0
Kaayaan Jalma
  • Bahenol = Awakna lintuh matut, tapi bangun teu peungkeur
  • Bahono = Bohono, demplon, donto, lintuh semu peungkeur
  • Bangbang = Awakna jangkung gede
  • Bangir = Irungna alus, mancung
  • Bayuhyuh = Awakna lintuh pisan
  • Bedegul = Sirahna gede
  • Besekel = Awakna gede pendek bari ngeusi
  • Bolotot = Matana gede
  • Bopeng/garok = Bowek, beungeutna pinuh ku ceda
  • Bosongot = Rupa beungeut atawa pasemon nu wanian
  • Botak/butak = Gundul di tengah-tengah sirah nepi kana tarang
  • Buncir = Sok dilarapkeun kana kaayaan beuteung (budak) anu mereketengteng lantaran loba eusina
  • Bureuteu = Beuteung nu nyemplu (lantaran lintuh, keur kakandungan, atawa boga kasakit
  • Cadel = Teu bentes nyebut aksara /r/
  • Cameuh = Carehamna rada ngelok
  • Camihmil = Pipina rada kebi lantara montok
  • Cadok = Gado nyodor ka hareup
  • Cingked = Leumpangna pincang, lantara nyeuri suku atawa cacad salahsahiji sukuna
  • Ceureuleuk = Panonna buleud, beresih, cahayaan tur alus sorotna
  • Demes = Irungna pesek (sabalikna tina bangir)
  • Demplu = Awakna lintuh teu matut
  • Denok = Awakna rada montok, donto, tur geulis
  • Deog = Sukuna pengkor, teu bisa lempang bener lantaran suku nu sabeulah rada pondok
  • Galing = Buukna rada rintit
  • Galing muntang = Buukna rintit tungtungna
  • Gamuleng = Gademol, rupa beungeutna buleud tur ngeusi, awkna donto; (nu disebut gamuleng biasana awewe nu pakulitanana koneng umyang)
  • Geulis = Awewe nu rupana alus, pikaresepeun
  • Gomplok = Buukna kandel
  • Gundul = Sirahna lenang, taya buukan
  • Gandang = Lalaki nu hade dangong, boh dina leumpang boh dina paripolah
  • Hejo carulang = Kulit awewe nu alus, rada ngoraan tina hideung santen
  • Hulupeutieun = Sirahna leutik
  • Jalugjug = Awakna jangkung
  • Jebleh = Biwirna nu handap leuwih rubak batan nu luhur sarta rada ngampleh
  • Jeding = Biwirna nu luhur leuwih rubak batan nu handap sarta rada ngampleh
  • Kambuy = Awakna lintuh tapi teu sehat, siga karembung
  • Kasep = Lalaki nu rupana alus
  • Keceng = Panonna teu nenjo sabeulah
  • Kecing = Sieunan, teu wani sabab nyanghareupan lawan nu leuwih gede, unggul, bedas (nurutkeun anggapan) padahal can tangtu leuwih
  • Keked = Ramona hareuras lantaran kasakit incok, jsb
  • Kewes = Sesebutan ka jalma nu tegep, pantes katenjona
  • Kemong = Pipina semu ngelok ka jero lantaran kuru
  • Kempot = Pipina legok saeutik lamun keur seuri siga liang undur-undur
  • Keueuseun = Huntuna goreng, harideung tur teu rata
  • Lenggik = Awakna jangkung leutik, ramping (awewe)
  • Lenjang = Awakna lenggik leutik, ramping (awewe)
  • Lingsing = Awakna ngeusi, sehat, lantaran diurus
  • Lolong = Panonna duanana teu tiasa ningali
  • Nongnong = Tarangna rada nonjol
  • Ngajedig = Sesebutan keur kumis atwa halis nu kandel
  • Pacer = Sukuna leutik
  • Pecak = Panonna teu ningali sabeulah
  • Pengkor = Sukuna pincang, teu bisa leumpang bener
  • Petet = Panonna leutik saperti nu satengah peureum
  • Pireu/pego = Teu bisa ngomong
  • Ponges = Irungna cacad tungtungna
  • Rangkebong = Awakna begang pisan (biasana jalma nu tas hudang gering atawa jalma nu tas kolot pisan)
  • Rebeh = Biwirna rada beukah ka gigir, sabab ngarasa atoh di puji
  • Regeng = Awakna begang atawa kuru
  • Roges = Huntuna goreng (teu rata)
  • Sampulur = Awakna alus potonganana (biasana sok dilarapkeun ka awewe)
  • Sieuran = Dilarapkeun ka jalma anu heunteu ka asup geulis atwa kasep, tapi lamun dilelekan pantes atawa tegep (sieuran dilarapkeun kana kaayaan beungeut)
  • Sipit = Panonna rada leutik heunteu bolotot (panon bangsa Cina)
  • Tonggar = Huntuna nyodor ka hareup, tampolana tepi ka matak hese balem

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top