Dina basa Sunda aya nu disebut kecap panganteur, boh kecap panganteur pagawean boh kecap panganteur kaayaan. Ieu kecap panganteurteh gunana pikeun ngantebkeun caritaan. Geura titenan kecap-kecap panganteur dihandap ieu:
- am dahar
- barakatak seuri
- bek dahar
- berebet lumpat
- berewek soek/soeh
- blur ngapung
- blak nangkarak
- blok bahe
- blug labuh
- bluk nangkuban
- bray beunta
- bray beurang
- bray caang
- bray muka
- breg hujan
- brus mandi
- bus asup
- burusut miceun (ngising)
- cat unggah
- caleungkeung ngomong/nyarita
- celengok nyium
- cep tiis
- cer kiih/ngompol
- ceuleukeuteuk seuri
- cikikik seuri
- clak tumpak
- cleng ngacleng
- clik murag (barang anu leutik)
- cong nyembah
- crot nyiduh
- deker dahar
- deker digawe
- dug sare
- gampleng nampiling
- gantawang nyarekan
- gap nyagap
- gaplok nyabok
- gedig indit
- gek diuk
- geleber hiber
- geleser maju
- gewewek ngegel
- gok paamprok
- goledag ngedeng
- hing ceurik
- jedak diadu
- jeduk tidagor
- jep jempling
- jleng luncat
- jol (torojol) datang
- jrut turun
- jung nangtung
- kecewer kiih (biasana kanggo ka istri)
- kerewek nyekel
- kop nyokot
- kuniang hudang
- lar ngaliwat
- lat poho
- leguk nginum
- lek neureuy
- leos indit
- lep teuleum
- les leungit
- luk tungkul
- nging (ngeng) ceurik
- nyah beunta
- nyeh imut
- nyel ambek
- nyot udud
- orolo utah/olab
- paralak hujan
- pelenyun udud
- pes pareum
- pluk murag
- pok ngomong
- pudigdig indit
- rap dibaju
- reg eureun
- regot (rot) nginum
- rengkenek ngigel
- rep tiis/jempe
- reup peureum
- reup poek
- reup sare
- sebrut narajang
- sedut /dut hitut
- segruk ceurik
- sirinting/sirintil nyampeurkeun
- terekel naek
- tret nulis
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar