Kalakuan Jalma
- Adigung = Takabur, boga rasa punjul ti batur
- Agul = Resep nyaritakeun atawa nembongkeun kabisa atawa pangboga
- Ancad laer = Nyaritana anca pisan atawa laun pisan
- Ancin = Cemi, daharna saeutik
- Andalemi = Lungguh timpuh, lemes tingkah lakuna
- Angguklung = Gede hulu, adigung
- Aral = Teu sugema ku kaayaan
- Badilang = Kurang tenget
- Bahula = teu nurut kana parentah
- Baketut = Pasemon nu camberut, goreng budi, goreng semu
- Balabah = Berehan, daek barang bere
- Balakasikang = Awewe anu kalakuana cara lalaki
- Banci = Lalaki anu kalakuanana cara awewe
- Bangkawarah = Goreng lampah kawas nu teu menang pangwarah
- Bangor = Nakal, badeur, pikakeuheuleun, teu nurut kana panyarek
- Baragajul = Sesebutan ka jalma nu kalakuana teu eucreug
- Barangasan = Babarian ambek
- Basangkal = (Budak) nu teu nurut ka kolot
- Basilat = Licik, curang, teu jujur
- Bawel = Cerewed, loba omong (awewe)
- Bedang = Wangkelang, bedegong, murugul mawa karep sorangan
- Berewit = Babarian katerap panyakit, mindeng gering,atawa budak nu rea kahayang tur hese dicumponanana
- Biko = Bodo
- Binangkit = Cakep, rea kabisa
- Binekas = Perceke, pinter, loba pokal nu aralus, kreatif
- Bodo = Belet, kuled uteuk, hese ngarti, hese diajar
- Bodo alewoh = Bodo tapi daek tatanya
- Bodo katotoloyo = Bodo bari tara daek tatanya
- Bolon = Can pati nyaho kabeneran, balata-boloto keneh
- Borangan = Euweuh kawani
- Boyot = Kendor (leumpang) bangun bareurat awak
- Cakep = Bisa milampah pagawean sakumaha mistina
- Calakan = Babari ngarti kana pangajaran atawa kana hal-hal nu anyar
- Calimud = Daek ceceremed, cocorokot, panjang leungeun
- Caluntang = Teu make bemakrama, teu ngupama ka jalma saluhureun
- Calutak = Saharti jeung caluntang
- Campoleh = Lelewodeh, heunteu junun, lalawora kana gawe
- Canteng = Tegep, gandang pertentang
- Capetang = Pinter tur lancar ngomong (biasana dilarapkeun ka budak)
- Careraman = Budak nu kabitaan ku barang nu aya di batur, tuluy menta
- Celembeng = Loba omong (budak leutik)
- Cerewed = Awewe nu rewel, loba omong
- Cemi = Daharna saeutik
- Cidra = Teu nohonan jangji, jalir
- Cileureun = Balangah, teu nenjo nu ngaganggu barang nu keur dijaga
- Cilimit = 1) Budak nu resep ngaheureuyan (ka awewe), 2) Sok menta kadaharan nu aya dibatur
- Cirigih = (Budak) nu resep ngaheureuyan batur
- Codeka = Laku lampah goreng (ka batur)
- Cologog = Kalakuan nu teu make tatakrama
- Cucud = Milampah hiji hal kalawan terus-terusan (leukeun) tepi ka jucungna, teu kapalang dina gawe
- Cucungah = Calutak, nyaluntang, ngalawan kana parentah kolot
- Cudek = Tungi, goreng budi, omongana teu matak resep
- Cuih = Sagala dibeja-beja, beuki teuing ngomong
- Culangung = Belegug, teu hormat, teu nyaho tatakrama
- Culika = Julig, resep nyusahkeun atawa nyilakakeun batur
- Cumenos = (budak) nyanyahoanan
- Cupet = Bodo, heureut panalar
- Curaling = Sok resep pulang-paling, teu beunang dipercaya
- Curang = Licik, sok ngagunakeun akal tarekah kotor pikeun kauntungan diri sorangan
- Dahdahneng = (Budak) kalakuana sakapeung ngogo, sakapeung ngagalakan
- Darehdeh = Someah, akuan, matak resep omonganana
- Daria = Migawe hiji hal kalawan enya-enya, teu lelewodeh
- Darugian = Teu payaan, babari pundung (budak)
- Dedegler = Gampang teuteunggeul bari tara asa-asa, taya rasrasan
- Degig = Apilain ka nu geus wawuh, teu nanya-nanya acan, sombong
- Deleka = Julig, resep nyusahkeun atawa nyilakakeun batur
- Delitan = (Budak) babari pundung, hese kacumponan kahayangna teu kaopan
- Dengki = Goreng hate, Sok nyilakakeun batur
- Deugeul = Kurang ingetan
- Dolim = Nempatkeun perkara lain dina hakna, teu adil, bengis
