U
- Ubar puruluk = Omongan pikeun nengtremkeun pikir sakadarna, ulah ngarasula.
- Ukur pulang modal = Henteu untung henteu rugi, balik jinis.
- Ulah andelan ulah pidelan = Ulah percayaan teuing, tapi ulah teu percayaan teuing.
- Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung = Ulah babari bosen, kudu mayeng kanyaah, kudu mimitina asih beuki lila beuki asih.
- Ulah ieu aing uyah kidul = Ulah asa aing pangpunjulna.
- Ulah incah balilahan = Entong pindah tempat.
- Ulah nyeungseurikeun upih ragrag = Ulah ngageuhgeuykeun (kolot) nu ku urang sorangan bakal kasorang (kaalaman).
- Ulah sambat kaniaya = Ulah majar maneh dikaniaya, da bongan boga dosa.
- Ulah tiis-tiis jahe = Ulah senang-senang atawa cicing-cicing bae samemeh sasadiaan pikeun ngalaksanakeun perkara nu disanghareupan.
- Umur gagaduhan, banda sasampiran = Boh umur boh harta banda teu ngaboga-boga, sabab dina hakekatna mah sadayana oge kagungan Allah.
- Uncal kaauban surak = Ngadenge beja tacan sidik tuluy diandel enya bae.
- Uncal tara ridueun ku tanduk = Elmu moal matak ridu mamawa.
- Undur kadeuleu punduk, datang kadeuleu tarang = Henteu ngaleos kitu bae, bebeja heula, basa rek indit saperti basa datang.
- Unggah adat = Jelema anu robah pangadatan (pamake) atawa kalakuan, ku sabab ngarasa yen darajat dirina geus ningkat.
- Unggah balewatangan = Katarik kana perkara kudu datang ka pangadilan, boh ukur jadi saksi boh jadi nu didakwa.
- Urang curug ngebul = Jalma dusun ti nu jauh pisan ti kota.
- Urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah = Jelema dusun.
- Uteuk tongo dina tarang batur katenjo (kanyahoan), ari gajah depa dina punduk teu karasa = Kagorengan batur sanajan saeutik kanyahoan, ari cacad awak sorangan masing gede oge teu karasa.
- Uteuk tongo walang taga = Barang-barang atawa sasatoan anu panglaleutikna.
- Uyah tara tees ka luhur = Sipat anak sok ngala ka indung-bapana.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar