D
- Daek macok, embung dipacok = Jelema nu hayang meunang (untung) sorangan, daek menta embung dipenta.
- Dagang oncom rancatan emas = Modal nu kacida gedena, ari nu dijual jeung diarah batina teu sabaraha.
- Dagang peda (pindang) ka Cirebon = Dagang barang ka tempat nyieun eta barang.
- Dah bawang dah kapas = Jual-beuli kontan.
- Dahar kawas meri = Uprat-apret jeung ngaremeh.
- Daharna sakeser daun = Daharna mindeng pisan.
- Datang katenjo (katingali) tarang, undur katenjo (katingali) punduk = Tatakrama nu amit-amitan, nembongkeun yen taya geuneuk maleukmeuk atawa teu serong salingkuh.
- Dedenge tara = Kadenge sawareh atawa dedengean anu teu pati tetela.
- Dengdek tapi maliding sanak = Pilih kasih, teu adil.
- Deukeut (heureut) deuleu pondok lengkah = Kurang paman- dangan jeung teu bebas dina indit-inditan.
- Deukeut-deukeut anak taleus = Sakitu padeukeut teu nyaho yen baraya atawa aya kajadian penting di salah saurang di antara maranehanana.
- Deungeun-deungeun haseum = Taya baraya saeutik-eutik acan.
- Di bawah tangan = Teu make saksi ti pihak nu resmi.
- Diadudombakeun = Diadu-adukeun.
- Diadukumbangkeun = Dicekel pundukna tuluy diadekkeun palebah tarangna sataker tanaga.
- Dialungboyongkeun = Digujag-gajig, dipundah-pindah.
- Dianakterekeun = Disapirakeun.
- Diangeuncareuhkeun = Diantep henteu didahar.
- Dibabuk lalay = Dibabukan kawas lalay (musuh loba nu ngaronom urang), ngababukan ngenca-ngatuhu.
- Dibeunyeurerbeaskeun = Dieceskeun atawa dijentrekeun pisan.
- Dibere sabuku menta sajeungkal, dibere sajeungkal menta sadeupa = Lantaran dibere wani saeutik, jadi beuki loba pamentana sarta nyalutak (jalma kurang ajar).
- Dibeuleum seuseur = Diburu-buru sina anggeus.
- Dibeuteungan nyusu = Dieureunan nyusu, dipesat.
- Dibeuweung diutahkeun = Dipikir dibulak-balik.
- Dibilang peuteuy = Dibilang hiji-hiji.
- Didagoan ku seeng nyengsreng = Dipikabutuh ayeuna.
- Didago-dago tilewu = Hanas didagoan, ari pek teu datang.
- Didingding kelir = Dibuni-buni atawa dirusiahkeun.
- Dihin pinasti anyar pinanggih = Sagala nu kaalaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangeran.
- Dihurunsuluhkeun di(sa)kompetdaunkeun = Disamarutkeun jeung nu boga dosa; nu goreng saurang, kabeh kababawa.
- Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngepot = Teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug bae.
- Dijieun lalab rumbah = Disapirakeun, henteu diajenan.
- Dikepung wakul buaya mangap = Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna.
- Dikerid peuti = Dibawa kabeh saeusi imah atawa kampung.
- Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban = Ditambang, ditalak henteu, dinapakahan oge henteu; dipiara tapi teu diurus dahar-pakena.
- Diperih pati turta gawe = Dibere papancen nu kacida beuratna, bisa jadi kudu nemahan pati.
- Dipiamis buah gintung = Disangka hade jeung batur, tapi nu saenyana man jahat.
- Dipisudi mere budi = Dipiharep kalah ngambek, ngabaeudan.
- Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang = Dihukum pati, dihukum beurat pisan.
- Disuhun dina embun-embunan = Ditarimakeun pisan.
- Disusul tepus = Diteangan terus, nepi ka beunang (nu boga dosa).
- Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi = Dianggap aneh atawa model.
- Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup = Kekecapan keur awewe anu kacida geulisna, taya cawadeunana.
- Ditiung memeh hujan = Kudu iatna samemeh cilaka.
- Ditiung sanggeus hujan = Kakara iatna sanggeus karuhan cilaka, lain samemehna nyegah picilakaeun.
- Ditulis tonggong = Dibokong, nu boga hadas teu dibejaan atawa teu dibawa mupakat heula.
- Dogdog pangrewong = Jalma nu mantuan pagawean tamba lumayan, teu boga tugas nu penting.
- Dogong-dogong tulak cau, geus gede dituar batur = Ngalindeukan lanjang (mojang) pipamajikaneun, ari geus meujeuhna dikawin kop ku batur.
- Dosa salaput hulu = Dosa anu geus kacida lobana.
- Dug hulu pet nyawa = Usaha satekah polah meh taya eureunna.
- Dug tinetek atawa dug hulu pet nyawa = Digawe beurat meh taya eureunna.
- Duit pait (panas) = Duit nu teu meunang dipake pikeun kaperluan pribadi, duit nagara atawa duit amanat
- Duum tinggi = Babagi henteu adil, aya nu meunang loba, jeung aya nu saeutik.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar