0
K
  1. Ka cai diangir mandi, batu lempar panuusan = Lemah cai, bali geusan ngajadi.
  2. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak (salogak) = Layeut, runtut-raut, silih ayunkeun (nu laki-rabi atawa nu sosobatan).
  3. Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal = Hirup ati-ati make itungan.
  4. Ka luhur sieun gugur, ka handap sieun cacing = Taya kawani.
  5. Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran = Taya kamajuan minangka hukumullah ka jelema doraka atawa nu sok jail ka batur.
  6. Kabawa ku sakaba-kaba = Kabawakeun atawa kapangaruhan ku batur nu teu pati eucreug.
  7. Kabedil langit (kabentar mega) = Kalinglap.
  8. Kabeureuyan mah tara ku tulang munding, tapi ku cucuk peda = Cilaka mah biasana tina mokahaan urusan leutik.
  9. Kacang poho ka lanjaran = Poho ka asal wiwitan, pindah pileumpangan.
  10. Kacanir bangban = Kawiwirangan, meunang kaera.
  11. Kacekel bagal buntutna = Katewak luluguna.
  12. Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria = Kamashur, sarerea pada nyaho.
  13. Kaciwit kulit kabawa daging = Kabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah, atawa milu ngarasa teu ngeunah lantaran aya baraya dihina ku batur.
  14. Kaduhung tara ti heula = Ngarasa hanjakal mah geus tangtu moal samemeh migawe kasalahan.
  15. Kagok asor (asong) = Jangji nu geus kapalang disanggupan, nepi ka kapaksa kudu dilaksanakeun.
  16. Kahieuman bangkong = Siga beunghar lantaran katitipan banda batur.
  17. Kai teu kalis ku angin = Jelema mah tara senang salalawasna, hiji waktu pasti pinanggih jeung kasusah.
  18. Kajejek ku hakan = Hasil usaha beak ku kaperluan dahareun wungkul.
  19. Kajeun kendor, dapon (asal) ngagembol = Kajeun lila asal hasil (hade).
  20. Kajeun pait heula amis tungtung, manan amis heula pait tungtung = Leuwih hade bejaan heula nu banggana, ti batan dibibitaan heula ku untungna, bisi ahirna kaduhung.
  21. Kajeun panas tonggong, batan tiis beuteung = Kajeun teuing cape digawe oge, asal bisa dahar kalawan cukup, teu kakurangan.
  22. Kakeueum ku cai toge = Eleh pisan ku pamajikan, nepi ka dipangnyelewerkeun oge cicing bae.
  23. Kalah ka ingkig = Usaha ka ditu ka dieu teu hasil.
  24. Kalah ka ngahuntu = Ngan bisa nyarita atawa pidato wungkul.
  25. Kalapa bijil ti cungap = Muka rusiah sorangan kalawan teu dihaja.
  26. Kaliung kasiput = Loba baraya nu baleunghar, sasat kalingkung.
  27. Kandel kulit beungeut = Teu boga kaera, sabalikna tina ipis kulit beungeut
  28. Kapiheulaan ngaluluh taneuh = Hudang kabeurangan.
  29. Kapipit galih, kadudut kalbu = Kapincut, bogoh.
  30. Kapiring leutik = Kaisinan.
  31. Karawu kapangku = Sagala pagawean kacabak, tur hasilna hade; kalakon kumaha pait peuheurna, muga-muga turunan urang mah kari ngeunahna.
  32. Kasangga (kasuhun) kalingga murda, katampi ku asta kalih = Katarimakeun, sarta dinuhunkeun pisan.
  33. Kasep ngalenggereng koneng = Nya kasep nya ginding.
  34. Katempuhan buntut maung = Ngagantian kasusah batur.
  35. Kakeureut ku sieup, katindih ku kari-kari = Kasangka boga dosa.
  36. Katuliskeun jurig = Asal heureuy jadi enyaan.
  37. Katurug katutuh = Keur cilaka katambah-tambah ku pikasusaheun.
  38. Kaum marhaen = Somah, rayat biasa.
  39. Kawas aul = Sok ciciduh.
  40. Kawas aeud = Nya goreng budi nya bangor.
  41. Kawas anjing kadempet lincar = 1. Nu leutik dikaniaya ku dununganana, ari rek ngalawan teu bisa, ngan bati humandeuar bae; 2. Keukeuleuweuhan teu puguh.
  42. Kawas anjing parebut tulang = Parasea marebutkeun barang anu teu pira.
  43. Kawas anjing tutung buntut = Berebet ka ditu berebet ka dieu, kawas nu samar polah; ijigimbrang teu daek cicing.
  44. Kawas anu teu dibedong = Kaluar-asup tara nutupkeun panto.
  45. Kawas awi sumaer di pasir = Luak-leok pikir teu pag'euh tangtungan.
  46. Kawas badak Cihea = Jelema nu leumpangna noyod siga nu degig.
  47. Kawas bangkong (bancet) katuruban batok = Jelema anu taya kanyaho lantaran sapopoena ukur idek liher di lemburna.
  48. Kawas bayah kuda = Belel pisan, upamana samping.
  49. Kawas beubeulahan terong = Sarua pisan rupana, nu kembar.
  50. Kawas beusi atah beuleum = Geuneuk rupana bakat ku kacida ambekna.
  51. Kawas birit seeng = Hideung lestreng (kulit jelema).
  52. Kawas bodor reog = Jelema nu tingkah polahna pikaseurieun.
  53. Kawas bueuk beunang (meunang) mabuk = Ngeluk jeung teu wani ngomong, lantaran rumasa boga dosa.
  54. Kawas bujur aseupan = Diuk teu daek cicing.
  55. Kawas (cara) cai dina daun bolang (taleus) = Nasehat atawa papatah taya nyangsangna, taya nu terap.
  56. Kawas carangka runtah = Jelema nu sagala beuki jeung gembul.
  57. Kawas careuh bulan = Diwedak kandel teuing.
  58. Kawas ciduh jeung reuhak = Sarua gorengna (goreng adat).
  59. Kawas congcorang murus = Jelema (budak) anu jangkung tapi kacida begangna.
  60. Kawas cucurut kaibunan = Goreng patut, sarta pikarunyaeun.
  61. Kawas dodol bulukan = Beungeut hideung diwedakan teu rata.
  62. Kawas dongeng Si Bosetek = Gunta-ganti aturan, tapi tetep taya kamajuan.
  63. Kawas durukan huut = Pibahayaeun nu teu kaciri, tapi beuki lila beuki gede.
  64. Kawas gaang katincak = Jelema (biasana barudak) nu keur garandeng, ngadadak jempe sapada harita, lantaran reuwas atawa aya nu dipikasieun ku maranehna.
  65. Kawas gateuw = Teu bisa liar lantaran kasakit, atawa geus rarempo, tapi ari awak lintuh.
  66. Kawas gula jeung peueut = Kacida dalitna, tara pasea, silih asih.
  67. Kawas hayam keur kumahkar = Teu daek cicing lantaran hate kaweur, atawa geus teu sabar ngadagoan nu diarep-arep.
  68. Kawas hayam panyambungan = Talamba-tolombo dina riungan lantaran euweuh nu wawuh.
  69. Kawas heulang pateuh jangjang = Meh teu bisa walakaya, lantaran teu boga nu bisa diandelkeun.
  70. Kawas himi-himi = Meh salilana babarengan duaan tara daek papisah.
  71. Kawas jeler kasaatan = Teu daek cicing, gawena ngan ka ditu ka dieu.
  72. Kawas jogjog mondok = Cekcok-recok, gandeng ku nu bareng ngaromong pabedas-bedas.
  73. Kawas ka budak rodek hulu = Ngahina, kawas ka jelema nu bodo atawa kawas ka budak nu bolon keneh.
  74. Kawas kacang ninggang kajang = Norostos capetang.
  75. Kawas kedok bakal = Rupa jelema anu goreng patut kacida.
  76. Kawas kedok rautaneun = Kacida goreng patutna kawas kedok nu can anggeus.
  77. Kawas kuda leupas ti gedogan = Ngumbar kahayang lantaran geus euweuh nu ngahalangan.
  78. Kawas kuuk = Dilarapkeun ka jelema nu sarena (ngedeng) morongkol.
  79. Kawas langit jeung bumi = Pohara bedana.
  80. Kawas lauk asup kana bubu = Teu bisa ngundurkeun diri deui, lantaran geus kabeungkeut ku jangji atawa sumpah.
  81. Kawas leungeun nu palid = Leungeun nu teu daek cicing, ngopepang, sagala dirampa, sagala dicabak.
  82. Kawas nanggeuy endog beubeureumna = Kacida didama-dama jeung dipusti-pustina awahing ku gede kanyaah (inggis nu dipikanyaahna tinemu balai).
  83. Kawas nu dipupul bayu = Taya tangan pangawasa.
  84. Kawas nu keked = Teu bisa barangbawa.
  85. Kawas nu mulangkeun panyiraman = Boga kahayang (pamenta) anu aneh cara nu keur nyiram, lantaran geus deukeut kana ajal.
  86. Kawas pantun teu jeung kacapi = Bisa mapatahan wungkul, teu bisa nyontoan.
  87. Kawas panyeupahan lalay = Lawon anu belel, kawas panyeupahan lalay.
  88. Kawas perah bedog rautaneun = Goreng patut.
  89. Kawas Rama jeung Sinta = Nurub cupu, nu kasep jeung nu geulis.
  90. Kawas siraru jadi = Jelema loba nu riab ka mana-mana.
  91. Kawas tatah = Teu hideng sorangan (digawe), kudu dititah (diparentah) bae.
  92. Kawas terong dibeulah dua = Dua jelema anu (meh) sarua rupana, biasana mah budak kembar.
  93. Kawas tikukur = Nyebut ngaran sorangan ka nu anyar pinanggih.
  94. Kawas toed = Budak beuki ngomong, celembeng.
  95. Kawas tunggul kahuru = Jelema goreng patut.
  96. Kawas ucing garong = Jelema jahat nu sok ngaranjah imah, sakapeung bari nandasa nu boga imah.
  97. Kawas ucing jeung anjing = Dua jelema anu teu daek akur, lamun paamprok kudu bae pasea.
  98. Kawas ucing kumareumbi = Jelema anu sok resep ruwal-rawel, siga ucing keur kumincir.
  99. Kawas ucing nyanding paisan = Deukeut kana pimaksiateun.
  100. Kejo asak, angeun datang = Sapagodos jeung maksud urang.
  101. Kelek jalan = Tempat anu teu gampang didatangan lantaran jauh ti jalan gede.
  102. Kebo mulih pakandangan = Balik ka lembur sorangan sabada lila ngumbara di lembur batur.
  103. Kembang buruan = Budak anu keur meujeuhna lucu sarta geus resep ulin di buruan.
  104. Kembang carita = Jadi bahan carita nu narik perhatian dina riungan- riungan.
  105. Kembang jalan Ungkluk.
  106. Kembang mata (soca) = Nu dipikanyaah atawa dipikaasih.
  107. Keuna ku aen = Meunang cocoba lantaran ku "panenjo" batur (loba teuing nu muji).
  108. Keuna ku lara teu keuna ku pati = Bisa jadi eleh atawa tatu, tapi moal maot.
  109. Keur bentang surem = Keur apes, keur goreng milik.
  110. Keur meujeuhna bilatung dulang = Keur meujeuhna parabaneun (barudak leutik), keur meujeuhna beuki dahar.
  111. Keur meujeuhna buta tulang buta daging = Keur meujeuhna bedas.
  112. Keur meujeuhna hejo lembok, rambay carita = Keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh kakurang.
  113. Keuyeup apu = Jelema anu elehan jeung euweuh kahayang; kodomoyo, leuleumeuyeu.
  114. Kiceupna sabedug sakali = Jelema anu kacida lungguhna.
  115. Kiruh di girang, kiruh di hilir = Lamun nu di luhurna geus teu balener, tangtu nu di handapna oge sarua kitu.
  116. Kokod monongeun = Teu daekeun asak, lantaran mindeng dicabakan (bubuahan nu dipeuyeum).
  117. Kokolot begog = Ngomong teu merenah kawas kolot.
  118. Kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran = Makmak mekmek, kokomoan barangdahar atawa ngumpulkeun barang nepi ka poho kana kautamaan.
  119. Kokoro nyenang = Nembongkeun pangaboga nu teu sabaraha lantaran hayang dipuji (jalma miskin).
  120. Kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam = Jelema anu kacida masakatna, sagala teu boga..
  121. Kolot dapuran = Pernah kolot nurutkeun pancakaki, sanajan umur leuwih ngora.
  122. Kolot dina beuheung munding = Kolot tapi teu loba kanyaho.
  123. Kolot kalapa = Dilarapkeun ka lalaki atawa awewe anu umurna geus kolot, tapi masih matak kataji.
  124. Kolot kolotok = Kolot tapi euweuh kanyaho, kosong tina elmu pangaweruh.
  125. Kolot pawongan (pawongeun) = Jelema anu umurna ngora keneh, tapi katembongna siga geus kolot.
  126. Koreh-koreh cok = Usaha buruh leutik, hasilna ngan cukup saharitaeun.
  127. Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Jelema anu pipilueun kana hiji urusan lantaran ukur kabawakeun ku batur, lain karepna sorangan.
  128. Kudu bisa ngeureut pakeun = Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mapahat.
  129. Kudu boga pikir rangkepan = Ulah ujug-ujug percaya kana omongan batur aim manis.
  130. Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak = Sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan.
  131. Kudu nyaho lautanana, kudu nyaho tatambanganana  Kudu nganyahokeun adatna, kalakuanana, kangewana (karesepna).
  132. Kujang dua pangadekna = Usaha anu ngadatangkeun dua rupa kauntungan.
  133. Kukuh Ciburuy = Teu bisa diongget-ongget, teu daek nurut kana paham batur nu leuwih bener.
  134. Kukuk sumpung dilawanan dada leway = Sarua gorengna; nu ngambek dilawan ngambek, nu burung dilawan nu gelo.
  135. Kulak canggeum (bagja awak) = Milik hade atawa goreng geus ditangtukeun ku Gusti Nu Mahasuci.
  136. Kumaha bule hideungna (bae) = Kumaha engke bae buktina.
  137. Kumaha ceuk nu dibendo bae = Kumaha ceuk nu mingpin di luhur bae.
  138. Kumaha geletuk batuna kecebur caina/Kumaha kecebur caina, geletuk batuna bae = Kumaha behna, kumaha engke bae.
  139. Kumaha ramena pasar = Ula-ilu, kumaha guyubna batur (balarea).
  140. Kumambang kana kersa Pangersa = Pasrah kana takdir.
  141. Kumeok (ngeok) memeh dipacok = Wegah memeh ngajalankeun pagawean,
  142. Kumis bangbara ngaliang = Kumis nu nyeseg kana liang irung.
  143. Kurang jeujeuhan = Kurang ati-ati, kurang itungan.
  144. Kurang saeunan = Jelema nu teu patig jejeg pikiranana, rada gelo.
  145. Kuru aking ngajangjawing = Pohara kuruna.
  146. Kuru cileuh kentel peujit = Ngurangan sare, ngurangan dahar (tirakat), lantaran aya nu dimaksud.
  147. Kuru kurulang-kuriling = Lara sangsara kadungsang-dungsang.
  148. Kurung batok = Teu daek lunta ti lembur, jalma nu tara ka mana-mana, jadi teu loba kanyaho

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top