* Abig/ampig = Bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa pongpok imah.
* Amben = Tepas imah panggung nu lantena tina palupuh.
* Balandar = Sarupa balok, wangunna pasagi opat dipasang di luhur kuda-kuda pikeun nahan usuk dina rangka hateup.
* Bilik = Pipinding imah nu di jieun tina anyaman awi anu meunang ngahuaan.
* Buruan = Tanah hareupeun imah.
* Dapur/pawon = Rohangan imah nu di tukang, paranti masak, jsb.
* Goah = Rohangan (biasana di dapur) paranti nyimpen pabeasan, kadaharan, jsb. (di imah panggung.
* Golodog = Tetecean atawa tangga paranti unggah atawa turun ti imah (imah panggung).
* Hateup = Tutup imah di luhur sangkan iuh atawa ulah asupcihujan, dijieun tina daun eurih, daun kiray, daun sadang, atwa daun kalapa.
* Jandela = Lawang angin atawa cahaya dina bilik atawa dinding tembok nu bisa dibuka jeung ditutup cara panto.
* Kolong = Rohangan di handapeun imah panggung.
* Kuda-kuda = Balok kai nu dipasang dengdek anu nyambungkeun tina adeg jeung pamikul.
* Lalangit = Tutup rohangan imah beulah luhur (bagian para beulah handap).
* Lincar = Cemped (papan) rubak pikeun nutup bilik ti beulah luar, leubah darurung, atawa pikeun nutup tungtung darurung nu di hareup (dina imah panggung).
* Pakarangan = Tanah sakurilingeun imah.
* Pangkeng = Kamar, rohangan imah paranti sare atawa barangsimpen.
* Patengahan = Rohangan imah nu di tengah.
* Pipir = Tanah tukangeun imah.
* Pongpok = Rohangan di sisi (handapeun suhunan) anu sok ditutup ku abig/ampig.
* Suhunan = Bagian imah nu pangluhurna, ngujur panjang nurutkeun wangun imah.
* Tepas = Emper, bagian imah panghareupna nu digeblagkeun, paranti narima semah, ngawangkong jeung tatangga (di imah panggung), jsb.
* Wuwung = Tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna kenteng/hateup dina puncak suhunan; wuwung sok dijieun tina seng, tembok atawa tina injuk (dina imah di pasisian).
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar