* Bagan = Saung ranggon di laut, paranti pamayang ngala lauk (masangkeun sirib atawa jaring), di Banten disebut bagang.
* Balandongan = Adegan saheulaanan pikeun narima semah; tempat kamonesan dinu kariaan.
* Bale = Adegan wangunan.
* Bale bandung = Tempat ngabandungan parentah raja.
* Bale desa = Kantor pamong desa.
* Bale kota = Kantor walikota.
* Bale watangan = Kantor pangadilan.
* Bedeng = Imah leutik atawa imah dipetak-petak pikeun pagawe leutik upama bae imah kontrakan.
* Bedeng = Tempat pabinihan karet, kopi, enteh, jsb.
* Elos = Adegan nu biasana tara dibilikan sabudeurna, paranti nyimpen bahan piimaheun.
* Garduh = Wawangunan leutik sisi jalan tempat ngajaga kaamanan atawa tempat pangreureuhan nu ngaronda.
* Gosali = Adegan tempat digawe panday (tukang nyieun parabot tina beusi).
* Imah = Wangunan tempat pamatuhan jalma.
* Istal/gedongan = Kandang kuda.
* Jobong = Kamar atawa imah leutik nu nempel di imah batur.
* Jongko/kios = Adegan pikeun tempat dagang.
* Karapyak = Kandang munding atawa sapi.
* Kobong = Kamar leutik.
* Langgar = Adegan tempat shalat atawa diajar ngaji (dipakampungan).
* Leuit = Wangunan paranti nyimpeun pare.
* Lio = Adegan paranti nyieun kenteng atawa bata.
* Masigit = Adegan gede paranti shalat.
* Masjid = Adegan gede paranti shalat.
* Masjid agung = Masjid gede nu aya di kota-kota kabupaten.
* Masjid jami = Masjid nu teu sabaraha gedena, nu aya di unggal tempat, paranti shalat (jumaahan).
* Pagupon = Kandang japati.
* Paranje = Kandang hayam.
* Ranggon = Saung nu luhur pisan kolongna; saung nu aya diluhur kai paranti gintip sapi.
* Saung = Adegan leutik di kebon, di huma, atawa di sawah, paranti reureuh patani.
* Saung lisung = Saung paranti nyimpen lisung atawa paranti nutu.
* Sorondoy = Wangunan leutik nu ditempelkeun ka imah.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar