katuhu satengah muih tanda embung.

Godeg = ngobahkeun sirah dina keur ngigel nurutkeun wirahma gamelan, palebah sora goong.

Gogodeg = Ngobahkeun sirah sababaraha kali, nandakeun heran atawa embung.

Lieuk, ngalieuk = Ngobahkeun sirah ka kenca atawa ka katuhu lantaran aya nu ditenjo/ditingali, jsb.

* Ngalehleh = Sirah ngulahek, teu bisa ngajegkeun sirah lantaran cape atawa geuring ripuh.

* Ngalinggek = Ngobahkeun (ngagilekkeun) sirah rada ka gigir, peta nu ngigel mun rek malik. Lunggak-linggek = ngalinggek sababaraha kali, peta awewe nu gumelis atawa ogo.

* Ngaheluk/ngaheruk = Sirah tungkul bae lantaran susah, bingung atawa era.

* Tanggah = Nenjo/ningali kaluhur bari ngagerakkeun sirah, supaya bengeut nyanghareup kanu ditenjo.

* Tunggkul = Sirah rada ngeluk bari nenjo/ningali ka handap.

* Unggeuk = Tungkul sakeudeung tuluy cengkat deui, nandakeun daek, panuju.

D. obahna Panon

* Beunta = Panon muka.

* Kiceup, ngiceup = Ngagerakkeun biwir panon belah luhur sakeudeung sina antel kana biwir panon belah handap. Ngiceupan = Mere isarah ku kiceup.

* Meletet = Beunta saeutik. Palatat-peletet = Rarat-reret bari mere semu (lalaki ka awewe atawa sabalikna).

* Melong = Nenjo lila ka batur lantaran resep atawa asa-asa wawuh.

* Mencrong = Merong, nenjo lila ka batur bangun aya maksud teu hade.

*  Meureudeuy = Kikiceupan atawa kucap-kiceup (kerep) lantaran serab atawa kapeureungpeunan, jsb.

* Molotot = Ngabeuntakeun panon satakerna, nandakeun ambek, sieun, jsb. Popolotot = ngomong tarik (ambek) bari molotot ka batur.

* Muncereng = Molototkeun panon bari ambek.

* Mureleng = 1). Mencrong nuturkeun gerak nu dipencrong. 2). Panon nenjo ka luhur (meh kana halis) - nu rek maot.

* Nenjo = 1). Ngagunakeun panon ditunjukeun kana sarupaning barang, jalma, 2). Bisa ngagunakeun panon sakumaha mistina, sabalikna tina lolong. Nenjokeun = Ngawaskeun. Tetnjoan = Barang-barang nu katenjo.

* Nelek-nelek = Ngawas-ngawas, ngilikan kalawan telik, enya-enya.

* Nempo = nujukeun panenjo ti tempat anu diwatesanan (ti lawang panto, tina jandela, jste) ti jero ka luar atawa sabalikna pikeun nenjo sarupaning barang, jsb.

* Noong = Ngahaja nenjo perkara nu saenyana teu meunang ditenjo tina liang leutik (liang konci, mata bilik, jsb.).

* Ngadelek = Ngagilerkeun panon lantaran ngewa atawa teu resep.

Ngadilak = Ngagilerkeun panon lantaran ambek atawa aoi-api ambek (biasana awewe).

* Ngareret = Nenjo ka gigir saeutik, nenjo ku juru panon.

* Peureum = Nutupkeun biwir panon (nu sare) sabalikna tina beunta, Peupeureuman = Meureumkeun panon (nu rek sare). Peureum hayam = Peureum meueusan, bisa keneh nenjo, api-api peureum.

E. Obahna Biwir/Sungut

* Balem = Ngarapetkeun biwir nu luhur nu handap; teu ngomong, teu ngilu ngobrol.

* Calangap = Ngangah, mukakeun sungut 9rek ngahuap, jsb).

* Calawak = Sungut calangap kacida gedena.

* Imut = Seuri leutik, seuri nu ngan ukur ku kunyemna biwir, heunteu nyoara. Imut kanjut = Imut ku jalan ngariutkeun biwir, Imut ngagelenyu = Imut rada lila lantaran kayungyun ku polah batur.

* Jebi = Ngobahkeun biwir handap sina ka hareup, tanda teu panuju atawa rek ceurik.

* Keom = Imut rada ka gigir biwirna.

* Kunyam-kunyem = Ngobahkeun biwir kawas nu ngomong tapi teu nyoara.

* Lewa-lewe = Biwir jebew rek ceurik.

Manyun = Biwir monyong lantaran ambek atawa susah.

* Nyerengeh = Seuri teu nyoara tapi nembongkeun huntu.

* Renyah-renyeh = Umat-imut lantaran bungah atawa era.

* Renyoh, ngarenyohan = ngobah-ngobahkeun biwir sina monyong saperti monyet nu ngambek.

* Renya-renyu = Ngobahkeun biwir tanda rek ngomong atawa rek ceurik ditahan keneh.

* Seuri = Ngedalkeun rasa suka, bungah atawa resep ku sora ngahahah, jste. Seuseurian = Seuri lila. Nyeungseurikeun = Seuri ditunjukkeun ka nu kalakuana teu parok jeung batur. Seuri koneng = Seuri maur, seuri rada era, nyeri, sedih, upama tas ceurik atawa tas ambek. Seuri leutik = Seuri ditahan atawa seuri jero hate.

F. Obahna Awak

* Diuk = Nempatkeun awak ku bujur bari sila, emok, nyanghunjar, jste. (tingali artikel rupa-rupa diuk).

* Jingklak = Awak kawas nu igel-igelan lantaran meunang kabungah.

* Malik = Ngagerakeun badan 180 darajat, nepi ka nyanghareup kanu jadi ditukangeun.

* Nangkarak = Ngdeng, tonggong dihandap.

* Nangkuban = Ngdeng, tonggong diluhur, sabalikna tina nangkarak.

* Nangtung = Napak kana taneuh, jsb. sarta sakujur awak ajeg.

* Ngadangkak = Nangkarak bari ngajegangkeun suku.

* Ngadapang = Nangkuban tapi dada diangkat ditahan ku siku.

* Ngadayagdag = Nyarande bari rada ngadangheuak sarta ngalonjorkeun suku saperti dina korsi males.

* Ngalanggir/langgiran = Nangkuban atawa ngadapang bari suku semet tuur dikaluhurkeun duanana kawas langgir.

* Ngalangsud = Nangkuban bari maju ku tanaga siku (budak nu rek diajar ngorondang; perjurit nu ngadodoho bari ngadeukeutan musuh, jste.).

Ngarandang = Leumpang ku tuur jeung leungeun cara sato.

* Ngedeng = Ngagolerkeun awak di enggon, dina samak, jste. biasana make angel.

* Nyanda = Nyarandae (kana tumpukan anggel) bari nyanghunjar saperti awewe nu hudang ngajuru.

* Nyangsaya = Nyarandekeun awak kana bantal, tihang, jste. lantaran cape, jsb.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top