0
Anjun = Tukang nyieun parabot tina taneuh
Bujangga = Tukang nyieun/nulis carita
Candoli = Tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan (biasana awewe)
Gending = Tukang nyieun parabot tina kuningan
Kabayan = Tukang di titah ka dieu ka ditu
Kajineman = 1) Mandor sakitan, 2) Tukang ngajaga jinem (nu di hukum)
Kamasan = Tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
Kebojengkeng = Tukang ngagusur padati
Kulaer = Kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
Kuncen = Tukang ngurus kuburan
Legig = Tukang ngasruk dina pamoroan
Malim = Tukang nalukkeun sasatoan
Maranggi = Tukang nyieun landean jeung sarangka keris
Merebot = Tukang nakol bedug
Nyarawedi = Tukang ngagosok permata
Pakacar = Bujang, juru laden
Palatuk = Iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
Paledang = Tukang nyieun parabot tina tambaga
Palika = Tukang teuleum (ngala lauk)
Pamatang = Tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak)
Pamayang = Tukang ngala lauk di laut
Panday = Tukang nyieun parabot tina beusi
Paneresan = Tukang nyadap
Paninggaran = Tukang moro
Sarati = Tukang ngusir gajah

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top