0
Hahayaman nyaete kaulinan nu merlukeun jalma rea. Carana, nguriling nyieun bunderan bari pacekel-cekel panangan minangka kurung/kandang hayam. Saurang aya nu jadi hayam, jeung saurang deui aya nu jadi careuhna. Nu jadi careuh salawasna boga tugas ngudag-ngudag hayam tepi kabeunangna. Nu jadi hayam dibere kalonggaran pikeun kaluar-asup tina bunderan. Sedeng nu jadi careuh mah
teu dibere jalan. Nu matak jadi hayam the sok lila katewakna ku nu jadi careuh. Mun geus katewak, nu jadi hayam jeung nu jadi careuhna diganti ku nu sejen.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top