C
- Caang bulan dadamaran = Migawe hal nu teu perlu deui.
- Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan = Rido pisan.
- Caang padang narawangan = Caang pisan atawa bisa nenjo ku panon batin ka tempat gaib.
- Cacag nangkaeun = Henteu beres atawa henteu alus lantaran mindeng katunda tuluy dihanca deui (pagawean atawa carita).
- Cacah rucah atah warah = Somah nu dianggap taya ajenna sarta bodo.
- Cacarakan = Kakara diajar, tacan bisa bener.
- Cadu mungkuk haram dempak = Sumpah yen bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara.
- Cadu ngalantung ka lisung = Henteu daek buburuhun (awewe).
- Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo = Sagala teu ngeunah lantaran keur susah atawa keur gering.
- Cai di hilir mah kumaha ti girangna = Ra'yat leutik sok nyonto kalakuan parningpinna.
- Caina herang laukna beunang = Hasil maksud ku cara lantip bari teu aya pacengkadan.
- Campaka jadi di reuma = Nu geulis urang kampung/lembur lain pipanteseunana aya di pasisian.
- Campur kaya = Tepung kaya atawa kaya reujeung kaya, harta banda babarengan nu rimbitan.
- Cangkir emas eusi delan = Jelema anu omonganana alus, tapi saenyana hatena goreng.
- Cara hurang, tai ka hulu-hulu = Bodo pisan.
- Carang takol = Jelema anu langka pisan ngomong, ari teu perlu-perlu teuing mah.
- Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket = Taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakewuh.
- Cecendet mande kiara, cileuncang (cileungcang) mande sagara = Nu miskin atawa jalma leutik hayang nyaruaan nu beunghar.
- Ceplak pahang = Satarabasna teuing kajeun matak nyeri hate batur.
- Ceuli lentaheun = Sok sadenge-dengena, najan lain dengekeunana, atawa resep ngadengekeun kagorengan batur.
- Cikal bugang = Cikal hirup, anu pangheulana gugur di medan perang.
- Cikaracak ninggang batu, laun-laun (batuna) jadi legok = Awahing ku leukeun, laun-laun jadi bisa.
- Cilaka dua belas = Cilaka pohara.
- Ciri sabumi cara sadesa = Kabiasaan di unggal daerah beda-beda.
- Clik putih clak herang = Rido, iklas, kaluar tina hate anu beresih.
- Congo-congo ku amis, mun rek amis ge puhuna = Anak-anakna teu bageur, da kolotna oge henteu nyontoan.
- Cruk-crek = Gunta-ganti pamajikan.
- Cucuk rungkang = Perkara leutik atawa teu pira, tapi lamun diantep bisa ngaganggu kana urusan anu gede.
- Cueut ka hareup = Tereh maot, geus kolot.
- Cueut ka nu hideung, ponteng ka nu koneng = Teu adil, pilih kasih.
- Cukang tara neangan nu ngising = Nu hayang ditulungan sapantesna datang ku maneh kanu rek dipentaan tulung.
- Cukup belengur baraga naya = Resep mere ka batur, bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.
- Cul dogdog tinggal igel = Ninggalkeun gawe baku lantaran ngalampahkeun pagawean sejen nu teu aya hasilna.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar