Hong-hongan meh sarua jeung ucing sumput. Bedana the hong-hongan mah make tihang, minangka tempat cicingna nu neangan. Si A umpana kagiliran purah neangan. Cicingna the deukeut tihang tea, bari ngajaga sangkan tihang ulah kacampa ku nu nyarumput. Nu nyarumput poma ulah katempo ku nu jaga tihang. Mun katempo, nu jaga geuwat ngagorowok “Hong Si Anu….!” Cenah. Mun geus dihongkeun kitu
teu meunang nyumput deui. Aya kalana nu jaga tihang the kokolrelengan neangan nu nyumput ka ditu ka dieu. Tah lamun jeur balangah kana tihang kitu, tihang the sok rikat diburu ku nu nyumput (dicampa) bari ngagorowok “Cambal…..!” cenah. Mun geus dicamabalkeun kitu, nu geus dihongkeun the kaci nyarumput deui. Sedeng lamun nu nyarumput bisa kahongkeun kabeh tur tihang taya nu nyampa, nu ngajaga tihang bisa milu nyumput bari masrahkeun tihang jaga ka jalma nu pangheulana dihongkeun.

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar