B
- Babalik pikir = Ngarobah lampah goreng kana hade.
- Babanteng jurit = Pamanggul jurit.
- Babon kapurba ku jago = Awewe kudu nurut ka salaki.
- Badak Cihea = Degig, tara nanya.
- Bagja kamanyangan = Bagja gede.
- Bahe carek = Gampang nyarekan.
- Balabar kawat = Saembara.
- Baleg tampele = Mojang anu keur mangkat beger, tapi eraan keneh lamun panggih jeung lalaki.
- Bali geusan ngajadi = Lembur matuh, lemah cai, tempat lahir.
- Balik jarami = Ngagarap sawah anu kakara anggeus dipibuatan.
- Balik ngaran = Maot di lembur batur.
- Balung kulit kotok meuting = Kanyeri baheula ten leungit-leungit, henteu beresih pisan hatena, masih keneh ngunek-ngunek.
- Balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan = Rido, iklas, suka pisan.
- Bancang pakewuh = Pikasusaheun, picilakaeun.
- Banda sasampiran, nyawa gagaduhan Ulah boga angkeuhan yen banda jeung nyawa bisa diatur ku urang.
- Banda tatalang raga = Leuwih hade ngorbankeun harta, tibatan cilaka awak.
- Bangkong kolentang = Sagala euweuh, teu boga duit pisan.
- Banteng ngamuk gajah meta = Kajadian atawa ririweuhan anu dipikasieun jeung dipikagigis.
- Banting tulang = Digawe popohoan.
- Bapa heman = Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadean.
- Batan kapok kalah (anggur) gawok = Kalah beuki maceuh.
- Batok bulu eusi madu = Henteu cocog jeung panenjo; siga bodo tapi pinter, siga miskin tapi beunghar jeung sajabana.
- Batok kohok piring semplek = Paparabotan nu taya hargana.
- Batu turun keusik naek = Cangkang sisindiran nu hartina itu purun kuring daek, dilarapkeun ka jalma anu sarua micintana.
- Batur ngaler ieu ngidul = Lain-lainna deui jeung nu keur diomongkeun ku batur.
- Bau-bau sinduk = Baraya keneh sanajan laer.
- Beak dengkak = Geus beak tarekah.
- Beak ka lebu-lebuna = Ledis, teu nyesa saeutik-eutik acan (harta banda).
- Bear budi = Gumbira.
- Bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai = Lubak-libuk tapi henteu bisa kapake lantaran lain hakna.
- Bedah bendungan = Kalah wowotan ku gogoda nu pohara.
- Bengkok tikoro = Teu kabagean kadaharan istimewa, lantaran teu datang atawa geus beakeun manten.
- Bengkung ngariung bongkok ngaronyok = Kajeun ripuh asal teu jauh jeung anak-incu.
- Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang = Kabisana ngan nitah, teu daek prak sorangan.
- Beres roes = Runtut raut (nu laki-rabi).
- Beulah hoean = Siga hoe dibeulah, tonggong munding nu lintuh pisan.
- Beungeut nyanghareup ati mungkir = Henteu terus jeung hate.
- Beunghar memeh boga = Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina.
- Beurat birit = Hese ditutah-titah, kedul.
- Beurat nyuhun beurat nanggung = Kacida tumarimana.
- Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeun inya = Kacida narimakeunana kana kahadean batur, lantaran ditulungan dina waktu keur kacida butuhna.
- Beureum paneureuy = Hese pisan hasil maksud.
- Beuteung anjingeun = Beuteung anu gede ka luhur.
- Beuteung mutiktrik berekat meunang = Dahar seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat.
- Beuteung si eta mah ruas bungbas = Teu aya kaseubeuhan.
- Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar = Jaman geus robah, jelema oge loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna.
- Bilatung ninggang dage = Jelema teu jujur meunang kadudukan atawa kasempetan anu matak nguntungkeun keur dirina.
- Birit aseupan = Jelema nu diukna teu daek cicing, nyanggeyeng ka ditu, nyanggeyeng ka dieu.
