0
Beda jeung galah biasa, galah bandung teu merlukeun tempat anu lega. Kitu dei prak-prakan maenna oge estu beda. Nu maenna cukup tiluan (biasana budak awewe). Lamun Si A maen, Si B jeung Si C ngajaga. Cara ngajagana, nyaeta:

Si B jeung Si C diuk pahareup-hareup bari ngalonjorkeun suku duanana.Diukna rada ngadayagdag ka tukang ditunjel ku dua leungeun. Suku nu dilonjorkeun tea, dampalna dipatumpangkeun ka luhur. Ari Si A nu maenna, nagluncatan dampal nu patumpang tea. Lamun ngajlengna lancar,
diteruskeun kana babak kadua. Dina babak kadua suku nu ngajaga rada ngajegang ka luhur (jadi leuwih hese diluncatanana). Lamun babak kahiji Si A teu lancar ngaluncatna, upama nyanggut kana suku nu ngajaga, lasut disebutna, sarta Si B nu kudu maen. Dina babak katilu, nu maen kudu cingogo diluareun kalang, geus kitu sabisa-bisa kudu bisa ngagoler di jero kalang. Awak teu kaci antel atawa ngagaris kana suku nu jaga.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top