Nyai enteupna hate engkang téh lain sakur sakahayang hate jang sakeudeungeun hirup, lain ngan sakur rasa nu datangna jorojoy neuteup kageulisan imut salira...lain pisan Nyai, nimbang-nimbang rasa engkang samemeh rek nanya hate salira téh, geus salila urang paamprok di leuwi harepan di Cikahini...lembur urang nu basajan, hideung panon salira ngagenclang asa nyecep ku hiji kiceupan nu moal kapohokeun ku engkang nepi ka pedarna waktu.
Geus dua taun urang babareungan, geus rakeut pageuh hate engkang mikanyaah salira, lir ibaratna katumbiri nu pinuh ku warna kabungahan...ayeuna mun salira menta papisah hirup engkang téh Nyai bakal paeh, moal jauh ti bodas jeung hideung wungkul.
Euwuh Nya widadari engkang nu ngarajaan sakumna hate, Keun we Nyai rizki mah moal leungit kamana, nu leungit urang teang deui, nu can kaala urang udag babareungan, nu moal kabeunangan ku urang da lain jodona meureun Nyai, cing sabar...kitu deui jeung engkang, moal weleh nyabaran hate keur neundeun sumur kadeudeuh keur salira..ngan ukur hiji salira Nyai.
Tong tega Nyai ninggalkeun engkang, tali asih nu kungsi pasini pakait ati, ngajangji paheut basa urang pariron lelepen.
Cinta engkang masih keneh ngaleuwihan gedena sagara kulon nepi ka saumur dumeulah,...
Moal beak najan Eulis ngawurkeun kanyaah ieu.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar