N
- Naheun bubu pahareup-hareup = Pahutang-hutang nepi ka pada kagok nagih (pihutangeun).
- Najan dibawa ka liang cocopet, moal burung nuturkeun = Dibawa ka mana-mana oge daek (awewe ku salakina).
- Nanggung bugang = Ditinggalkeun maot ku lanceuk jeung ku adi.
- Nangkeup mawa euyeub (eunyeuh) = Mawa cilaka ka nu dipentaan tulung.
- Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman = Kumpulan barempug (ragem), musawarah.
- Nembongkeun sihung = Nembongkeun kapunjul (kakawasaan,kabeungharan, kapinteran) dirina sangkan dipikaserab atawa dipikasieun batur.
- Neneh bonteng = Ngogo ka budak, tapi ari ambek gampang neunggeul.
- Nepakeun jurig pateuh = Mindahkeun kagorengan ka batur sangkan sorangan salamet.
- Nete akar ngeumbing jangkar = Seseleket ka nu hese, nyorang wewengkon anu rumpil.
- Nete porot ngeumbing lesot = Sagala ihtiar teu hasil.
- Nete semplek nincak semplak = Kitu salah kieu salah; sagala rupa ihtiar teu hasil.
- Nete taraje nincak hambalan = Kudu merenah, kudu puguh pereleanana (ti handap heula).
- Nepak cai malar ceret = Ngagunakeun akal, supaya batur nyaritakeun perkara anu ku urang keur ditalungtik.
- Nepak dada = Ngagulkeun jasa diri sorangan.
- Nepi ka nyanghulu ngaler = Nepi ka paeh.
- Nepi ka pakotrek iteuk = Nepi ka pakokolot pisan (nu awet lakirabi ti keur pada ngora).
- Nepung-nepung bangkelung = Ngaraketkeun babarayaan ku jalan bebesanan.
- Neukteuk curuk dina pingping = Nyilakakeun baraya atawa batur sagolongan.
- Neukteuk leukeur meulah jantung, geus lain-lainna deui = Teu hayang dibalikan deui (awewe ka urut salakina).
- Neukteuk mere anggeus = Mutuskeun hubungan.
- Neundeun hate = Aya kahayang nu henteu dikedalkeun.
- Neundeun piheuleut nunda picela = Neangan lantaran supaya jadi goreng atawa bengkah.
- Ngabejaan bulu tuur = Ngabejaan perkara nu geus teu aneh keur nu dibejaan, da geus nyahoeun.
- Ngabeungeutan = Nembongkeun kagetolan jeung kasatiaan dina mimiti kumawula wungkul.
- Ngaboretekeun liang tai di pasar = Nyaritakeun rasiah sorangan nu matak aeb.
- Ngabudi ucing = Kawas nu teu karep, api-api teu hayang, padahal ngadagoan batur bongoh.
- Ngabudian = Nembongkeun pasemon ngewa, buad-baeud.
- Ngabuntut bangkong = Teu bisa mere katerangan nepi ka eces pisan, atawa teu sanggup nganggeuskeun pagawean.
- Ngaburuy = Nginum cai wungkul bari teu make lalawuh (upamana semah nu teu disuguhan kadaharan).
- Ngacak-ngebur = Mangpang-meungpeung sabab sagala geus nyampak.
- Ngadagoan belut buluan (sisitan), oray jangjangan = Moal kaalaman, mustahil kajadian.
- Ngadagoan kuda tandukan = Ngaharepkeun perkara nu mustahil bisa kajadian.
- Ngadagoan uncal mahpal (mabal) = Ngadagoan rejeki bari teu ihtiar.
- Ngadago-dago (nganti-nganti) dawuh = Tereh maot.
- Ngadaweung (ngalangeu) ngabangbang (ngawangwang) areuy (tineung) = Ngadaweung bari kawas nu jarauh panineungan.
- Ngadek sacekna, nilas saplasna = Nyarita satarabasna, teu direka.
