I
- Ibu pare = Geugeusan pare nu dihaja dijieun leuwih gede ti geugeusan biasa, minangka indungna (baheula).
- Ieu aing = Jelema nu ngarasa luhur, hade, pinter, gagah jeung sajabana ti dinya atawa adigung.
- Ilang-along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana (drigamana), nyerenkeun = Masrahkeun sagala-galana, ilaharna diucapkeunana waktu rek ngawin-keun atawa satutasna nyerahkeun.
- Indit sirib = Indit sarerea saeusi imah.
- Indung hukum bapa darigama = Papagon, aturan agama jeung nagara.
- Indung lembu bapa banteng = Turunan jalma beunghar atawa menak.
- Indung peuting = Mega hideung anu sok tembong ti peuting.
- Indung suku ge moal dibejaan = Niat pageuh nyekel rasiah, baraya nu landes ge moal dibere nyaho.
- Inget-inget poho = Teu inget enya (kana perkara nu geus kajadian baheula).
- Inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang = Kacida matak risina, paur pisan.
- Inggis ku bisi rempan ku sugan (beja) = Salempang aya naon-naon. Ipis biwir Epesmeer, babari ceurik.
- Ipis kulit beungeut = Eraan.
- Ipis wiwirang = Kandel kulit beungeut, kurang kaera.
- Iwak nangtang sujen = Ngadeukeutan pibahayaeun, neangan picilakaeun.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar