J
- Jabung tumalapung, sabda kumapalang = Milu nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa, tapi alatan kapaksa.
- Jadi cikal bugang = Pangheulana kasambut di pangperangan.
- Jadi kembang carita = Loba nu nyaritakeun.
- Jadi kulit jadi daging = Jadi kabiasaan nu hese dipiceunna.
- Jadi maung malang = Jelema anu dianggap jadi panghalang (lalaki ka awewe tepi ka hese meunang jodo).
- Jadi sabiwir hiji = Geus jadi caritaan jelema rea, pada muji kahadeanana.
- Jadi senden kalemekan = Jadi kembang carita.
- Jadi Senen kalemekan Ahad kacapangan = Jadi kembang carita.
- Jajar pasar = Sedeng atawa meujeuhna (kana rupa).
- Jalma notorogan = Jalma nu boga laku-Iampah teu pantes, pikacuaeun.
- Jaman bedil sundut = Jaman baheula.
- Jaman cacing dua saduit = Jaman baheula pisan.
- Jaman tai kotok dilebuan = Jaman baheula.
- Jampana bugang = Pasaran, wadah paranti ngagotong mayit ka kuburan.
- Jampe pamake = Rupa-rupa jampe jeung tingkah laku pikeun ngahasilkeun maksud.
- Jampe pipahokan = Jampe atawa ajian nu maksudna supaya musuh teu nenjoeun ka urang kawas nu lolong.
- Janget kinatelon = Turunan hade ti indung-bapa.
- Jantungeun = Kawas anu kasima.
- Jati kasilih ku junti = Pribumi kaelehkeun ku semah.
- Jauh ka bedug, anggang ka dulag (dayeuh) = Dusun henteu nyaho di adat, dusun pisan.
- Jauh tanah ka langit = Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun; kacida pisan bedana.
- Jauh di jug jug anggang diteang = Jauh-jauh oge didatangan bae.
- Jauh-jauh panjang gagang = Hanas jauh-jauh oge dijugjug ari pek teu hasil maksud.
- Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana = Masyarakat di saban tempat boga tata cara sewang-sewangan.
- Jejeg (jegjeg) ceker = Cape balas leumpang ka ditu ka dieu.
- Jelema balung tunggal = Jelema bedas pisan.
- Jelema masagi (pasagi) = Jelema nu loba kabisana jeung loba kabogana (teu aya kakuranganana).
- Jelema pasesaan = Jelema nu kungsi gelo.
- Jeneng memeh pangkat = Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina.
- Jengkol mah aya usumna = Pikeun nyindiran nu loba ekol.
- Jiga tunggul kahuru = Goreng patut.
- Jodo pakokolot = Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot. Tingali oge Ngareuntaskeun (ngarangkaskeun) dungus.
- Jogjog neureuy buah loa = Mikahayang perkara anu moal kasorang.
- Jojodog unggah ka salu = Unit badega jadi pamajikan dunungan.
- Jongjon bontos = Junun kana gawe, tara kabengbat ku naon-naon.
- Jual dedet = Ngajual barang satengah maksa.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar