* Ambekan = Sadami
* Awi = Sabebek
* Awi = Saleunjeur (satangkal)
* Awi = Sadapur (sagunduk nu diwangun ku sasabaraha tangkal)
* Bako = Salempeng
* Bangsal = Sacangi (sasiki)
* Bawang = Sasihung (sasiki)
* Beas = Sacanggeum
* Bilik = sailab (sagebing)
* Boeh = Sarirang (tilu iket)
* Cai = Sakeclak
* Cangkir = Satangkep (cangkir katut pisinna)
* Cau = Sasikat
* Cau = Saturuy (sababaraha sikat)
* Daun = Saponggol (sagagang daun)
* Daun = Sakompet (sababaraha ponggol meunang nyuitan tuluy dilipet)
* Eurih = Sajalon (pikeun ngadempet ku awi pikeun hateup)
* Gula kawung = Sabebek (sabeulah, nurutkeun citakan batok sabeulah)
* Gula kawung = Sagandu (dua bebek, dua beulah)
* Hayam = Sajodo (bikangna jeung jagona)
* Injuk = Sakakab (sagebleg, meunang ngolokopkeun tina tangkal kawung, injuk sok dipake tambang atawa sok dipake nutupan suhunan imah/lamun jaman ayeunamah aya oge sok dipake mijahkeun lauk di balong)
* Jahe = Sarempang
* Jambe = Samanggar
* Japati = Sajodo
* Kalapa = Sahulu
* Kalapa = Samanggar
* Kaso = Sadapur, saluwuk
* Kertas = Salambar
* Koeng = Sasolor
* Manjah = Sadapur, saluwuk
* Munding = Sarakit (dua munding)
* Muncang = Sadampa (dampa seuseubutan kana muncang anu sikina dua, ari nu sikina tilu disebut gindi, jeung nu sikina hiji disebut gendul)
* Nangka = Sacamplung (sasiki)
* Pakean = Sapangadeg
* Papan = Salambar
* Pare = Saranggeuy (sagagang)
* Peuteuy = Sapapan
* Peuteuy = Sahangor (saranggeuy, sababaraha papan)
* Peuteuy = Saempong (sababaraha hangor)
* Salak = Samanggar
* Samak = Saheulay
* Samping = Sakodi (20)
* Sangu = Sapiring
* Sangu = Sabakul
* Sawah = Sakotak
* Suluh = Sabebek (nuduhkeun huji – sabeulah)
* Suluh = Sahurun (sabeungkeut)
* Tambang/tali = Sabatekan
* Uyah = Sahuntu (saguruntul, kira-kira sagede huntu)
* Uyah = Sagandu, sabata
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar