M
- Mabok pangkat = Adigung, ieu aing jeneng.
- Macan biungan = Jelema anu teu akur jeung batur salembur.
- Mageuhan cangcut tali wanda = Saged rek bajoang.
- Maju jurang mundur jungkrang = Taya piliheun, ka ditu ka dieu pibalaieun.
- Malapah gedang = Malibir heula memeh nyaritakeun maksud nu saenyana.
- Malengpeng pake ku munding, ngajul bulan ku asiwung = Ngalampahkeun perkara nu moal pihasileun.
- Maliding sanak = Pilih kasih.
- Malik ka temen = Asal babanyolan tuluyna jadi enyaan.
- Malik mepeh = Gulang-guling lantaran henteu kuat nahan kanyeri atawa keur sakarat.
- Malik rabi pindah ngawula = Nganteuran dahareun ka dunungan anyar.
- Malik tali (malik tambang) = Malik hukum.
- Malikkeun pakarang = Ngalawan ka dunungan ku pakarang pamerena.
- Malikkeun pangali = Nu diserenan pagawean kawajibanana, kalah nempuhkeun ka nu nyerenkeunana.
- Manan leweh mending waleh = Tinimbang matak susah sorangan, mending nyarita satarabasna.
- Manasina sambel jahe, top top tewewet = Moal ujug-ujug kaala hasilna, kudu sabar.
- Mandi getih = Baloboran getih lantaran tatu.
- Mandi oray = Mandi ngan sakilat, mandi ngan sakecebes, teu make sabun.
- Mangkok emas eusi madu = Jelema anu omongna, lampahna, nepi ka hatena oge hade.
- Mangpengkeun kuya ka leuwi = Nu dititah ka lembur asalna kari-kari ngalelep teu balik deui.
- Manis lambe = Jangji sanggup naon-naon tapi ngan omong wungkul (kalah ka omong)
- Manuk hiber ku jangjangna = Jelema hirup ku akalna.
- Maot ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja = Sing bener waktu keur hirup, supaya ulah diomongkeun upama geus maot.
- Mapatahan naek ka monyet = Mapatahan ka nu leuwih pinter.
- Mapatahan ngojay ka meri = Mapatahan ka jalma nu leuwih loba kanyahona jeung pangalamanana.
- Mapay ka puhu leungeun = Kasalahan jelema sok mamawa goreng ka kolotna atawa ka saluhureunana.
- Maras miris = Teu pati wani.
- Marebutkeun (ngagugulung) balung tanpa eusi = Marebutkeun perkara anu teu aya gunana.
- Marebutkeun paisan kosong = Marebutkeun perkara nu teu aya gunana.
- Mata dijual ka peda = Dilarapkeun ka nu malaweung, nepi ka teu awas ka nu disanghareupan (mata molotot tapi teu awas).
- Mata duiteun = Piduit pisan.
- Mata karanjang = Sadeuleu-deuleuna, bengbatan, biasana lalaki ku awewe.
- Mata simeuteun Ngarasa heran, nepi ka olohok teu ngiceup-ngiceup.
- Matak andel-andeleun = Matak ngurangan kapercayaan nepi ka handeueul nu nitah.
- Matak ibur salelembur, matak ear sajajagat = Matak geunjleung, jadi carita di mana-mana.
- Matak muringkak (muriding) bulu punduk = Matak cararengkat bulu punduk, lantaran sieun ku nu lain-lain keur nyorangan.
- Matak pajauh huma = Matak hese silih anjangan atawa matak teu silih pikanyaah.
- Matak tibalik aseupan = Matak teu bisa nyangu.
- Maung malang (maung sarungkun) = Sabondoroyot atawa sakulawarga ngawangun ponggawa atawa pagawe di hiji desa, tapi dina bendengna alahbatan jeung deungeun-deungeun haseum.
- Maung ngamuk gajah meta = Bancang pakewuh.
- Maung ompong, bedil kosong, kareta kosong = Jalma nu boga komara man sanajan geus teu nyekel kakawasaan oge teu weleh dipikaserab.
- Maut ka puhu = Pasea budak mamawa ka kolot.
- Maut nyere ka congona = Asal beunghar, beuki kolot beuki kokoro; hirup susah pakokolot atawa ngarandapan kurang rejeki sanggeus kolot.
- Meber-meber totopong heureut = Ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya mahi.
- Menta buntut = Menta deui.
- Mere langgir kalieun = Mere barang (duit) nu kudu diakalan heula ku nu dibere, bari can tangtu hasilna.
- Medal sila = Ninggalkeun riungan lantaran ambek atawa wirang.
- Melengkung beukas nyalahan = Keur ngorana bageur, tapi ari geus kolot henteu eucreug; atawa nu ditaksir hade tapi goreng jadina.
- Melengkung umbul-umbulna, ngerab-ngerab banderana = Ngagambarkeun iring-iringan atawa kaayaan di tempat pesta.
- Mending kendor ngagembol tinimbang (tibatan) gancang pincang = Mending keneh lila tapi hasilna alus tibatan gancang tapi hasilna goreng.
- Mending pait ti heula tinimbang pait tungtungna = Dina urusan jual-beuli atawa usaha kudu asak heula badami, bisi jadi pacogregan di ahirna.
- Meubeut meulit = Nyarekan bari mamawa (nyabit-nyabit) ka nu lian nepi ka balukarna goreng.
- Meuli teri meunang japuh = Kalawan teu disangka-sangka ti samemehna urang meunang milik anu leuwih gede.
- Meunang kopi pait = Digelendeng atawa dicarekan ku dunungan.
- Meunang luang tina burang = Meunang pangalaman pait lantaran cilaka heula.
- Meungpeun carang (ku ayakan) = Api-api teu nyaho (teu nenjo), ngantep batur milampah pagawean anu dilarang.
- Meupeus keuyang = Ngabudalkeun kakeuheul atawa amarah ka nu teu tuah teu dosa, tampolana kana barang, lantaran ka nu boga kasalahanana mah teu wani ngambek.
- Miceun batok meunang coet = Miceun anu goreng ku sabab hayang meunang anu alus, tapi tungtungna mah kalah meunang nu goreng deuibae.
- Miceun beungeut = Ngabalieur, embung pateuteup lantaran ngewa atawa era.
- Mihape hayam ka heulang = Teu boga wiwaha, titip barang atawa harta banda ka nu geus katotol teu jujur.
- Mihapekeun maneh = Nyieun pikanyaaheun jeung pikaresepeun nu dicicingan atawa nu jadi dunungan.
- Milih-milih rabi, mindah-mindah rasa = Ganti pamajikan sugan leuwih ngarepok.
- Milik teu pahili-hili, bagja teu paala-ala = Rijki mah moal patukeur. Allah anu ngarijkian sakabeh mahluk-Na.
- Mindingan beungeut ku saweuy = Nyimbutan rasiah sorangan nu geus kanyahoan ku batur.
- Mipit kudu amit ngala kudu menta = Teu meunang cocorokot kana barang batur.
- Miyuni (cara) hurang, tai ka hulu-hulu-(na) = Bodo pisan.
- Miyuni hayam kabiri, ngeplek jawer ngandar jangjang, kumeok eleh ku bikang = Leutik burih, euweuh kawani. Tingali oge Ngeplek jawer ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri.
- Miyuni hui kamayung = Teu payaan, katoel saeutik ngambek.
- Miyuni umang = Teu daek ihtiar nepi ka bisa boga imah sorangan (saumur-umur nyewa atawa ngontrak).
- Moal aya haseup mun euweuh seuneu = Sagala rupa beja tangtu aya benerna, sanajan sok loba tambahna nu meunang ngareka.
- Moal ceurik menta eusi = Henteu maksa hayang dibere atawa dieusian.
- Moal ditarajean = Teu sieun, wani.
- Moal jauh laukna = Moal hese piuntungeunana.
- Moal mundur (ngejat) satunjang beas = Teu sieun teu gimir saeutik eutik acan.
- Moal neangan jurig nu teu kadeuleu = Moal nyangka ka saha-saha deui nu boga dosana, lantaran Si Dadap geus katotol teu jujur.
- Moal ngabejaan indung suku = Rusiah pisan, moal dibeja-beja.
- Mobok manggih gorowong = Eukeur mah aya maksud, ari heg aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
- Modal dengkul = Modal mangrupa kadaek jeung tanaga wungkul, teu make duit.
- Monyet dibere (se)sengked = Dibere kasempetan komo ngahanakeun (kana kalakuan goreng).
- Monyet kapalingan jagong = Nu maling kapalingan, tukang tipu katipu.
- Monyet ngagugulung kalapa = Nyaho luarna wungkul, teu apal kana jerona.
- Mopo memeh nanggung = Wegah memeh pek ngalaksanakeun pagawean.
- Moro julang ngaleupaskeun peusing = Ninggalkeun kauntungan nu geus tangtu, moro nu tacan puguh.
- Moro taya, tinggal kaya = Pakaya nu geus mukti ditinggalkeun, lantaran pindah ka tempat nu singsarwa euweuh.
- Mucuk eurih = (Ramo kuku awewe) lalencop kawas pucuk eurih.
- Muga sing ngarendekeh kawas sereh, ngarandakah manan manjah = Sing loba turunan.
- Mukti wibawa = Hirup senang sarta pada ngambeuan jeung pada ngahormat lantaran boga pangaruh.
- Mulih ka jati mulang ka asal = Maot, asal ti Alloh balik deui ka Alloh.
- Mun di lembur kayu randu, mun di leuweung kayu dangdeur, dipake pamikul bengkung, dipake pangeret bingkeng, dipake pancar teu ruhay, dipake tihul teu hurung = Jelema anu taya pupurieunana atawa araheunana, lantaran sagala pugag atawa taya kabisa.
- Mun kiruh ti girang, komo ka hilirna = Lamun pamingpin lampahna kurang hade/ komo nu dipingpinna.
- Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprek (ngopek) moal nyapek = Lamun teu usaha/ digawe moal boga dahareun.
- Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan = Balik ti pangumbaraan ka tempat asal sarta teu niat ingkah deui.
- Mupugkeun tai kanjut = Kariaan leuwih gede ti biasa, lantaran ku ijiran moal rek kariaan deui (ngawinkeun atawa nyunatan anakbungsu).
- Murag bulu bitis = Teu betah cicing di imah, karesepna ngan nyaba bae.
- Murah sandang murah pangan = Teu kakurangan, loba pakeeun jeung dahareun (di nagara nu raharja).
- Muriang teu kawayaan = Kalah wowotan, teu kuat nyangga lara ati, upamana anu keur kabungbulengan (kaedanan).
- Mustika pagulingan = Wanoja geulis pisan.
- Musuh (satru) kabuyutan = Musuh ti baheula nepi ka ayeuna, atawa musuh turunan kawas ucing jeung anjing.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar