0
A. Istilah Husus Dina Sasatoan

Badot = Embe jalu nu meujeuhna beger, kaambeu bau.

Bajir/majir = Munding, domba, embe nu teu daekeun anakan, jadi lintuh loba gajihna.

Bibit = Ingon-ingon indungna nu (bakal) diarah anakna; lauk emas, domba, embe, munding.

Camani = Hayam camani, hayam nu hideung nepi ka tulang-tulangna, sok dipake ubar atawa tumbal.

Dongkol = Munding dongkol, mundik nu tandukna duanana ngeluk (ngulapes) ka handap.

Jago = Hayam jaluna.

Jajangkar = Hayam jalu nu mangkat beger.

Jarah = Munding jarah, munding nu teu diurus, diantep sakarepna disampalan, di leuweung.

Kumahkar = Hayam bikang nu kokotak rek ngendog.

Pancawarna = Manuk titiran/purukutut nu sorana pohara alusna, langka tur hese ngalana.

Pelen = Munding jalu nu mangkat beger.

Pelung = Hayam pelung, hayam nu tarik sarta lambat kongkorongokna, kadenge ka jauh.

* Ranggah = Tanduk ranggah, tanduk munding nu melung ka luhur; tanduk uncal nu ranggakgak.

Rintit = Hayam rintit, hayam nu tungtung buluna cerentik.

Sasapihan = Anak hayam nu geus disapihku indungna.

Tumang = Anjing nu buluna hideung meles.

Tutul = Maung tutul, maung nu buluna koneng totol-totol hideung.

B. Sora Sasatoan

Anjing = Ngagogog, nyungungung, babaung.

Bagong = Sesegrok.

* Domba/embe = ngaberele.

Entog/meri = Ngawekwek.

Gagak = Ngelak.

Hayam = kongkorongok (jago), kokotak (bikang).

* Kuda = Ngahiem.

Manuk = Recet/ricit (manuk laleutik).

Maung = Ngagerem, ngagaur.

Reungit = Ngahieng.

Tikukur/titiran = Ngantuk (disada terus-terusan).

C. ”Pakarang” Sasatoan

Badak boga pakarang = Cula.

Bagong boga pakarang = Sihung.

Banteng boga pakarang = Tanduk.

Buhaya boga pakarang = Buntut (seuseukeutan).

Embe/domba boga pakarang = Tanduk.

Gajah boga pakarang = Gading & tulale.

Hayam jago boga pakarang = Siih.

Kalajengking boga pakarang = Panyeureud.

Kamarang boga pakarang = Panyereud.

Kapiting/keuyeup boga pakarang = Panyapit.

Landak boga pakarang = Cucuk (bulu).

* Lele boga pakarang = Pamatil.

Maung boga pakarang = Kuku & sihung.

Munding boga pakarang = Tanduk.

Nyiruan boga pakarang = Panyereud.

Oray boga pakarang = Sihung (peurahan).

* Sapi boga pakarang = Tanduk.

Singa boga pakarang = Kuku & sihung.

Tawon/tiwuan boga pakarang = Panyereud.

Ucing boga pakarang = Kuku.

 Uncal boga pakarang = Tanduk.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top