* Cukang = Kai atawa awi saleunjeur atawa sababaraha leunjeur luhureun susukan, solokan atawa walungan leutik.
* Jambatan = Wangunan nu ngahubungkeun dua sisi wahangan, dijieun tina kai atawa beusi.
* Jambatan gantung = Jambatan nu make tihang pangdeudeul, siga rawayan ngan leuwih tohaga.
* Kurutug = Sasak tina kai.
* Rawayan = Sasak nu teu make tihang pangdeudeul (siga jambatan gantung).
* Sasak = Siga cukang ngan kaina/awina leuwih rea, luhurna aya nu sok make dadampar awi meunang nganyam kerep siga kikis.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar