0
* Ancad laer = Ngomongna anca pisan.

Cental, pacental-cental = Pasea, parea-rea omong.

Eur-eur/garap = Kabiasaan ngomong nu harese rek pok/ngomong arap-ap areup-eup.

Galantang, ngagalantang = Nyarita atawa pidato panjang tur tatag.

Galecok/garecok = Nyarita (kalawan gumbira) teu eureun-eureun.

Garihal = Omongan kasar matak nyetug kana ati.

Gebah, ngagebah = Ngomong tarik (biasana nyumput heula) sangkan batur reuwaseun.

Gebes, ngagebes = Nyentak, ngahuit.

Gedebul = Rahul, gede omong, gede bohong.

Gelendeng, ngagelendeng = Ngomongan jalma (nu boga kasalahan), mapatahan, biasana paduduaan.

Gelendut, ngagelendut = Nyarita panjang (lila) bari mapatahan ku lemah lembut.

Gentem = Omongan semu agem.

Gentra, ngagentraan = Nyalukan, ngageroan.

* Gerentes, ngagerentes = ngomong di jero hate.

Gereyem, ngagereyem = Ngomong laun ngan ukur kadenge ku sorangan.

Gero, ngagero = Nyorowok, ngaluarkeun sora tarik lantaran aya kareuwas atawa aya bahaya; ngageroan = nyalukan.

Gonjak, ngagonjak = Ngaheureuyan ku omongan (biasana tina hal pikaseurieun).

Gorocok = Beuki ngomong; ngagorocok = ngomong rusuh.

Gundam, ngalindur = Ngomong kalawan teu sadar (biasana keur sare).

Gunem catur = Ngawangkong, cacarita leuwih ti saurang.

Guntreng = Cacaruta lila duaan, sorana lalaunan.

Harewos, ngaharewos = Nyarita laun pisan ditompokeun kana ceuli batur sangkan ulah kadenge kunu lian.

Harewos bojong = Carita nu diharewoskeun tapi kadenge ku batur.

Hariweusweus = Haliwu, nyarita bari rada gugup (lantaran manggih kareuwas, jste.).

Haroshos = Omongan nu meh teu kadenge (sora jalma nu geus kurang napas).

Harung gampung = Sompral, ngomong sangeunahna.

Handap lanyap = Omongan lemes tapi eusina ngahina.

Hoghag = Parea-rea omong sarta patarik-tarik sorana (biasana nu pasea atawa nu parebut bebeneran).

Humandeuar = Ngomong (bari rumahuh), ngedalkeun kasusah, kahoream, jste. (biasana jalma nu ngarasula).

Jejebris = Ngedalkeun kecap-kecap kateupanuju bari goreng budi, ambek, jste.

Jejebir = Ngedalkeun kecap-kecap kateupanuju bari goreng budi, ambek, jste.

Kah = Jawaban awewe mun dicalukan.

Kecewis, ngecewis = Ngecebrek, ngomong teu eureun-eureun.

Kecewas-kecewis = Ngomongkeun batur ka ditu ka dieu.

Koceak, ngoceak = Ngajerit, ngaluarkeun sora tarik lantaran manggih kasieun, jsb.

Kukulutus = Gegelendeng, ngomong sorangan (Bari ambek).

Kulan = Jawaban lalaki mun dicalukan.

Kunyam-kunyem = Ngomong laun pisan, biwir ukur nguntab.

Sosoak = Ngomong tarik bari ambek.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top