* Awi dihua = Dibeulah tepi ka ipis.
* Awi dileumpeuh = Dideang (biasana make obor)) bari dilelempeng, ilaharna awi pikeun gantar atawa sosog.
* Beas disosoh = (biasana beas atah) diberesihan ku cara ditutuan deui lalaunan atawa digiling deui.
* Beas ditapi = Dipiceun kokotorna (bubuk, huut, jsb.).
* Beas digesoh = Dipisahkeun serahna ku cara nyoyag-nyoyag nyiru bari semu diputer.
* Beas diisikan = Dikumbah, diberesihan (biasana rek disangu).
* Bendungan diaram = Dihalangan jalan caina.
* Buuk dikepang/diuntun = Dibagi tilu tuluy dianyam.
* Cau dilempos = Dipeuyeum kana lombang, samemehna, lombangna sok dipanasan heula make sapu pare (dibeuleum) aya oge nu make apu atawa dangdaunan.
* Cau (peuyeum cau) diludang = Dikaluarkeun (dikakat) tina lombang emposan.
* Ciung dikeset = Dikeureut letahna saeutik (ceunah sok ku emas) sangkan geura bisa ngomong.
* Daun dileumpeuh = Dideang kana seuneu (biasana di hawu) sangkan leuleus; daun nu dileumpeuh ilaharna keur mungkus timbel.
* Gamelan dipasieup = Disusurup sorana.
* Hurang dipelas = Diparud dilembutkeun, marudna dicampur jeung kalapa, tuluy dipais (diseupan atawa digarang).
* Jagong diunun = Digaringkeun di paraseuneu.
* Honje/jeruk dikalua = Digodog ku cigula nepika bisa diawetkeun, boh baseuh boh dituhurkeun.
* Jebug diubub = Jebug sikina disimpen dina ruas awi, tuluy salahsahiji tungtungna dibeuleum. Jebug diubub maksudna ambeh leuwih ngeunah dipake nyeupahna.
* Kalapa disalumbat = Dipesek (dipiceun tapasna) make salumbat.
* Kalapa dibutik = Dikadekan (dipiceun) batokna.
* Kalapa dikeletik = Diparud, diperes, tuluy digolakkeun diala minyakna.
* Kasur digender = Ditepungkeun make bola kasur supaya bagean handap jeung bagean luhur tepung, maksudna sangkan beungeut kasur marecenghul upama geus dikapukan.
* Kawung ditinggur = Leungeun carulukna diteungeulan lalaunan make paninggur (paneunggeul nu dijieun tina kai) sangkan lahangna babari bijil mun disadap.
* Keris ditepus = Dibilang elukna atawa dijeungkalan pikeun nganyahokeun kasiatna.
* Kulit diwidang = Dibeberkeun bari dipentang kana awi atawa kai, tuluy dipoe sina garing.
* Kulit disamak = Dikokolakeun nepi ka jadi kulit asak pikeun bahan sapatu, tas, jsb.
* Lebu dituras = Lebu panas diabruskeun kana cai (tiis), tuluy ditamperkeun diarah caina (cilebu), sok dipake pahinum, ngurut, jst.
* Munding didadung = Dicangcang make dadung (= tambang gede, biasana tina areuy-areuyan leuweung nu kuat).
* Munding ditendok = Ditojos liang irungna ku awi panendok, tuluy diasupan tali keluhan (= tali nu ngawet tina liang irung tepi kana hulu munding); munding dikaluhanan ambeh lindeuk.
* Pakarang diasah = Digesek-gesekkeun kana batu asahan (beulah dieu beulah ditu) ambeh seukeut.
* Pakean dijalujur = Dikaput saheulaanan samemeh dikaput ku mesin.
* Pakean dijarumat = Dikaput ku leungeun kalawan kaputan nu lemes sangkan teu karijut.
* Pare diirik = Dileyekan, ditijekan sina jadi bangsal.
* Picung dikelewek = (Sikina) dikubur dina lebu ngarah awet/kuat lila.
* Samping dilepe/dilamban = Dilipet-lipet make panglepe (biasana samping kebat) sangkan alus katempona mun dipake.
* Samping digerus = Samping poleng nu warna beureum digosok make kewuk gede supaya samping herang aya parabotna.
* Suling disungging = Digambaran (dikembangan) make beusi atawa batok meunang meuleum.
* Suluh dihurun = Ditumpukkeun, tuluy dibeungkeut.
* Sumur dikuras = Disaatkeun tur diberesihan.
* Tambakan dirucuk = Dirempekan ku regang awi.
* Walungan dihambaro = Dibendung pikeun ngocorkeun cai ka tempat sejen.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar