E
- Eleh deet = Ngelehan maneh.
- Elmu ajug = Jalma nu biasa mapatahan kahadean ka batur, ari sorangan henteu bisa ngamalkeunana.
- Elmu angklung = Joledar atawa patukang tonggong jeung kolot.
- Elmu kepek = Pituduh tina buku atawa kitab anu acan diprakkeun ku sorangan.
- Elmu sapi = Samiuk kana kagorengan, guyub dina hal nu kurang hade.
- Elmu tumbila = Pribumi ngarugikeun semah.
- Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna = Hirup kudu nungtut nyiar elmu pikeun kasalametan dunya aherat sarta kudu siger tengah.
- Elok bangkong = Ampir sakarat.
- Era parada = Era ku lampah atawa omongan batur, nu matak aeb.
- Embung kakalangkangan = Embung kaelehkeun.
- Endog mapagahan (mapatahan) hayam = Budak mapatahan kolot, atawa mapagahan nu geus bisa atawa nu leuwih luhur pangartina.
- Endog sapataragan tara megar kabeh = Di antara dulur-dulur saindung-sabapa sok aya bae anu teu pati alus milikna.
- Endog sasayang (sapataragan), peupeus hiji peupeus kabeh = Mun di antara dulur-dulur aya saurang nu nyieun codeka, sok mamawa ka sarerea.
- Euweuh (taya) siruaneunana = Dilarapkeun ka jalma nu teu boga sipat-sipat nu hade.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar