L
- Labuh diuk, tiba neundeut = Sarua salahna atawa sarua cilakana.
- Ladang kesang = Rejeki ti Allah lantaran usaha sorangan.
- Laer gado = Sok kabitaan ku kadaharan nu aya di batur.
- Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa seja (beja) = Lain indit-inditan teu puguh nu dimaksud, tapi aya picaritaeun nu penting; indit bari mawa tujuan anu pasti.
- Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang = Lain jalma andar-andar, tapi datang ku sabab boga tujuan anu tangtu.
- Lalaki kembang kamangi = Lalaki nu teu bisa nyukup kabutuhan rumah tangga.
- Lalaki langit lalanang jagat = Lalaki anu kasep sarta gagah perkasa.
- Lali (poho) ka purwadaksina = Jelema anu poho ka asal cara anu linglung, lantaran pangkat luhur atawa kabeungharan nu teu wajar.
- Lali rabi, tegang pati = Poho ka pamajikan jeung tega kana nyawa pikeun ngabelaan nagara jeung bangsa.
- Lanca-linci luncat mulang = Jalir jangji, udar subaya.
- Landung kandungan laer aisan = Cede tinimbangan, asak hampura.
- Langkung saur bane carek = Nyarita nu matak nyentug atawa anu matak nyeri kana hate batur.
- Lantip budi = Gancang ngarti kana maksud atawa kahayang batur sanajan henteu diucapkeun.
- Lasminingrat = Nu panggeulisna di sakuliah dunya.
- Lauk buruk mihi mijah, piritan milu endogan = Pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan.
- Legeg lebe budi santri, ari lampah euwah-euwah = Jalma jahat bisa nipu ku tindak-tanduk nu sopan.
- Lelengkah halu = (Budak) diajar leumpang salengkah-salengkah.
- Lengkah kapiceun = Indit-inditan bari aya nu dimaksud tapi teu hasil, henteu beubeunangan.
- Lentah darat = Jelema nu sok nginjeumkeun duit make renten gede.
- Lesang kuras = Henteu bisa nyekel duit, sok beak bae.
- Letah leuwih seukeut manan pedang = Raheut hate ku omongan leuwih peurih karasana tibatan raheut biasa.
- Legok tapak genteng kadek = Loba kanyaho, loba luang pangalaman.
- Leleyep asu = Acan sare enya.
- Lembur matuh panglayungan, banjar karang pamidangan, nagara ancik-ancikan = Lembur tempat matuh atawa cicing.
- Lembur singkur, mandala singkah = Tempat anu nyumput sarta jauh.
- Lengkeh lege = Jelema buheukeu, euweuh cangkengan bawaning ku lintuh.
- Leubeut buah hejo daun = Keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh kakurang.
- Leuleus awak = Gampang dititah.
- Leuleus jeujeur Hat tali = Cede timbangan, sabar darana, henteu getas harupateun.
- Leuleus kejo poena = Mimitina bengis, tapi beuki lila beuki hade.
- Leumpang sakaparan-paran = Teu puguh nu dijugjug.
- Leumpeuh yuni = Babari kapangaruhan, tara (teu) kuat nahan gogoda.
- Leunggeuh cau beuleum = Memeh hiji pagawean anggeus, geus gap deui kana pagawean sejen.
- Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana = Leungit euweuh urutna jeung teu puguh sababna, teu matak kaharti.
- Leutik burih = Borangan.
- Leutik pucus = Euweuh kawani.
- Leutik ringkang gede bugang = Sipat jalma, upamana maot loba uruseunana, sumawonna mun nepi ka ajal di panyabaan.
- Leutik-leutik cabe rawit = Leutik waruga tapi wanian, loba kabisa (babandingan leutik-leutik ngagalatik).
- Leutik-leutik ngagalatik = Leutik waruga tapi wanian, loba kabisa.
- Leuweung ganggong simagonggong, leuweung sisumenem jati = Leuweung geueuman pikakeueungeun.
- Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet = Pikiran jelema mah hese dikira-kirana, boh hadena, boh gorengna.
- Lieuk euweuh ragap taya = Teu boga naon-naon, malarat, taya kaboga.
- Lindeuk japati = Siga lindeuk tapi lingas (babandingan lindeuk piteuk).
- Lindeuk piteuk = Siga lindeuk tapi lingas (babandingan lindeuk japati).
- Lir cai jeung minyak = Teu bisa ngahiji.
- Lir macan teu nangan = Leumpang nu ngalenghoy atawa ngalanggeor (awewe).
- Lir nu ngababad pacing = Tumerap ka nu ngelehkeun pirang-pirang musuh ku pedang.
- Loba catur tanpa bukur = Kalah ka omong, buktina euweuh.
- Loba teuing jaksa = Loba teuing nu mere tinimbangan atawa nasehat.
- Lodong kosong ngelentrung = Jelema bodo nu loba omong, boga laga nurutan nu pinter.
- Lolondokan = Bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan lingkungan atawa jeung kahayang jaman.
- Luhur kokopan = Gumede.
- Luhur kuta gede dunya = Beunghar sarta gede pangaruh.
- Luhur pamakanan (kokopan) = Gumede.
- Luhur tincak = Kalakuanana sok nurutan nu luhur (pangkatna) atawa nu beunghar.
- Luncat mulang = Omonganana teu puguh dicekel, teu bisa dipercaya.
- Lungguh tutut bodo keong, sawah sakotak kaider kabeh = Siga lungguh katenjona padahal bangor.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar