0
Caturangga nyaeta pakeman atawa pangaweruh nu netelakeun tanda-tanda (perwatekan) kuda, hade heunteuna pikeun diingu. Geura titenan ieu dihandap:
  1. Buaya nyangsar = Aya kukulinciran dina beuteung beulah tukang; watekna goreng, lamun dibawa meuntas di cai nu deet, kudateh sok depa, ari dinu jero sok palid.
  2. Satria pinayungan (tinayungan) = Aya kukulinciran dina tonggong lebah handapeun sela beulah katuhu; watekna hade, matak mulya anu ngingu, mawa bagja kanu boga.
  3. Sekar panggung = Bulu sukuna, tihandap nepi ka tuurna, bodas; watekna hade mawa rahayu kanu ngingu, mawa bagja kanu boga.
  4. Sumur bandung = Aya kukulinciran dina tarang; watekna hade, matak loba rejeki.
  5. Tumpur ludes = Aya kukulinciran dina beuteung beulah hareup; watekna goreng, matak mawa sangsara kanu boga.
  6. Turub layuan = Aya kukulinciran dina tonggong, beulah handapeun seula beulah hareup; watekna kurang hade, matak pikasieuneun.
  7. Wisnu murti = Buluna hideung meles; watekna hade, mawa bagja kanu boga.

Posting Komentar

 
Top