0
A. Nu Patali jeung Kaayaan Alam

* Usum mamareng = Usum mimiti rék ngijih.
* Usum Ngijih = Usum hujan, ngecrek saban poé.
* Usum dandangrat = Usum panyelang antara usum hujan jeung usum halodo, hujan jeung halodo kakapeungan.
* Usum katiga = Usum halodo.
* Usum barat = Usum angin gedé (nu jolna ti kulon) pacampur jeung hujan.
* Usum Selatan = Usum loba angin nu jolna ti juru kidul wétan.

B. Nu Patali jeung Kaayaan Masyarakat

* Usum pagebug = Usum loba nu geuring parna, loba nu maraot.
* Usum sasalad = Usum loba panyakit nu babari nepa.
* Usum patepok = Usum loba nu kawin.
* Usum tigerat/paceklik = Usum paila, kurang dahareun (pangpangna béas atawa paré)

C. Nu Patali jeung Tatanén
  1. Tatanén di Sawah
    * Usum nyambut = Usum mitembeyan ngagarap sawah (macul, ngawuluku, jsb).
    * Usum tandur = Usum melakeun binih pare di kotakan sawah.
    * Usum ngarambet = Mangsa patani miceunan jukut nu jaradi di antara tangkal paré.
    * Usum celetu = Mangsa paré geus cul-cel aya buahan hiji dua.
    * Usum beukah = Mangsa paré geus loba buahna nu barijil.
    * Usum rampak = Mangsa paré geus rampak/papak beukah.
    * Usum panén = Mangsa dibuat, ngala paré.
    * Rumpak jami = Sabada panén.
  2. Tatanén di Huma
    * Usum nyacar = Usum nyacar leuweung pikeun pihumaeun.
    * Usum ngahuru = Usum ngahuru/meuleum kai jeung kakayon séjénna nu geus gararing (menang nyacar)
    * Usum ngaduruk = Usum meresihan sarta ngadurukan kai nu can kabeuleum waktu ngahuru, meresihan lahan pikeun diaseukan.
    * Usum ngaseuk = Usum melak pare (di huma) ku cara nyocog-nyocokeun kai nu meunang nyeukeutan tungtungna, sarta tapakna diasupan binih pare (bangsal).
    * Usum ngoréd/ngoyos = Usum meresihan jukut nu jaradi diantara luwukan paré ku parabot koréd.
    * Usum dibuat/ngétém = Usum ngala paré kalawan make parabot étém.
    * Usum ngunjal = Usum mawaan paré ti huma ka lembur (ka leuit).
D. Pranata Mangsa

Nu disebut pranata mangsa nya éta péréléan ngaran usum-usuman dina jero sataun. Geura titénan ieu dihandap :
  1. Kasa (= kahiji), ti tanggal 22/23 Juni - 2/3 Agustus = Usum mimiti melak palawija.
  2. Karo (= kadua), ti tanggal 2/3 Agustus - 25/26 Agustus = Usum randu pucukan; melak palawija kadua.
  3. Katiga (= katilu), ti tanggal 25/26 Agustus - 18/19 September = Usum beubeutian sirungan; panen palawija.
  4. Kapat (= kaopat), ti tanggal 18/19 Séptémber - 13/14 Oktober = Usum sumur saraat; randu pentilan; usum melak cau.
  5. Kalima, ti tanggal  13/14 Oktober - 9/10 Novémber = Usum turun hujan; asem pucukan; koneng ngadaun ngora.
  6. Kanem (= kagenep), ti tanggal  9/10 Novémber - 22/23 Désémbér = Usum bubuahan mimiti karolot; usum ngagarap sawah.
  7. Kapitu (= katujuh), ti tanggal  22/23 Désémbér - 3/4 Pébruari = Usum caah jeung gedé angin; usum tandur
  8. Kawolu (= kadalapan), ti tanggal  3/4 Pébruari - 1/2 Maret = Usum paré reuneuh; loba hihileudan; jsb.
  9. Kasonga (= kasalapan), ti tanggal  1/2 Maret - 26/27 Maret = Usum paré rampak; turaés ngéar.
  10. Kasadasa (= kasapuluh), ti tanggal  26/27 Maret - 19/20 April = Usum paré beuneur héjo; manuk-manuk nyarayang; usum palawija di tanah darat.
  11. Désta (= kasabelas), ti tanggal  19/20 April - 12/13 Méi = Aya kénéh waktu keur malawija; manuk-manuk maraban anakna.
  12. Sada (= kaduabelas), ti tanggal  12/13 Méi -  22/23 Juni = Usum rumpak jami; isuk-isuk tiris.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top