* Saranggeuy = Sagagang
* Sapocong = Sateungah geugeus (pikeun ukuran pare nu ranggeuyan, kira-kira ranggeuyana bias kakeupeul)
* Saeundan = Sapocong
* Sageugeus = Dua pocong nu dibeungkeut dihijikeun
* Sagedeng = Sageugeus
* Sasangga = 5 geugeus
* Salajer = 4 sangga = 20 geugeus
* Sacaeng = 200geugeus = 2 madea = 4 tanggung = 10 lajer = 40 sangga
* Sabawon = 4 pocong
* Satanggung = 50 geugeus
* Saundem = Pikeun ukuran beas nu ditaker ku batok kira-kira satengah leter
* Samadea = Satengah caeng = 100 geugeus = 6 kati
* Sakati = Kira-kira 817,5 gram
* Sagantang = 10 undem = 5kati = 3087,5 gram
* Saleter = 1 dm kubik
* Saemud = kira-kira saleter leuwih
* Sakulak = Kira-kira 2,5 kg, keur ukuran beas
* Sapikul = 100 kati, kira-kira 62,5 kg, keur ukuran bangsal
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar