* Babareuhan = Kasakit (busung lapar), barareuh meh saluar awak; kasakit bareuh di hiji tempat dina awak (semu muncunghul siga bisul ngan taya mataan).
* Balas bogo = Kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas, semu karadak.
* Borok = Kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas, semu karadak.
* Botoleun = Kasakit dina dampal suku, liangan.
* Budug = Kasakit kulit, barudus atawa carenang, biasana ateul lantaran kuman.
* Bungkul = Sabangsa bisul ngan leuwih teuas.
* Cacar = Kuris, kasakait kulit nu babari tepa.
* Cacingeun = Kasakit (budak) dina beuteung lantaran cacing.
* Cenang = Sarua bisul ngan leutik, aya nanahan biasana lantaran ateul nu digaro, tuluy infeksi.
* Conge = Kasakit di jero ceuli (budak), kaluar nanah.
* Daging jadi = Daging nu jadi teu samistina tur ngalantarankeun ayana kasakit, daging jadi biasana dina tikoro, jsb.
* Awateun = Kasakit kulit, warnana semu beureum ngagebleg (meh siga kulit ganas), karasana ateul renyem; ganaseun sok aya oge nu nyebut “sekat”.
* Gelo = Burung, teu waras igetan.
* Geregesen = Kasakit nyeuri kiih, aya nu dilantarankeun ku ayana batu di jero rarangan aya oge nu heunteu.
* Gondok = Kasakit dina beuheung, siga bareuh nepi ka ngagondoy (melendung), tumerapna sok nahun.
* Gondongeun = Kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerepna heunteu lila; sok disebut oge “kasakit anjing”.
* Hapur = Kasakit kulit totol-totol barodas, karasana ateul mun kakesangan, babari tepa.
* Hapur beusi = Hapur nu leuwih kandeul, hese leungitna.
* Hapur kembang = Hapur nu bodas katempona, bisa diubaran ku daun laja, jsb., leuwih ipis tibatan hapur beusi.
* Hileudeun = Kasakit lantaran infeksi dina ramo jeroeun kuku, ngandung nanah tur nyanyautan karasana.
* Jengkoleun = Kasakit nyeuri kiih ku dilantarankeun ku racun nu aya dina buah jengkol; jengkoleun biasana tumerap lamun ngadahar jengkol rorosaan.
* Jangar = Rieut, nyeuri sirah, jejeletetan.
* Kesrek = Kasakit kulit saperti eksim garing.
* Kokoloteun = Kasakit kulit dina beungeut (semu harideung) lantaran mindeng kapanasan atawa ku sabab sok make wedak murah; kokoloteun biasana tumerap ka awewe.
* Kolera = Kasakit nyeuri beuteung nu babari nular, bisa mateni; cirina utah-utahan jeung ngayer terus.
* Kotokeun = Kasakit panon, kurang awas nenjo/ningali, Siga hayam teu awas upama geus peuting.
* Kuhkul = Ewateun, kasakit kulit dina beungeut.
* Kuris = Kasakit cacar.
* Kutil = Kasakit sabangsa ewateun ngan leuwih gede tur leuwih teuas, mun diantep sok ngalobaan saperti nu anakan.
* Leuncangeun = Kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atwa bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.
* Lilinieun = Leungeun jeung sirah ngadegdeg dilantarankeun ku kakolotan (aki-aki/nini-nini).
* Lumpuh = Awak leuleus teu bisa lempang atawa paeh sabeulah lantaran gangguan urat sarap.
* Mata iwakeun = Sarupa kutil, biasana dina ramo leungeun atawa ramo suku, tumerepna tara lila tur tara ngalobaan kawas kutil.
* Mejen = Hese miceun (ngising), kabeubeung, disentri.
* Menter = Kasakit di dero beuteung nu gede bahayana, sarta babari tepa lantaran cai atawa kadaharan; menter sarua jeung tipes.
* Mengi = Asma, ampeg, panyakit hese ngambekan pangpangna upama katiisan, bisa nepa lamun pacorok wadah kadaharan.
* Mimiseun = Kaluar geutih tina irung lantaran sariawan, jsb.
* Muriang = Awak paranas-tiris katerap panyakit malaria, influensa, jsb.
* Nyeuri huntu = Huntu karasa nyeuri alatan koropok, jsb.
* Peluh = Kasakit lalaki, upama raranganana teu daekeun heuras.
* Peuteuyeun = Kasakit nyeuri kiih nu dilantarankeun ku racun nu aya dina buah peuteuy; peuteuyeun sok tumerap lamun ngadahar peuteuy rorosaan; peuteuyeun lewih parna tibatan jengkoleun.
* Reunghaseun = Kasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu bareulah (kawas tangkal reunghas), reungahseun sok tumerap lamun kulit kakeunaan ku geutah reunghas.
* Rieut = Nyeuri sirah.
* Rorombeheun = Kasakit dina dampal suku pangpangna dina keuneung, kulitna bareulah.
* Sakalor = Kasakit sarap, nu boga kasakit sakalor teu karana puguh sababna sok ngadadak teu eling, tuluy ngagolepak kapaehan, sungutna/bahamna ngabudah.
* Salatri = Kasakit anu timbul lantaran kosong beuteung, karasa lieur, sebel, tur kaluar kesang tiis.
* Salesma = Kasakit di jero irung, lantaran katiisan (mindeung beresin sarta lehoan).
* Sampar = Kasakit kulit nu babari tepa.
* Sarab = Sarua kasakit kulit, tumerapna ka budak.
* Sariawan = Kasakit nu ngalantarankeun barusuh atawa kalua rgeutih tina irung atawa gugusi.
* Sumbilangeun = Kasakit awewe, nyeuri pianakan waktu kotoran, nyeurina meh sarua jeung dipatil sumbilang (lauk laut).
* Tajam = Meh sarua jeung disentri, kasakit beuteung nu dilantarankeun ku baksil-baksil; nu tajam sok ngayer (murus), sarta kotorana sok pacampur jeung geutih atawa bubudur.
* Tampek = Kasakit kulit, ateul semu panas, tumerapna biasana ka budak.
* Tibar = Kasakit sarupa bisul matana tujuh.
* Tuju = Kasakit nyeuri tuur atawa cangkeng, tumerapna ka jalma nu geus kolot.
* Tujukuriling = Kasakit lanjung (lieur anu pohara).
* Tujulajer = Kasakit nu sok tumerap ka awewe lantaran kaganggu sarapna, sok jengker.
* Turuwiseun = Kasakit sarupa cenang dina biwir panon.
* Uuseupeun = Kasakti dina tikoro, karasana nyeuri neureuy asa aya useupan.
* Wasir/bawasir = Ambeyen, kasakit dina bool, nongtot bool.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar