0
Keur karereana urang Jawa Barat mah nu disebut basa indung teh basa Sunda. Ieu basa bisa disebut dadasar kabudayaan. Tina ieu basa ngamalir kasedih tur kagumbira.

Rupaning hal ngabeungharan kabudayaan, boh nu material boh nu non-material. Basa bakal jadi roh tina rupaning wangun budaya, da eta nu jadi rawayan pikeun nepikeun pikiran jeung rasa tea.

Basa teh saksi ngeunaan kamampuh manusa dina nyiptakeun alat komunikasi, nyeukeutan persepsi tur refleksina. Kabeh mangrupa ekspresi jiwa masarakat di tempat gumelarna eta basa, sarta ngandung sajarah pataremana hiji basa jeung basa sejen.

Ningkatna karageman basa katut kamekaran atikan multibasa bisa milu ngamumule karageman budaya di pakumbuhan internasional, sarta bisa nyiptakeun toleransi. Basa teh lain bae alat komunikasi tapi deuih alat ekspresi budaya jeung identitas. Teu salah mun aya nu nyebut yen basa teh banda kamanusaan nu pangmahalna. Ngan hanjakal gampang pisan rengatna.

Tumali ka dinya, mieling Poe Basa Indung kudu terus dilaksanakeun, najan kamelang kana musnahna basa indung teh geus disoarakeun ti beh ditu mula. Hanas eta geus jadi repetisi, teu jadi masalah. Tetep kudu terus digedurkeun, sugan aya sasieureun sabeunyeureunana keur masarakat.

Alusna acara mieling Poe Basa Indung teh lain ngan dina bulan Pebruari, tapi sapanjang taun. Atuh nu mielingna alusna mah lain ukur pakumpulan kabasaan, paguron luhur atawa lembaga pamarentahan, tapi deuih rupaning komunitas leutik nu bacacar di masarakat.

Ungkara "basa teh ciciren bangsa, leungit basana leungit bangsana", lain bae kudu dipikawarioh ku budayawan tapi deuih kudu dienyakeun tur kaharti ku sakumna masarakat. Ulah aya anggapan yen eta teh klise. Sabalikna, kudu terus dijeroan, kudu terus disoarakeun. Nu dipalar masarakat beuki engeuh yen enya basa indung ten perlu dimumule tur aya mangpaatna.

Tah, lebah mangpaatna sok pagedrug jeung basa nasional atawa basa intemasional. Diaduhareupkeun kitu mah basa indung teh siga nu teu walakaya, komo mun aya nu nyebutkeun yen neangan gawe mah teu ditanya bisa henteuna nyarita ku basa indung, iwal ti mun rek jadi guru basa daerah.

Tumali kana perkara basa indung, aya opat hal penting dina pangajaran basa ten, boh basa nasional boh basa indung: maca, ngadengekeun, nulis jeung ngomong. Eta we heula. Ulah loba teuing tiori.

Guru basa Sunda kudu parigel nepikeun pangajaran basa Sunda, kudu pikaresepeun, pikabitaeun barudak. Ulah matak pikalieureun najan aya anggapan rada mengpar tina kurikulum. Upamana, barudak resep kana dongeng, der diajak ngaguar dongeng.

Tetela, barudak teh rancage. Bisa ngadongeng! Ti dinya ge geus bisa diajen kumaha nyaritana, ngaregepkeunana, jste. Piraku teu napak saeutik-saeutik acan.

Komo ayeuna mah basa Sunda teh geus jadi muatan lokal wajib ti taun ajaran 2007/2008 (tadina mah ngan ukur muatan lokal, teu diwajibkeun). Ari murid sakola, ti SD nepi ka SMA, di Jawa Barat aya kana dalapan jutana.

Hal sejen nu jadi kahengker tur mindeng jadi bangbaluh kana lumangsungna pangajaran basa Sunda teh jumlah guru basa Sunda nu enya-enya weruh kana basa Sunda kacida kurangna dibanding jeung lobana sakola.

Lian ti eta, sikep guru-guru sejen can nembongkeun kareueus kana basa Sunda, najan maranehna teh pituin urang Sunda. Ana sakalieun ngobrol jeung murid, najan papada urang Sunda, teu weleh mamalayuan bae. Halangan sejenna nyaeta mindengna gunta ganti kurikulum. Pikeun guru mah sok jadi matak pugag ngajarkeun basa Sunda teh
.
Aya nu nanya, naon pentingna ngajarkeun basa Sunda ka barudak? Aya opat mangpaat:
  1. Ngawujudkeun karageman budaya. Hartina, barudak dibere kaweruh ngeunaan budaya sejen nu jadi dadasar kahirupan sapopoe. Di dieu pentingna aya kasadaran yen kaayaan multikultural teh kudu diaku. Hirup teh.ulah kurung batokeun.
  2. Miara identitas etnis. Barudak diarajak neuleuman babasan yen "ilang basa ilang bangsa".
  3. Geusan adaptabilitas sosial.
  4. Sacara psikologis ngawewegan rasa aman ka barudak.
Pamustunganana kuring boga pamadegan yen basa Sunda teh ulah dipikahariwang teuing. Loba keneh ieuh panyatuma, pon kitu deui nu saladar kana pentingna basa indung. Atuh kapan usaha sangkan basa Sunda tetep langgeng teh geus dimimitian ku sikep politik ti pamarentah ku ayana perda tur kaputusan gubernur.

Najan kitu, urang kedahna sadar yen basa indung ten kudu dimumule. Lebar temen mun basa indung ilang. Leungit basa indung teh hartina leungit salah sahiji kabeungharan dunya. Sigana hal model kieu teh lain bae sikep nu jadi kolot tapi deuih sikep lingkungan nu pangaruhna lumayan gede.

Nu penting mah aya kasadaran heula yen basa indung teh perlu dimumule. Barudak bakal nuturkeun. Jaga mun barudakna geus dewasa, tangtu bakal jadi duta nu ngawakilan selerna dina pergaulan intemasional.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top