- Ngadeupaan linear = Karalang-kuriling deukeut imah nu keur hajat (sidekah) ngarah diaku atawa diondang.
- Ngadu angklung = Parebut omong atawa parea-rea omong nu taya gunana
- Ngadu bako = Ngobrol ngaler-ngidul bari teu puguh jejerna.
- Ngadu-ngadu rajawisuna = Ngahudangkeun amarah batur ngarah parasea.
- Ngagandong kejo, susah nyatu = Loba titaheun ngan hanjakal ku hese nitahna, lantaran euweuh nu daekeun.
- Ngagedag bari mulungan = Nanyakeun hiji perkara anu manehna sorangan teu nyaho jawabanana, susuganan bisa terus nyaho tina jawaban ti anu ditanyana.
- Ngahihileudan = Ngahalang-halang jadina hiji perkara ku jalan ngagogoreng, nyingsieunan atawa mitenah.
- Ngahuntu kala = Paselang nu luhur jeung nu handap dina jajaran.
- Ngahurun balung ku tulang = Jelema nu diuk bari nangkeup tuur lantaran keur susah atawa keur bingung.
- Ngajeler paeh = Ngajepat alus (halis).
- Ngajerit maratan langit, ngoceak maratan mega (jagat) = Ngajerit tarik pisan.
- Ngajual jarum ka tukang gendong = Niat nipu ka nu pinter,
- Ngajul bentang (bulan) ku asiwung = Mikahayang nu pamohalan bisa kalaksanakeun.
- Ngalalakon = Nyieun peta nu matak ngahesekeun.
- Ngalambang sari = Awewe atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan ngalakukeun hubungan seks di luar nikah; jinah.
- Ngalamot curuk = Teu beubeunangan, teu hasil.
- Ngalap hate = Ngagenahkeun hate batur sangkan nyaaheun ka urang.
- Ngalenghoy lir ma can teu nangan = Awewe nu leumpang ngalenghoy atawa ngalanggeor.
- Ngaletak ciduh = Teu tulus atawa ngabatalkeun omongan.
- Ngalebur tapak (dosa) = Ngaleungitkeun lampah goreng, supaya migawe nu hade.
- Ngalegokan (ngajeroan) tapak = Nambahan kasalahan atawa dosa.
- Ngaleut-ngaleut (ngeungkeuy) ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang = Iring-iringan nu panjang naker.
- Ngaliarkeun taleus ateul = Resep ngucah-ngaceli kagorengan batur.
- Ngalingling ngadeuleu maling = Nenjo bari susulumputan da embung kanyahoan ku nu ditenjo atawa ku batur.
- Ngalintuhan maung kuru = Neangan pibahayaeun.
- Ngalungkeun kuya ka leuwi = Nempatkeun jelema (pagawe) ka lemburna sorangan.
- Ngan ukur saoleseun = Ngan ukur keur kaulinan atawa keur saheulaanan, lain rek enya-enya dijieun pamajikan nu bener.
- Ngandung hate = Ngunek-ngunek, boga hate goreng hayang males kanyeri; rasa teu ngeunah dina hate anu can leungit-leungit.
- Nganjuk kudu naur, ngahutang kudu mayar = Pihutang, tagihan, sabalikna tina hutang-hatong.
- Nganjuk teu naur, ngahutang teu mayar = Ngajeblug.
- Nganyam samak neukteukan bari motongan = Neang anak ngadeukeutan popotongan.
- Ngarah ngarinah = Ngarugikeun batur ku jalan ngabobodo, nipu,jste.
- Ngarah sahuap-sakopeun = Usaha leuleutikan, neangan rejeki saharitaeun.
- Ngaraja dewek = Marentah nagara nurutkeun kahayang sorangan.
- Ngarangkay koja = Robah adat, tina hade kana goreng, ngan henteu ngadadak, tapi lila.
- Ngarawu ku siku = Hayang loba panghasilan ku rupa-rupa usaha nu tungtungna teu kaurus, sabalikna tina karawu kapangku.
- Ngareuntaskeun (ngarangkaskeun) dungus = Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot.
- Ngarujak sentul =Nu keur paguneman pahare-hare, batur ka kidul ieu ka kaler.
- Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = Mere maweh ka deungeun-deungeun ari ka baraya joledar.
- Ngawurkeur wijen kana keusik = Pagawean nu mubadir.
- Ngeplek jawer ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri = Kecing,borangan, elehan.
- Ngebutkeun totopong = Ngetrukkeun elmu-pangabisa.
- Ngeduk cikur kudu mihatur, nyokel jahe kudu micarek, ngagegel kudu bewara = Kudu menta idin heula ka nu bogana.
- Ngegel curuk (basa Sunda kamalayon tina menggigit jari) = Teu beubeunangan, teu hasil.
- Ngembang awi = Ngeumbreuk, teu laku dagangan (asal tina eumbreuk).
- Ngembang bako = Bosongot (asal tina bosongot).
- Ngembang bolang = Ancal-ancalan keneh, tacan ceuyah bubuahan (asal tina ancal).
- Ngembang boled = Tetela (asal tina katela).
- Ngembang cau = Jantungeun (asal tina jantung).
- Ngembang cengek = Mencenges, nenggang ti nu sejen, nu geulis (asal tina pencenges).
- Ngembang genjer = Gelenye (asal tina gelenye).
- Ngembang jaat = Jalingeur (asal tina jalingeur).
- Ngembang jambe = Kumayangyang (asal tina mayang).
- Ngembang jambu = Lumenyap (asal tina lenyap).
- Ngembang jengkol = Merekenyenyen (asal tina merekenyenyen).
- Ngembang kadu = Olohok (asal tina olohok).
- Ngembang kaso = Curiwis (asal tina curiwis).
- Ngembang laja = Jamotrot (asal tina jamotrot).
- Ngembang lopang = Nyacas (asal tina cacas).
- Ngembang pare = Baringsang (asal tina ringsang).
- Ngembang tiwu = Ngabadaus (asal tina badaus).
- Ngembang waluh = Alewoh (asal tina alewoh).
- Ngembang wera = Beureum beungeut lantaran ambek atawa era (asal tina wera).
- Ngembat-ngembat = nyatang pinang Kacida panjangna, iring iringan, aleutan.
- Ngepung meja = Dariuk sakurilingeun meja, rek dalahar.
- Ngeunah angen ngeunah angeun = Senang hate (taya kasusah) jeung ngeunah barangdahar.
- Ngeunah Eon teu ngeunah Ehe = Hayang ngeunah sorangan bae, teu ngingetkeun kaperluan batur, teu adil lantaran nu sapihak pinter kodek.
- Ngeunah nyandang ngeunah nyanding = Hirup senang lantaran cukup pake jeung nyandingkeun pamajikan nu satia.
- Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup = Neangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.
- Ngeupeul ngahuapan maneh = Mere nasehat atawa nyieun aturan kalawan maksud nguntungkeun sorangan.
- Ngindung ka waktu, ngabapa ka mangsa = Nyurupkeun kalakuan kana kaayaan jaman.
- Ngijing sila bengkok sembah = Teu satia ka dunungan.
- Ngimpi ge diangir mandi = Palias, bararaid teuing, kacida teu panujuna, teu (tarima) meueus-meueus acan.
- Ngingu (ngukut) kuda kuru, ari geus lintuh (gede) nyepak = Miara atawa ngamemenan jalma walurat, ari geus senang jadi cucungah.
- Nginjeum sirit ka nu kawin = Nginjeum barang (parabot) anu keur dipake ku nu bogana, jeung ngan sakitu-kituna.
- Ngodok Hang buntu = Geus hese cape, ari pek teh teu hasil sabab aya nu ngahalangan.
- Ngomong(na) sabedug sakali = Jarang ngomong.
- Ngorbankeun jiwa jeung raga = Ngorbankeun sagala rupa nu dipibanda, sanajan nepi ka nyawa pisan.
- Ngotok ngowo = Cicing bae di imah, tara liar.
- Ngudag-ngudag kalangkang heulang = Ngarep-ngarep perkara anu samar kalaksanakeun.
- Ngukur baju sasereg awak = Hirup saeukeurna, dina papait jeung mamanis teu daek pacorok jeung batur.
- Ngukur ka kujur nimbang ka awak = Diluyukeun jeung kaayaan atawa pangaboga.
- Ngulit bawang = Ipis, henteu terus kana hate.
- Ngusap birit bari indit = Ninggalkeun pasamoan tanpa pamit heula.
- Ngusik-ngusik ula mandi, ngobah-ngobah (ngahudangkeun) macan turu = Ngagugat-gugat perkara nu geus kaliwat, sarta nu temahna matak nimbulkeun deui pacogregan.
- Nikukur = Nyebut ngaran sorangan ka nu anyar pinanggih.
- Nilik bari ngeusi = Babanda ngumpulkeun parabot imah henteu disakalikeun, tapi ditungtut saeutik-saeutik.
- Nimu luang tina burang = Meunang pangalaman lantaran cilaka heula.
- Nincak parahu dua = Migawe dua perkara anu upama teu bisa bener, gede atawa aya bahlana; digawe ngarancabang (biasana tara bener hiji-hiji acan).
- Ninggalkeun hayam dudutaneun = Ninggalkeun pagawean nu can anggeus.
- Nini-nini dikeningan, ewe randa dihiasan = Ngararangkenan barang nu geus butut, najan dirias dihade-hade oge angger bae teu katenjo alus.
- Nini-nini leungit sapeuting, tai maung huisan = Katuding pedah aya patalina jeung kajadian nu jadi perkara.
- Nista, maja, utama = Sakali keun bae, dua kali dihampura keneh, ari katilu kali mah lain antepeun (urusan kagorengan).
- Nongtot jodo = Geus aya anu ngalamar tapi bedo deui.
- Noong ka kolong = Leutik hate, pondok pikiran.
- Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha = Nu nyieun kahadean dibales ku kagorengan.
- Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan = Nu keur susah dipupuas atawa ditambahan kasusahna.
- Nu burung diangklungan, nu gelo didogdogan, nu edan dikendangan = Anu gedebul dihaminan supaya tambah maceuh.
- Nu geulis jadi werejit, nu lenjang jadi baruang = Nu geulis bisa jadi matak ngabahlakeun (ngabahayakeun) ka lalaki (salaki).
- Nuju hurup ninggang wirahma = Pasehat tur ngeunah laguna (nu ngaji).
- Nulungan anjing kadempet (tiselap) = Nulungan jelema nu taya panarimana.
- Numbuk di sue = Meneran keur sue sawatara kali.
- Nunggul pinang = Geus teu boga baraya.
- Nungtut bari ngeusi = Usaha ngulik elmu atawa ngumpulkeun rejeki saeutik-saeunk nepi ka aya buktina.
- Nurub cupu = Ngarepok, sarua alusna.
- Nutup lobang ngali lobang = Mayar hutang ku duit meunang nginjeum.
- Nuturkeun indung suku = Leumpang sakaparan-paran, henteu puguh anu dijugjug.
- Nya di hurang, nya di keuyeup = Boh di menak boh di kuring, wiwirang atawa kateungeunahan hate mah sarua bae.
- Nya ngagogog nya mantog/Ngagogog bari mantog = 1. Manehna nu nyieun surat, manehna oge nu nganteurkeun; 2. Nitah digawe ka batur bari jeung prakna ku sorangan.
- Nya picung nya hulu maung = Hare-hare, batur ngaler ieu ngidul (jawaban atawa caritaan dina paguneman).
- Nyaah dulang = Nyaahna ka anak ngan ngurus dahar pakena, henteu nguruskeun atikanana.
- Nyaeuran gunung ku taneuh, nyaeuran sagara ku uyah = Mere atawa nambahan kauntungan (kakayaan) ka anu geus beunghar.
- Nyaho lautanana = Nyaho karesep jeung kateuresepna.
- Nyair hurang meunang kancra = Kabeneran meunang untung gede ku usaha leuleutikan.
- Nyakrawati bahu denda = Marentah, ngaheuyeuk nagara.
- Nyaliksik ka buuk leutik = Barangpenta atawa ngarah kauntungan ku rupa-rupa jalan ti rayat (dilakukeun ku pamingpin atawa kapala nu kadedemes).
- Nyalindung di caangna = Ngahaja meres rayat (bawahan) supaya meunang kauntungan nu leuwih gede, ku jalan ngajual nga-ran pamarentah, pangagung, atawa dunungan.
- Nyalindung ka gelung = Lalaki nu cicing, ari awewe digawe. Atawa lalaki teu boga, boga pamajikan ka nu beunghar.
- Nyandang tatali = Ditalian atawa dibarogol lantaran boga dosa.
- Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genteng belokeun = Masrahkeun maneh pikeun dihukum lantaran rumasa boga dosa.
- Nyanggakeun buukna salambar, getihna satetes = Pokpokan lalaki nu nyerenkeun pamajikanana ka mitoha dina waktu nyerahkeun.
- Nyanghulu ka jarian = Ngadunungan ka jelema nu sahandapeun martabatna.
- Nyaur kudu diukur, nyabda kudu dtungang = Omongan kudu ditimbang-timbang heula bisi nyentug kana hate batur.
- Nyecepo ka nu rarempo = Ngahinakeun ka jalma anu teu boga.
- Nyekel sabuk milang tatu = Ngadu jajaten, gelut atawa perang.
- Nyeri beuheung sosonggeteun = Geus lila ngadagoan nu kuduna geus datang.
- Nyeri peurih geus kapanggih, lara wirang geus kasorang = Sagala dodoja hirup geus kaalaman.
- Nyeungeut damar di suhunan = Nembongkeun kabeungharan atawa mere maweh ka deungeun-deungeun ngarah pamuji.
- Nyeungseurikeun upih murag = Nyeungseurikeun batur padahal ku mariehna bakal kasorang.
- Nyiar batuk pibaraheun, nyieun piheueuh = Neangan pipanyakiteun (pipaseaeun).
- Nyiar teri meunang japuh = Meunang untung gede ti batan nu diharepkeun.
- Nyiduh ka langit = Mapatahan ka saluhureun (pangpangna dina kanyaho atawa elmu).
- Nyieun catur taya dapur = Ngarang carita teu puguh galurna.
- Nyieun piandel = Ngatur carita bohong ngarah dipercaya.
- Nyieun pucuk ti girang = Nyieun jalan pipaseaeun.
- Nyiruan teu resepeun nyeuseup nu pait-pait = Kalumrahanana jelema mah teu resepeun cacampuran jeung nu miskin.
- Nyiuk cai ku ayakan = Migawe (kalakuan) nu moal aya hasilna.
- Nyium bari ngegel = Muji bari ngarepkeun dibere.
- Nyokot lesot, ngeumbing porot = Sagala rupa ihtiar atawa tarekah teu hasil.
- Nyolok mata buncelik = Ngalampahkeun naon-naon di hareupeun hiji jelema, kalayan maksud nganyenyeri kana hate eta jelema.
- Nyolong bade = Siga bageur tapi jahat.
- Nyoo gado = Ngunghak, ngaheureuykeun.
- Nyukcruk leuwi malar cai, nyiar seuneu kundang damar = Nyusul-nyusul pituduh batur nu jauh gara-gara teu waspada ka nu nyampak di pribadina.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar