T
- Taarna teja mentrangan = Tarang anu alus kawas anu cahayaan.
- Tacan aya nu nganjang ka pageto = Can aya jelema nu nyaho naon anu bakal kajadian di ahir.
- Tai ka hulu-hulu = Tingali miyunihurang, taika hulu-hulu(na).
- Taktak korangeun = Taktak leway kawas kempis.
- Tamba gado ngaburayot (ngagayot) = Tamba cicing teu barangdahar, lumayan sanajan lain nu ngeunah.
- Tamiang meulit ka bitis = Malindes ka diri sorangan.
- Tamplok aseupan = Turun sagemblengna ka anak, boh dedeg-pangadegna boh tingkah lakuna.
- Tamplok batokeun = Berehan, balabah teuing nepi ka teu ngingetkeun kana kaperluan sorangan.
- Tangkal kai teu kalis ku angin = Unggal jelema kudu bae nyorang kasusah.
- Taraje nanggeuh dulang tinande = Sadia ngajalankeun parentah.
- Tarik alahbatan (alahbatan) mimis = Kacida tarikna.
- Tatah wadung = Rajakaya anu dipiboga ku hiji jalma.
- Tawar gatra = Nawaran (ngajak) dahar tamba henteu basa-basa acan. Bandingkeun jeung Ajak jawa
- Taya dunya kinasihan = Sagala rupa dibikeun pikeun jalma nu dipikaasih mah.
- Taya genah panasaran = Geus ngarasa sugema, teu ngandung hate.
- Taya geusan pakumaha (pananggeuhan) = Euweuh batur keur diajak badami.
- Taya halodo panyadapan = Taya eureunna pasea.
- Taya kabau = Sagala daek, sagala beuki.
- Taya tangan pangawasa = Leuleus, taya tanaga.
- Tembong (kanyahoan) tambagana = Kaayaan hate atawa laku lampahna anu goreng ahirna kanyahoan, sok sanajan tadina disumputkeun.
- Tembong gelor = Hiji barang atawa tempat anu katembongna mah deukeut padahal saenyana jauh.
- Teng manuk teng, anak merak kukuncungan = Ngala ka indung jeung ka bapa.
- Tebus purun paradah wani = Upama perlu daek nebus, sarta wanikatempuhan jeung wani tanggung jawab.
- Teguh pancuh = Teguh pamadegan.
- Teluh kejo = Tunduh lantaran seubeuh teuing dahar.
- Terusing ratu rembesing kusumah = Turunan raja-raja atawa menak.
- Teu asup ka Rewah-Mulud = Jelema anu tara diondang kana sidekah dina bulan Rewah jeung Mulud.
- Teu asup kolem = Teu asup bilangan, teu kaaku golongan.
- Teu aya geuneuk maleukmeuk = Bersih hate, teu ngunek-ngunek.
- Teu hade gawe = Teu pantes bisa digawe.
- Teu basa (beja) teu carita = Teu aya beja pisan.
- Teu basa-basa acan = Teu ngedalkeun rasa bungah, sono atawa tumarima.
- Teu beunang dikoet ku nu keked = Jelema koret, teu beunang dipentaan tulung ku nu keur susah.
- Teu beunang disupa dulang = Teu beunang dibebenjokeun.
- Teu boga pikir rangkepan = Bolostrong, teu boga curiga, atawa teu boga rasa timburu.
- Teu boga tulang tonggong = Teu boga tatalang raga.
- Teu busik bulu salambar = Salamet atawa meunang kaunggulan, henteu kabeunangan ku musuh.
- Teu busik-busik acan = Salamet, henteu kabeunangan ku musuh. Babandingan teu busik bulu salambar.
- Teu cai herang-herang acan = Teu disuguhan naon-naon.
- Teu di hurang teu di keuyeup = Parasaan mah teu di cacah teu di menak, sarua bae.
- Teu diambeuan = Teu dihargaan, teu diajenan, teu dipikaserab, teu dipikaera, teu dipikasieun.
- Teu dibere cai atah = Teu diogo.
- Teu didenge ku tai ceuli (bujur) = Teu diperhatikeun pisan.
- Teu didingding kelir = Diceplakkeun satarabasna taya nu di-pinding-pinding.
- Teu dipiceun sasieur = Ceples, sarua pisan.
- Teu ditari (ditalek) teu ditakon = Diantep, teu ditanya-tanya acan, sumawonna diajak nyarita.
- Teu eleh geleng = Henteu eleh pangabisa.
- Teu elok teu embol = Teu katenjo datang atawa balikna, teu tembong-ternbong.
- Teu embut teu ciak = Teu mere beja saeutik-eutik acan.
- Teu gedag bulu salambar = Teu sieun saeutik-eutik acan ku ancaman musuh.
- Teu gugur teu angin = Teu aya lantaranana, teu aya sabab-musababna.
- Teu hir teu walahir = Teu baraya meueus-meueus acan.
- Teu inget sacongo buuk = Poho sama sakali.
- Teu jauh ti juru tihang, teu anggang ti tihang tengah = Geus goreng rupana teh goreng kalakuanana, sabab sok pulang-paling.
- Teu kabadanan = Teu katanagaan.
- Teu kakurung ku entik = Teu kaasup bilangan jelema anu kudu disuguhan/ dibere dahar.
- Teu kaleungitan peuting = (Awewe) nu tacan kaleungitan salaki sapeuting jeput euweuh di imah (ciri-ciri teu mangduakeun).
- Teu kaur beunta/teu kaur buluan = Teu kaur aya kaboga, beak deui-beak deui.
- Teu lemek teu nyarek = Teu ngomong naon-naon.
- Teu mais teu meuleum = Teu pipilueun kana urusan nu jadi carita.
- Teu meunang cai atah = Teu dipangmeunangkeun.
- Teu nalipak maneh = Teu ngukur ka kujur, ngalampahkeun kalakuan nu teu saluyu jeung kaayaan dirina.
- Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan = Ngumbar napsu sahwat bari henteu pipilih heula.
- Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata = Nyaksian ku sorangan, lain beunang beja.
- Teu nyaho di alip bingkeng = Buta hurup, teu bisa ngejah-ngejah acan.
- Teu nyaho di hitut bau = Teu loba pangalaman, dusun.
- Teu nyaho di kaler-kidul = Linglung, kapaider.
- Teu pindo gawe = Teu ngabohong.
- Teu puguh alang ujurna (hulu buntutna) = Teu puguh entep seureuhna, teu beres (bisa kana omongan atawa pagawean).
- Teu puguh monyet hideungna = Teu puguh tungtungna.
- Teu sanak teu kadang = Teu boga baraya pisan.
- Teu tata pasini = Teu cacarita heula, teu badami heula.
- Teu tuah teu dosa = Teu boga kasalahan naon-naon.
- Teu uyahan = Rehe, teu lucu.
- Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang = Balukar tina teu wawuh, tangtu bakal jadi pajauh.
- Ti batan meunang pala anggur meunang palu = Ti batan meunang pujian atawa buruhan kalah ka dicarekan.
- Ti kikirik nepi ka jadi anjing = Ti bubudak (leuleutik) tepi ka sawawa (dewasa).
- Ti nanggerang lila beurang ti nangkorek lila poek = Ti mana-mana, ti suklakna ti siklukna.
- Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk = Ti bubudak nepi ka bongkok ku kakolotan.
- Ti peuting kapalingan, ti beurang kasayaban = Karoroncodan leuwih ti sakali.
- Tibalik pasangan = Lain kitu kuduna, tojaiah jeung nu bener.
- Tibatan kapok, anggur gawok = Henteu kapok, anggur ngahanakeun.
- Tiis ceuli herang mata = Ngarasa sugema, taya kahariwang, ngeunah tetenjoan.
- Tiis dingin paripurna = Sampurnaning tiis pikir/ tibra sare, kacida ngarasa sugemana, taya kahariwang.
- Tiis leungeun = Jadian pepelakan.
- Tiis pikir = Senang hate.
- Tiis-tiis jahe = Tenang-tenang wae, padahal rek nyanghareupan pagawean gede tur bangga.
- Tikoro andon peso = Nyampeurkeun nu rek newak atawa ngahukum.
- Tikoro kotokeun, careham hayameun = Isuk-isuk keneh (neut hudang) geus kudu barangdahar.
- Tilas tepus = Ukur sacukupna bae.
- Tinggal tulang jeung kulit = Kacida begangna (nu gering ripuh).
- Tinggar kalongeun = Tina mindeng teuing dicarekan atawa dilarang, tungtungna teu sieuneun.
- Tipu keling, ragaji inggris = Pinter dina urusan kajahatan, pangpangna dina nipu atawa macikeuh deungeun.
- Tisusut tidungdung = Digawe ti isuk nepi ka peuting teu eureun-eureun.
- Titip diri sangsang badan = Mihapekeun maneh, kumawula supaya aya anu mere dahar jeung pake.
- Titirah ngadon kanceuh = Neangan kasenangan, tapi kalah meunang kasusah.
- Torojog (tumorojog) tanpa larapan = Datang henteu ngiberan heula.
- Totopong heureut dibeber-beber kalah soek = Rejeki saeutik ari kaperluan loba, tungtungna timbul kasusah.
- Trong kohkol morongkol, dur bedug murungkut = Dilarapkeun ka jelema nu kedul hudang subuh.
- Tuang jinis = Jelema nu sok seuri ku carita atawa dongengna sorangan, ari batur mah euweuh nu seuri.
- Tugur tundan cuntang gantang = Kawajiban nu leutik ngalampahkeun papagon nagara.
- Tumpang sirang = Teu pantes barangpake, tumamu lantaran kararagok wae jeung nu dicicingan.
- Tunggu tutung = Nu ngajaga atawa nu tunggu kapalingan ku lantaran lalawora.
- Tunggul dirarud, catang dirumpak = Ngalajur napsu taya nu dihiding, euweuh kasieun, sagala dirumpak.
- Tunggul kuras = Duit teu sabaraha anu ngahaja disesakeun, tamba kosong teuing pesak (dompet).
- Tunggul sirungan catang supaan = Aya kajadian goreng di ahir nu matak teu ngeunah balukarna.
- Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan = Junun digawe henteu kabengbat ku pagawean sejen.
- Turun ka ranjang = Kawin ka adi beuteung sanggeus jeung lanceukna kapegat ku ajal atawa pepegatan. Sabalikna tina unggah ka ranjang.
- Turun tangis = Babarian ceurik.
- Turunan Tumenggung sundung, patih arit = Lain turunan menak sanajan enya jeneng.
- Tutung atahan = Pagawean atawa jijieunan anu alus sawareh.
- Tuturut munding = Nurutan kalakuan batur bari teu ngarti kana maksudna.
- Tutus langkung, kepang halang, bobo sapanon carang sapakan = Omongan atawa caritaan anu salah pok-pokanana atawa teu pati merenah.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar