0

A
  1. Abang-abang lambe = Ukur ngagenahkeun batur wungkul.
  2. Abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan = Ngomong henteu dipikir heula, tungtungna matak pikanyerieun batur.
  3. Adam lali (ing) tapel = Jelema nu geus poho ka baraya jeung poho ka lemah caina sorangan.
  4. Adat kakurung ku iga = Laku lampah kurang hade ami hese di-leungitkeunana.
  5. Adean ku kuda beureum = Ginding ku papakean/barang beunangnginjeum, atawa agul ku banda batur.
  6. Adep-hidep = Kumawula (ka salaki).
  7. Adigung-adiguna = Gede hulu, boga rasa leuwih punjul ti batur,kaciri dina laku lampah jeung omonganana.
  8. Adil palamarta = Kacida adilna.
  9. Adu telu ampar tiga = Nu aya perkara diriungkeun atawa nu jual-beuli.
  10. Agul ku payung butut = Jalma nu sok agul nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula, sanajan ayeuna hirupna taya kaboga.
  11. Ahli leleb = Tukang baranghakan.
  12. Ajak jawa = Ngajak bari ukur tamba, lain saenyana, dapon ngeunaheun batur.
  13. Akal bulus = Akal licik, akal jahat,
  14. Akal koja = Pinter dina kagorengan.
  15. Aki-aki tujuh mulud = Geus kolot pisan.
  16. Aku-aku angga = Ngan saukur ngaku ngarasa nu boga, padahal saenyana mah milik batur.
  17. Alak paul = Kacida jauhna.
  18. Alak-alak cumampaka = Niru-niru atawa hayang nyaruaan saluhureun; pupujieun; ieu aing.
  19. Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna = Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa.
  20. Along-along bagja = Teu tulus meunang bagja.
  21. Alus laur hade ome = Tegep dedeg pangadegna (boh awewe boh lalaki).
  22. Alus panggung = Hade dedeg pangadegna.
  23. Ambek nyedek tanaga midek = Kacida ambekna ngan teu bisa ngalawan lantaran moal pikuateim.
  24. Ambek sadu santa budi = Saleh hate, lemes budi, sabar darana.
  25. Ambekna sakulit bawang (sakecap kadua gobang) = Babari ambek rosa.
  26. Ambon sorangan = Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
  27. Amis budi = Hade budi parangi, someah, mun nyarita sok dibarung ku imut.
  28. Amis daging = Babari pisan katerap kasakit
  29. Anak dua keur gumunda = Awewe nu karek boga anak dua, keur meujeuhna tegep, pikabogoheun.
  30. Anak emas = Anak anu kacida dipikanyaah ku kolotna, atawa pagawe anu kacida dipikanyaah ku dununganana.
  31. Anak hiji keur gumeulis = Awewe nu karek boga anak hiji, katenjona teh sok beuki geulis bae, komo nu bisa ngurus awak mah.
  32. Anak merak kukuncungan = Kahadean atawa kagorengan anak ngala ka indung-bapana.
  33. Anak tilu keur kumusut = Upama geus boga anak tilu, awewe nu teu bisa ngurus awak katenjona sok karusut, geus teu pati luis.
  34. Anggeus-anggeusan = Bebeakan.
  35. Anjing ngagogogan kalong = Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun.
  36. Anjing nyampeurkeun paneunggeul = Ngadeukeutan nu rek mahala.
  37. Anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan = Anu gedebul dihanu'nan, supaya tambah maceuh.
  38. Apal cangkem = Apal tapi teu nyaho hartina.
  39. Ari diarah supana, kudu dijaga catangna = Ari aya barang nu diala hasilna kudu daek ngurusna.
  40. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed = Najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora.
  41. Asa aing uyah kidul = Boga rasa panggindingna, pangkasepna, pangtegepna atawa pangpunjulna.
  42. Asa bucat bisul = Ngarasakeun lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean anu beurat, atawa sanggeus lesot tina kasusah. 
  43. Asa dijual teu payu = Cuang-cieung euvveuh batur lantaran ditinggalkeun di panyabaan ku anu ngajakna.
  44. Asa dina pangimpian = Rarasaan keur ngimpi awahing helok padahal keur nyaring.
  45. Asa dipopokan tai = Ngarasa pohara diwiwirangna.
  46. Asa dipupuk birus = Ngarasa tibra hate.
  47. Asa ditonjok congcot = Kacida atohna, bungah meunang rejeki nu teu disangka-sangka.
  48. Asa ditumbu (katumbu) umur = Kacida atohna, lantaran dibere barang anu kacida dipikahayangna atawa ditulungan dina keur meunang kasusah.
  49. Asa euweuh beungeutan = Kacida erana.
  50. Asa kabur pangacian = Kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak; asa leungit sumanget
  51. Asa kagunturah madu kaurugan menyan putih = Kacida bungahna jeung kacida bagjana.
  52. Asa katindihan langit = Henteu aya harepan.
  53. Asa kiamat = Pohara sedihna jeung susah luar biasa.
  54. Asa mobok manggih gorowong = Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
  55. Asa nyanghulu ka jarian = Teu ngeunah rasa lantaran kudu nga-dunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
  56. Asa peunggas rancatan = Leungiteun batur nu sok nalang dina pagawean.
  57. Asa potong (pingges) leungeun katuhu = Leungiteun jelema nu kacida gede gawena, kacida dipikabutuhna.
  58. Asa rawing daun ceuli = Mindeng ngadenge omongan anu henteu ngeunah.
  59. Asa teu beungeutan = Era kacida.
  60. Asa tungkeb bumi alam = Kacida bingungna.
  61. Asak jeujeuhan = Dipikiran heula masing anteb.
  62. Asak sasar = Dipaluruh bener-henteuna.
  63. Asak warah = Hade atikan, basa jeung paripolahna merenah.
  64. Atah adol = Kurang ajar, kurang pangawarah.
  65. Atah anjang = Langka silih anjangan.
  66. Atah warah = Kurang atikan, sabalikna tina asak warah.
  67. Ateul biwir = Sok getek hayang bae ngomong sanajan teu perlu dicaritakeun.
  68. Ateul dampal leungeun = Gereget hayang nampiling.
  69. Ati mungkir beungeut nyanghareup = Caritaan jeung kalakuan henteu terus nepi kana hate, sabab di hareupeun hade di tukangeun ngagorengkeun.
  70. Ati putih badan bodas = Beresih hate, taya geuneuk-maleukmeuk.
  71. Atung eneh atung eneh = Kitu-kitu keneh.
  72. Aub payung sabet sapon saba-soba = Nuduhkeun wawatesan pakuwon.
  73. Awak kawas badawang = Jangkung gede teu matut.
  74. Awak sabeulah = Henteu boga salaki atawa pamajikan.
  75. Awak sampayan(eun) = Make pakean kumaha oge pantes bae.
  76. Awak satilas = Jangkung lenjang.
  77. Awet jaya (ngora) = Katenjona siga ngora bae.
  78. Awet-rajet = Dilarapkeun ka nu laki-rabi, lana tapi rea paceng-kadanana.
  79. Awewe mah dulang tinande = Awewe mah biasana kumaha lalaki/salaki.
  80. Awewe mah tara cari ka Batawi = Awewe mah tara nyiar kipayah.
  81. Awi sadapuran tara lempeng kabeh = Najan sarua saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.
  82. Aya (boga) garad = Aya maksud nu dikemu, aya nu dipambrih, henteu iklas.
  83. Aya astana sajeungkal = Datangna ajal teu gumantung kana umur panjang. Naon-naon anu dianggap jajauheun, bisa wae kajadian.
  84. Aya bagja teu daulat = Rek meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteu tulus.
  85. Aya buntutna = Aya terusna (tina perkara) anu nguciwakeun.
  86. Aya cukang (jalan) komo meuntas = Kabeneran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
  87. Aya dina sihung maung = Dilarapkeun ka jelema nu loba hubungan jeung gegeden, jadi gampang meunang pitulung.
  88. Aya gantar kakaitan = Aya hal anu teu sapuk jeung hatena tapi teu dikedalkeun, henteu iklas pisan; atawa aya perkara atawa kajadian riaon-naon nu pasambung jeung kajadian anu ti heula.
  89. Aya jalan komo meuntas = Aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
  90. Aya jodo pakokolot = Bisa ngajodo sanggeus papada kolot.
  91. Aya jurig tumpak kuda = Datang milik anu henteu disangka-sangka.
  92. Aya kelong newo-newo = Aya anu ngusutkeun (ngarorocet), padahal geus beres pisan tadina mah.
  93. Aya nu dianjing cai = Aya nu diheroan.
  94. Aya (boga) pikir kadua leutik = Aya kahayang anu henteu kanyahoan ku batur, upamana hal kacintaan.
  95. Aya (boga) pikir kapingburi = Aya kahayang anu timbul pandeuri; asal teu hayang jadi hayang, sanggeus lila ditimbang-timbang.
  96. Ayakan tara meunang kancra = Jelema bodo moal sarua gajihna atawa panghasilanana jeung jelema pinter.
  97. Ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut nyangsang = Nuduhkeun kaayaan anu teu sawajarna upamana bae anu dihukum teh anu teu pira kasalahanana, ari nu gede kasa-lahanana teu dihukum.
  98. Ayang-ayangan = Tumerap kana perkara anu rea rambat kamalena.
  99. Ayem tengtrem = Euweuh kaributan atawa bancang pakewuh.
  100. Ayeuh ngora = Tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.
Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top