- Doroi = Julig, resep nyilakakeun batur
- Durjana = jahat, goreng lampah
- Dursila = Goreng lampah, teu ngendahkeun kasusilaan
- Elodan = Babari kagoda ku sual-sual sejen dina keur ngajalankeun papancen, heunte junun dina digawe atawa diajar
- Epesmeer = Babarian ceurik atawa jejeritan mun manggih kanyeri
- Eucreug = bener, beres dina gawe jeung laku lampah
- Eusleum = Rada gelo, kurang ingetan
- Gagabah = Lalawora, kurang ati-ati
- Gedebul = Gede bohong gede wadul
- Gehgeran = Nurutan omongan batur (bari reuwas)
- Gelenye = Awewe nu laku lampahna matak pikabitaeun lalaki, sarta biasana teu puguh adatna
- Gelo = Burung, teu waras ingetan
- Gebleg = Saharti jeung gelo
- Gejul = Kurang ingetan
- Gentur = Getol ngulik elmu, cucud, leket atawa suhud
- Geten = Tulaten, nembongkeun rasa nyaah ku mindeng ngalongok atawa barang bere ka jelema (pangpangna ka kolot)
- Getol = Daekan, daek atawa resep digawe
- Gorejag = Babarian hudang
- Gujih = Ngarasa punjul ti batur lantaran boga barang nu euweuh di batur
- Gumati = Ati-ati, saregep
- Gumenak = Memenakan, niron-niron menak sabab hayang disebut menak, adigung
- Guranyih = Resep nembong-nembongkeun barang kaboga atawa resep nuker-nukerkeun barang nu anyar keneh dipiboga
- Haat = Hade hate, resep migawe kahadean karana buruhan atawa pujian
- Handap asor = Daek ngahormat ka batur
- Handap lanyap = Hormat tapi matak nyentug kana hate
- Harak = Gakang, galak, resep ngaganggu, nyusahkeun atawa nyilakakeun batur (sok dilarapkeun kana kalakuan budak)
- Haripeut = Gancang narima pamere, gancang nururt kana pangajak batur bari teu dipikir mamalana
- Hariweusweus = Haliwu, nyarita bari rada gugup lantaran manggih kareuwas, kasieun, atawa kaget
- Harung-gampung = 1) sompral, ngomong sangenahna, 2) babarian ambek
- Hasud = Dengki, teu resep nempo batur senang
- Hawek = Hayang sagala keur sorangan, sagala rupa hayang panglobana
- Héman = Nyaah bari sok barang béré atawa mindeng ngalongokan
- Hianat = Cidra, nyalahgunakeun amanat, nyilakakeun, biluk ka musuh
- Hideng = Nyaho naon nu kudu dilampahkeun sapopoé dina waktuna, nyaho di témpat sorangan
- Jahat = Goréng lampah, goréng patékadan
- Jalingeur = Tanginas, cangker (dilarapkeun ka budak)
- Jalingkak = Awéwé nu boga tingkah kawas lalaki
- Janglar = Bisa nandangan kasusah, teu dipaké nguluwut
- Jarambah = Résép ulin atawa résép indit-inditan jauh
- Jatmika/yatmika = Alus budi matak kayungyun
- Jatnika = Mulya, senang
- Jeceh = Reueus, agul, mindeng nempoan atawa ngilikan barang nu keur dipaké, atawa mindeng némbongkeun barang kaboga (dilarapkeun kana kalakuan budak)
- Jéngjlé = (Budak awéwé) nu teu daék cicing, loba tingkah bari gumeulis
- Jeté = Gumeulis, teu daék cicing supaya meunang perhatian
- Jolédar = Lalawaora nyumponan kawajiban, teu tulaten kanu jadi baraya atawa kolot
- Jucung = Migawe hiji hal tepi ka réngsé, bérés atawa tamat
- Judes = Kucem, goréng budi, resep sesentak
- Jujur = Tara nyumput-nyumputkeun hiji parsoalan
- Kancolah = Loba tingkah
- Karooh = Mikahayang barang nu teu pira, barang saeutik atawa nu euweuh pangajina
- Kecing = Borangan, sieunan
- Kedul = Tara daék baranggawe
- Kesit = Tanginas, gancang tur bérés dina milampah pagawéan
- Keukeureuweut = Terus-terusan ngadongsok, ngolo, hayang kana barang nu aya di tangan batur kalawan satengah maksa
- Kodomoyo = Boyot, Sagala rupa kendor (leumpang, digawe), heunteu tanginas
- Korét = Medit, tara daek barang béré
- Kumed = Saharti jeung koret
- Kuuleun = Taya guam, euweuh kadaék
- Lalawora = Gagabah, teu ati-ati, teu gumati
- Lanca-linci = Laca-lécé, luncat mulang, teu tigin kana jangji
- Lancang = Kurang ajar, teu sopan (ka jalma saluhureun)
- Léléda = Kendor, alon-alon dina milampah hiji pagawean
- Léléwodeh = Lalawora
- Lénglé = Langla-lénglé, méh saharti jeung léléda
- Lénggotan = Limpeuran
- Leukeun = Daek ngeureuyeh digawé atawa ngusahakeun hiji perkara sanajan gangga
- Leumpeuh yuni = Babari kapangaruhan, teu tahan gogoda
- Lihay = Pinter kodek, loba akal bulus
- Limpeuran = Pohoan (biasana tumerap ka jalma nu geus kolot)
- Linglung = Limpeuran, loba poho
- Linyok = Kalakuan nipu atawa ngabohong
- Liwar = Notorekkeun manéh, teu ngagugu kana paréntah atawa pépéling
- Luhung/linuhung = Luhur budi, mulya haté sarta luhur élmu panemu
- Mencedel = Monyodok, goréng gawé, taya kabubuatan
- Medit = Korét, tara daek barangbéré
- Melencing = Kedul, mindeng teu datang ka pagawéan
- Melid = Kedul, mumulan, tara daek baranggawe
- Merewedeng = Keukeuh mawa karep sorangan
- Motekar = Ngalampahkeun rupa-rupa usaha pikeun nambahan kanyaho atawa pikeun ngoméan nasib
- Nakal = Bangor, kalakuan teu pikareuseupeun (sok dilarapkeun ka budak)
- Nalaktak = Budak nu resep ajleng-ajlengan, tataékan, jsb. nu matak nyilakakeun
- Ngulet = Resep hudang beurang, padahal geus nyaring
- Ngékrék = Korét, medit, tara daék barangbéré
- Ngeleyed = Ngabudi ucing, kawas nu lungguh tapi mun bongoh ti batur sok milampah pagawéan nu teu uni
- Nirca = Nista, nyimpang tina papagon agam jeung darigama
- Nurustunjung = Notorogan, teu boga kaéra, matak cua
- Owel = Ngarasa lebar ku barang nu teu sabaraha hargana
- Pangalitan = (Budak) ogoan, olo-olo
- Pangeretan = Awéwé atawa lalaki tukang tipu, ngarah duit atawa benda ti jalma nu dideukeutanana
- Pasagi/masagi = Sagala bisa
- Pertentang = Capetang, bisa nyarita gancang
- Peupeuleukeuk = Nonjolkeun manéh kawas nu pinter loba kabisa, jajagoanan, padahal heunte
- Poksang = Wani nyaritakeun kakurangan atawa kasalahan batur dihareupeunana tur tara di dingding kelir
- Rancage = Cakep, rea kabisa
- Rancingeus = Tanginas, cakep
- Rapékan = Daékan digawé tur bisa migawé rupa-rupa pagawéan
- Réwél = Loba omong anu matak pikapusingeun
- Rewog = Gembul, daharna gancang tur loba
- Rueus = Agul (bangga-Ind)
- Ririwit = Geringan, mindeng gering (tiktikbrek)
- Rucah = Resep ngalajur napsu
- Rucita = Binangkit, rea kabisa
- Sabar = Tawekal dina ngarandapan kasusah atawa musibah
- Saliwang = Sok salah déngé atawa salah harti
- Singer = Hadé gawé, hideng, tara nunggu paréntah
- Sombong = Gedé omong, ngagulkeun manéh, takabur
- Someah = Akuan tur amis budi, daréhdéh (ka sémah)
- Sompral = Kawas nu euweuh kasieun, méh sarua jeung sombong, nyarita sangeunahna
- Sonagar = Wanter, teu éraan dina pasémon, wani nyanghareupan saluhureun bari tetep maké tatakrama
- Sonagar huma = Sonagar tapi kaciri dusun (dina basa)
- Songong = Heuras gengegerong, teu nembongkeun kahormat kasaluhureun dina nyarita
- Suhud = saregep, enya-enya dina ngajalankeun pagawéan
- Talédor = Lalawora, teu tigin kana kawajiban
- Tambelar = Ngabaekeun kana kawajiban (umpana bae dina ngurus pamajikan, anak, indung, bapa, banda, jsb)
- Tanginas = Rikat, cepet ngagerakeun awak atawa anggahotana, rancingeus dina ngajalankeun pagawean
- Telenges = Gangas, resep nganiaya, teu boga rasa karunya
- Tulaten = Getén, titén, heunteu lalawora dina ngurus gawe atawa ngurus rahayat
- Wacis/wasis = Binekas, pinter atawa binangkit
- Wandu = Awéwé anu tingkah lakuna siga lalaki
- Wani = Sanggup nyanghareupan sarupaning perkara
- Wantér = Sonagar, teu eraan sarta teu dusun
- Wijaksana = Pinter tur luhung, sagala rupa ucapan atawa putusanana hasil timbangan pikiran anu daria
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar