0
A. Istilah Husus

Balukang = Palapah daun kalapa/kawung.

Baralak/barangbang = Daun kalapa nu garing dina tangkalna.

Bogol = Bagian tangkal kalapa/cau nu panghandapna (tempat bijilna akar).

Catang = Tangkal kai nu geus ngagoler (garing) lantaran runtuh atawa dituar.

Iwung = Anak awi nu mangrupa boros keneh (sok didahar, diseupan, diangeun).

Kalakay = Daun nu geus garing (nu geus murag ka taneuh).

Kararas = Sesebutan husus pikeun daun cau nu geus garing.

* Koleang = Daun nu geus garing, nu ngoleang murag tina tangkalna (samemeh tepi ka taneuh).

Pancar = Tangkal awi nu geus garing (sok dipake suluh).

Pangpung = Bagian tina tangkal kai, dahan nu paeh/garing.

Petet = Bibit tutuwuhan nu leutik keneh, nu jadi sorangan atawa beunang ngahaja melak.

Ruyung/bogor = Bagian nu teuas dina tangkal kawung.

Sirung = Pidahaneun atawa pitangkaleun nu kakara jadi melentis.

Tunggul = Bagian tangkal sesa nuar.

B. Ngaran-ngaran Pentil

Pentil buah = Pakel.

Pentil jagong = Semi.

Pentil kalapa = Caruluk.

Pentil nangka = Tontolang.

C. Ngaran Buah Ngora Jeung Sifatna

Buah = Pakel ………. meujeuhna rumangu.

Cau = ___ ………. meujeuhna rumegang.

* Gedang = ___ ………. meujeuhna gumading.

Hiris = Keceprek ………. meujeuhna rumangu.

* Jengkol = ___ ……… meujeuhna lumiat.

Hui = ___ ………. meujeuhna sumagol.

Kalapa = Cengkir ………. ___

Kalapa = Dewegan …….. meujeuhna lumeho.

Nangka = Ketewel ………. ___

Tangkil = ___ ………. meujeuhna dumewegan.

D. Ngaran Buah

Buah asem = Kamal.

Buah jambe = Jebug.

Buah kawung = Caruluk.

* Buah kiray = Langgoko.

Buah teureup = Benda.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top