- Bisa ka bula (bala) ka bale = Bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawe kasar jeung gawe lemes.
- Bisa lolondokan = Bisa nuturkeun adat sakarep batur supaya akur, bisa ula-ilu.
- Bisi aya ti cai ti geusan mandi = Bisi aya nu kasigeung atawa ka-toel mamaras rasana.
- Biwir aweweeun = Sok ngedalkeun kecap-kecap nu kurang hade.
- Biwir nyiru rombengeun = Sagala dicaritakeun anu saenyana kudu dirasiahkeun.
- Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah = Darma nepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
- Bobo sapanon carang sapakan = Teu puguh undak-usukna, teu beres entep seureuhna; eta babasan sok dipake pamungkas carita, sasadu bisi salah pok-pokanana atawa pereleanana.
- Bobor karahayuan = Katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah.
- Bobot pangayon, timbang taraju = Pangadilan, timbangan nu adil.
- Bodo alewoh = Bodo tapi daek tatanya.
- Bodo katotoloyoh = Tara daek tatanya, tara daek nurut kana nasehat batur.
- Boga pikir rangkepan = Henteu bolostrong, henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.
- Boga sawah saicak = Boga sawah saeutik.
- Bogoh nogencang = Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
- Bohong dirawuan = Kacida rahulna.
- Bojo denok sawah ledok = Hirup senang lantaran boga pamajikan tegep jeung banda cukup.
- Bongkok meongeun = Semu bengkung ka tukang palebah cangkeng (awewe).
- Bonteng ngalawan kadu = Nu leutik ngalawan ka nu gede.
- Borangan ku surak = Eraan dina gempungan jalma rea.
- Bosongot bade amprotan = Pikagigiseun (kana beungeut), pikagimireun, pasemon jagoan.
- Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah = Jalma beunghar nepi ka barangteundeun teu puguh tempatna sabab barangna loba.
- Buah ati/buah hate = Kakasih.
- Bubu ngawaregan cocok = Mere nasehat atawa nyieun aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan.
- Buburuh nyatu diupah beas = Neangan pangarti bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan.
- Budak bau jaringao keneh = Budak can aya kanyaho, budak olol-leho.
- Budak olol leho keneh = Pamoyok ka jalma ngora nu tacan boga pangalaman dina pagawean.
- Budak rodek hulu Budak can aya kanyaho.
- Budi santri legeg lebe, ari lampah euwah-euwah = Jelema anu omongan jeung kalakuanana kawas enya jelema bener, padahal saenyana mah jahat.
- Bujang jengglengan = Jajaka tulen sarta tegep.
- Bujang tarangna = Lalaki anu can kawin geus teu bujang deui.
- Bulan alaeun = Kakandungan anu geus nincak salapan bulan.
- Bulu taneuh = Tukang tani, patani.
- Buncir leuit loba duit = Beunghar, taya kakurang.
- Bungah amarwatasuta = Bungah sagede anak gunung, bungah pisan.
- Bungbulang tunda = Tunda talatah, dikeunakeun ka jalma nu dititah baranggawe tara prak ku sorangan, tapi kalah sok nitah deui ka batur.
- Buntu laku = Teu bisa neruskeun usaha atawa pagawean.
- Buntut kasiran = Koret, kumed, medit.
- Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang = Hirup senang taya kakurang, salilana ginding.
- Buruk-buruk papan jati = Sanajan ngewa/ambek ka dulur/baraya nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana, henteu ngantep.
- Burung palung dulur sorangan = Sanajan ngewa/ambek ka dulur/ baraya nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana,henteu ngantep.
- Buta terong = Pamoyok ka jelema nu goreng patut, katurug-turug sagala beuki.
- Butamuna = Bodo balilu, teu nyaho naon-naon.
- Butatuli = Teu nyaho naon-naon.
Mampir kang noelan adsense ah .. sugan bae di toel deui
BalasHapus