* Alun-alun = Tanah lapang (hareupeun kacamatan, kabupaten, jsb).
* Babakan = Lembur anyar; ngababakan = nyieun lembur anyar.
* Babantar = Bagian walungan anu leah sarta deet.
* Bobojong = Jojontor tanah anu nyodor ka cai (biasana di sisi walungan).
* Bubulak = Sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping gunung atawa di pasir.
* Dungus = Ruyuk, rungkun, gundukan tatangkalan laleutik nu rada remet (di leuweung).
* Huma = Tanah darat (biasana di leuweung) nu dipelakan pare tur tara dikocoran cai.
* Jungkrang/jurang = Legok anu jero sarta sisi-sisina gurawes.
* Karees = Sisi walungan nu rea keusikan (mun di sisi laut atawa basisir).
* Kebon = Tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan.
* Lamping = Bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan.
* Legon = Bagian basisir anu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik.
* Lembur = Kampung, tempat padumukan jalma nu rea imah.
* Leuwi = Bagian walungan anu jero sarta biasana lega (rubak).
* Monggor/momonggor = Sarupa pasir ngan leuwih handap tur leuwih leutik.
* Muhara/muara = Tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gede.
* Mumunggang/geger = Bagian gunung pangluhurna (tonggong gunung).
* Pasir = Gunung leutik sarta handap.
* Reuma = Tanah darat urut huma.
* Rorah = Cai ngocor, sarupa susukan, ayana di leuweung.
* Sabang = Tanah darat nu dihapit ku dua walungan.
* Sampalan = Tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah.
* Situ = Sarupa balong ngan leuwih gede , leuwih lega (biasana walungan nu dibendung sok ngajanggelek jadi situ).
* Somang = Jurang gurawes sarta jero.
* Tanjung = Jojontor, tanah anu nyodor ka laut.
* Tarikolot = Tempat urut lembur; lembur narikolot = lembur nu tadina gegek imahna jadi corencang, nu tadina haneuteun jadi tiiseun.
* Tegalan = Tanah lega tur rata nu sabagian gede pinuh ku jukut wungkul.
* Teluk = Bagian basisir nu ngelok ka darat (sabalikna tina tanjung).
* Tepiswiring = Sesebutan sejen keur pasisian atawa pilemburan.
* Tetelar = Tanah datar di tengah sawah anu heunteu kahontal ku cai, sok dipake pangangonan.
* Tutugan gunung = Bagian gunung Beulah handap (suku gunung).
* Wahangan = Walungan, cai gede nu ngocor ti girang ka muara; nu leuwih gede disebutna bangawan.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar