S
- Saampar samak = Sagebleg jeung kaayaanana meh sarua, sakapat atawa satatar (ngeunaan sawah, kebon), disebutkeun kana sawah atawa tanah nu padeukeut atawa tepung wates jeung sawah atawa tanah batur.
- Saaub payung sacaang damar = Lahan atawa pakarangan heureut.
- Sabata sarimbagan, sabobot sapihanean = Layeut sauyunan, tara pasalia pikir. Tingali oge Sareundeuk saigel, saketak sapihanean, sabata sarimbagan.
- Sabda pandita ratu = Pangandika raja kudu beunang dipercaya kawas sabda pandita, raja teu meunang cidra. Sabelas dua belas Sarua keneh, sakitu-kitu keneh.
- Sabuni-buni nu ngising = Sanajan dibuni-buni/dirasiahkeun, pagawean serong mah awal ahir sok kanyahoan.
- Sabuni-buni (nu neundeun) tarasi = Sanajan dibuni-buni/dirasiahkeun, pagawean serong mah awal ahir sok kanyahoan.
- Sacangreud pageuh, sagolek pangkek = Sagala omonganana ditedunan, tara jalir jangji, pageuh nyekel jangji, tara sulaya tina omonganana.
- Saciduh metu, saucap nyata = Sipat nu luhung elmuna, sagala rupa kasauranana aya buktina.
- Saciriking duit sakocopoking bogo = Rupa-rupa perkara anu boga daya tarik kana hate.
- Sadom araning baraja (braja), sakunang araning geni = Perkara (barang) anu bisa ngalantarankeun cilaka, sanajan teu pira (jadi ulah sok mokahaan).
- Saeutik mahi loba nyesa = Jelema anu bisa ngatur rejeki, najan ukur meunang saeutik, tapi bisa nyumponan pangabutuh.
- Saeutik patri = Najan saeutik tapi matak sugema lantaran alus.
- Sagalak-galakna (sagalak-galaking) macan, tara ngahakan (nyatu) anak sorangan = Sakumaha bengisna atawa kejemna jelema, moal nepi ka ngabinasa atawa nyilakakeun anak.
- Saherang-herangna cibeas = Sabersih-bersihna hate jelema nu geus nganyenyeri moal beresih pisan.
- Sakeser daun = Babari lapar deui.
- Sakecap kadua gobang = Babari ambek, malah mun ambek bari sok ngagunakeun pakarang.
- Sakti mandraguna (manggulang-mangguling) = Pohara saktina.
- Sakuru-kuruna lembu, saregeng-regengna banteng = Sakumaha teu bogana, jalma nu asalna beunghar, moal miskin-miskin teuing.
- Salieuk beh = Beunghar, sagala aya.
- Salisung garduh = Sapongkol (sakongkol).
- Saluhurna punduk, tara ngaliwatan hulu = Sakumaha pinterna murid (waktu harita), moal leuwih pinter ti guruna.
- Samagaha pikir (hate) = Hirup bingung, baluweng mikiran kasusah.
- Sanajan nepi ka bisa ngukir langit = Sanajan sakumaha pinterna.
- Sangsara di geusan betah = Jelema anu kacida miskinna, tapi anehna teh ari hirup mah hayang keneh.
- Sapapait samamanis = Hirup rukun.
- Sapi anut ka banteng = Awewe ngawula ka salaki.
- Sapu nyere pegat simpay = Papisah sanggeus babarengan lila, lantaran pindah tempat.
- Sareundeuk saigel, sabobot (saketak) sapihanean, sabata sarimbagan = Rempug sauyunan, sabagja sacilaka, lulus runtut.
- Sari gunung = Tegep geulis katenjona ti kaanggangan ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha.
- Sasieureun sabeunyeureun = Saeutik-eutikeun.
- Satalen tilu baru = Kitu-kitu keneh.
- Satengah buah leunca = Rada gelo, kurang ingetan.
- Sato busana daging, jalma busana elmu = Jelema mah minangka nu jadi papakeanana teh elmu, lain daging kawas sato.
- Saumur nyunyuhun hulu = Ti barang lahir, ti barang inget.
- Saungkab peundeuy = Omongan nu ringkes sarta rada janggal, upamana nu carang takol, ari rajeun ngomong saungkab peundeuy.
- Saur manuk = Ngajawab pertanyaan bareng sarta sarua, saperti ngucapkeun, "Mupakat, akur!"
- Sawaja sabeusi = Sarua harkatna, darajatna atawa rajakayana, sakupu (salaki jeung pamajikan).
- Sawan geureuh = Kawas nu reuwas ku digeunggeureuh-keun.
- Sawan kuya = Kawas kuya nangkarak teu bisa nangkub, dilarapkeun ka jalma nu naek teu bisa turun atawa nu hayang eureun tina pagawean nu geus dimimitian tapi teu bisa.
- Sengserang padung = Jelema geus kolot, ceuk taksiran geus deukeut kapaeh.
- Sengserang panon = Jajaka atawa parawan nu keur meujeuhna pikaresepeun, atawa keur meujeuhna resep nenjo nu tegep lantaran keur mangkat beger.
- Setan bungkeuleukan = Jelema anu kacida jahatna, taya rasrasan dina kadolimanana.
- Sela hapitan gunung = Budak lalaki nu boga lanceuk awewe hiji jeung adi awewe hiji.
- Selang-seling = Aya eling aya henteu (nu gering rada owah).
- Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat (beja) = Kabar angin atawa kabar tolok, nyaeta beja anu nyebarna ditatalepakeun, teu puguh sumberna.
- Sentak badakeun = Digawe rosa tapi ngan sajongjongan; digawena getol sakapeung, reureundahan.
- Sepi paling towong rampog = Aman kerta raharja.
- Serah bongkokan = Taluk, sanggeus ngarasa teter.
- Sereg di buana (panto), logor di liang jarum = Teu bisa atawa teu wani campur jeung jalma rea nu balener lantaran jahat loba dosa, biasana campurna di kalangan nu jarahat deui bari susulumputan.
- Seukeut ambeu seukeut panon = Loba mata-matana.
- Seukeut tambang manan gobang = Sakumaha gagahna jelema lamun ngalawan ka pamarentah tangtu katangkep.
- Seuneu hurung dipancaran = Jelema nu keur ambek ditambahan piambekeuna na.
- Seuneu hurung, cai caah, ulah disorang = Jalma ami keur napsu ulah diladenan atawa diheureuyan.
- Seuri koneng = Seuri maur, seuri bari rada era atawa nyeri, upamana tas ceurik atawa tas ngambek.
- Seuseut batan neureuy keueus = Kacida hesena.
- Si Cepot jadi raja = Jelema euweuh kabisa jadi pamingpin.
- Sibanyo laleur = Ledis pisan, teu nyesa saeutik-eutik acan.
- Siduru isuk = Nyunatan budak teu make raramean, sarta teu ondang-ondang.
- Sieun keplok jadi tamplok = Sieun rugi saeutik, tapi tungtungna rugi gede pisan.
- Sieun nyakclak jadi bahe = Sieun rugi tapi tungtungna jadi lapur.
- Sieuran = (Awewe) ku saliwat katenjona teu kaasup geulis, tapi mun ditelek-telek tegep; sabalikna tina sarigunung.
- Siga bentang kabeurangan = Geulis pisan.
- Siga bungaok = Goreng patut pisan.
- Silih jenggut jeung nu gundul =Pakumaha-kumaha jeung batur nu pada teu boga nanaon.
- Siniger tengah = Sikep atawa pamadegan nu sedeng, biasana henteu biluk ka salahsahiji pihak.
- Sireum ateulan = Teu adil dina babagi atawa teu sarua gedena dina barangjieun; teu sarua ukuranana (gedena).
- Sireum ngalawan kadal = Nu leutik ngalawan nu gede.
- Sirung ngaluhuran tunggul = Jelema nu darajatna atawa elmuna ngungkulan kolotna atawa guruna.
- Sisit kadal = Goreng milik.
- Sisit kancra = Alus milik.
- Soeh keuyeupeun = Soeh nyiku atawa masekon (baju, samping jsb).
- Sono bogoh geus kalakon, lara wirang geus kasorang = Geus cukup pangalaman ngarasakeun suka-duka.
- Sosoroh gawe = Menta digawekeun tanpa buruhan, asal dibere dahar.
- Sosoroh kojor = Milu perang nandonkeun nyawa, tapi miluna teu iklas, lantaran dipaksa.
- Suku sambung leumpang, biwir (letah) sambung lemek = Darma mangnepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
- Sulit ati belang bayah = Dilarapkeun ka jelema nu pundungan jeung goreng sangka ka batur.
- Suluh besem ari diasur-asur mah hurung = Jelema sabar oge ari hantem diangsonan mah piraku teu ngalawan.
- Sumput-salindung = Boga kalakuan anu ulah kanyahoan ku batur (salaki ku pamajikan atawa sabalikna).
- Sundul ka langit = Kacida luhurna nepi ka kawas nu adek kana langit.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar