* Aki-aki = Lalaki nu geus kolot pisan.
* Baleg tampele = Mangkat beger, wani ditukangeun, ari dihareupeun era keneh.
* Bijil bulu mayang = Saharti jeung baleg tampele.
* Budak = Anak jalma nu can baleg.
* Budak gumelo = Budaknu can boga jeujeuhan (pikiran) lantaran budak keneh, kira-kira umur 2-4 taun.
* Budak kamalole = Budak nu nurutkeun kapercayaan baheula kudu diruat, lantaran aya tanda wisnu (tanda bodas) dina awakna, biasana rarungsing teu daek cicing bari teu kanyahoan naon sababna atawa kasakitna.
* Budak pahatu = Budak nu geus teu boga indung (ditinggalkeun maot).
* Budak yatim = Budak nu geus teu boga bapa (ditinggalkeun maot).
* Budak pahatu lalis = Budak nu geus teu boga indung teu boga bapa.
* Bujang = Lalaki nu geus baleg tapi can kawin.
* Bujang jenglengan = Jajaka tulen.
* Bebeureuh = Kabogoh (lalaki).
* Bebene = Kabogoh (awewe).
* Cawene = Parawan, awewe nu can kawin.
* Cetuk dawuk = Jalma nu geus kolot, buukna geus meh kabeh bodas jadi huis.
* Duda = Lalaki nu kungsi boga pamajikan tur can kawin deui.
* Galak sinonggong = Budak lalaki nu mimiti aya sir ka awewe (sarua jeung baleg tampele, ngan geus rada aya kawani).
* Kolot = Jalma nu geus cukup umur, leuwih ti tengah tuwuh.
* Kolot sapeuting = Jalma kolot nu euweuh kanyaho (bodo), diupamakeun ka orok nu kakara dijurukeun sapeutign.
* Kokolot begog = Jalma nu nyanyahaoanan kawas jalma nu geus kolot, nyeta-nyeta kalakuan kolot.
* Kontrong-kontrong = Jalma nu geus kacida kolotna, leuwih ti aki-aki.
* Lanjang = Awewe nu can kawin.
* Ngomboan = Lalaki nu mimiti beger ka awewe, sorana ngagedean.
* Parawan = Cawene, awewe nu can kawin.
* Parawan jekekan = Mojang tulen.
* Randa/rangda = Awewe nu geus diserahkeun atawa ditinggalkeun maot ku salakina.
* Randa bengsrat/kulanajar = Randa nu saenyana parawankeneh, can sapatemon jeung salaki memeh diserahkeun.
* Sengserang panon = Parawan atawa bujang nu keur meujeuhna resep nenjo, resep naksir.
* Tengah tuwuh = Jalma nu umurna kira-kira 40-45 taun.
* Turun amis cau = Parawan nu mimiti beger.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar