P
- Paanteur-anteur julang = Nu tas dianteurkeun, nganteurkeun deui nu tas nganteurkeunana.
- Pabalik (ti balik) letah = Barangbere tapi dipenta deui.
- Pacikrak ngalawan merak = Rayat leutik ngalawan menak atawa nu keur kuasa, nu lemah ngalawan nu kuat.
- Pada rubak sisi samping = Pada gede hampura, atawa pada loba luang pangalaman.
- Padaringan kebek = Repok nu alus, bakal moal kakurangan rejeki.
- Padu teu (moal) buruk digantung = Perkara moal robah atawa bolay ku ditunda-tunda; geus maot sarta dikubur.
- Paeh pikir = Teu boga karep.
- Paeh poso = Meakeun kadaek, tisusut tidungdung.
- Paeh teu hos, hirup teu neut = Gering ngalanglayung, hirup tapi teu eureun-eureun gering.
- Pagede-gede urat rengge = Patarik-tarik nyoara (nu pasea).
- Pageuh kancing loba anjing = Taki-taki mageuhan tulak, bisi aya bancang pakewuh.
- Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian = Pada hayang leuwih ti babaturan dina jalan usaha, teu daek sapapait-samamanis,teu daek silih tulungan.
- Paheuyeuk-heuyeuk leungeun = Babarengan, sauyunan.
- Pait daging pahang tulang = Mulus awak langka katerap kasakit.
- Pait paria = Pait ngeunah.
- Pajauh huma = Pegat babarayaan.
- Pakait pikir = Jangji rek ngahiji.
- Pakokolot supa = Padeukeut umurna, henteu sabaraha ganjor.
- Pamuka lawang = Oleh-oleh, kiriman.
- Panasbaran = Babari ambek.
- Panas leungeun = Teu jadian pepelakan, sabalikna tina tiis leungeun.
- Panday tara boga bedog = Nyindiran tukang nyieun sarupaning barang, nu teu bogaeun eta barang nu sok dijieunna.
- Pangeran mah tara nanggeuy ti bongkokna = Ilikan Alloh mah tarananggeuy ti bongkokna.
- Pangeprak reumis = Purah diutah-etah, ngajalankeun pagawean nu lumayan.
- Panjang ingetan = Teu babari poho.
- Panjang lengkah = Jauh panyabaan, henteu kagok indit-inditan.
- Panjang leungeun = Cocorokot, sok pulang-paling.
- Panon keongeun = Panon nu caian bae.
- Panonna kandar ka sisi = Resep ngareretan nu kasep (dilarapkeun ka awewe lalenger).
- Papadon los ka kolong = Nu jangji tara jadi; pasini geus asak pisan, tuluyna bolay.
- Papais-pais paray = Pateep kawas paray nu dipais, bari ngahuntu kala.
- Paraji ukur malar saji = Dukun palsu, ngan ngarah buruhan wungkul.
- Pardu kasambut sunat kalampah = Ngalakukeun anu wajib bari sakalian anu sunat.
- Pareumeun obor = Teu nyaho saha-sahana nu jadi baraya atawa karuhun lantaran euweuh nu ngabejaan.
- Pariuk manggih kekeb = Papada meunangkeun nu goreng patut.
- Pasini jangji pasang subaya = Nyieun perjangjian.
- Pasrah arit = Pasrah teu terus jeung hate.
- Pat-pat gulipat = Kalakuan licik, teu jujur.
- Pelengkung bekas (beukas) nyalahan = Keur ngorana bageur, tapi ka kolotnakeun jadi teu eucreug.
- Perang urat sarap = Perang teu make pakarang.
- Perlaya ing yuda = Kasambut (maot) di pangperangan.
- Petot bengo dulur sorangan = Sanajan ngewa atawa ambek ka dulur atawa ka baraya anu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan, jeung ngahampura kasalahanana, henteu tega ngantep (bandingkeun jeung buruk-buruk papanjati),
- Peujit koreseun = Isuk-isuk keneh geus kudu barangdahar, elat meueusan sok nyalingit beuteung.
- Peunggas rancatan = Beak modal, tepi ka jadi pugag usaha, atawa ditinggalkeun maot ku anu jadi andelan.
- Peupeureuman (leleyep) asu = Tacan sare tibra.
- Peureum hayam = Peureum meueusan, bisa keneh nenjo atawa api-api peureum.
- Peureum kadeuleu, beunta katara (karasa) = Ingetbae (ka jelema).
- Picung cibur = Saregepna digawe ngan mimiti bae (jelema goreng gawe).
- Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = Mikahayang anu henteu layak pikeun dirina.
- Pilih kasih = Teu adil (upama dina ngabagi rejeki).
- Pindah cai dibawa tampianana = Aya di pangumbaraan, mageuhan adat kabiasaan sorangan.
- Pindah cai pindah tampian = Nyaluyukeun diri kana adat kabiasaan di tempat anyar.
- Pindah pileumpangan = Robah adat atawa robah kalakuan, tina hade jadi goreng.
- Pinter aling-aling bodo = Saenyana mah pinter, tapi embung kanyahoan ku batur, malah kalah sok nyeta-nyeta nu bodo.
- Pinter kabalinger = Ongkoh pinter, tapi katipu atawa ngayakeun aturan anu teu bener pikeun kapentingan sorangan.
- Pinter kodek = Licik, daek me"nta embung mere.
- Pipilih nyiar nu leuwih, koceplak meunang nu pecak = Hayang nu leuwih alus, kalah meunang nu goreng.
- Piruruhan dikatengah-imahkeun = Nu hina jadi mulya, tapi sanggeus mulya adatna jadi ningkah loba lelewa.
- Poek mongkleng buta radin Poek pisan, teu katenjo nu legok-legok, siga rata bae.
- Poho ka purwadaksina (wiwitan) = Pindah pileumpangan, robah adat jadi gede hulu.
- Pokrol bambu = Pangacara nu teu boga kaahlian dina widang hukum, ngan ukur boga pangalaman.
- Pondok catur panjang maksud = Caritaan anu ringkes tapi ngeusi.
- Pondok heureut = Kurang akal, teu daek mikir nu hese-hese.
- Pondok jodo = Teu awet laki-rabi.
- Pondok jodo panjang baraya = Sanajan pondok jodo sing nuluy jadi baraya.
- Pondok lengkah = Teu pati bebas lunta ti lembur.
- Pondok nyogok panjang nyugak = Omongan anu matak nyentug kana hate, garihal teu matak resep ngadengekeunana.
- Potol jarum = Awewe nu taya pisan boga pakaya.
- Potol teko = Lalaki nu taya pisan boga pakaya.
- Pucuk awian = Tara puguh pamadegan (jangji), luak-leok bae.
- Puguh entep seureuhna = Merele, sarta alus susunan basana.
- Pupulur memeh mantun = Menta diburuhan memeh prak digawe.
- Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari (jadi) tunggak = Katideresa, katindih ku kari-kari, dituding boga dosa lantaran kabeneran aya di tempat kajadianana kajahatan.
- Pur manuk = Ngagawekeun jelema bari teu jeung disuguh, ngan diburuhan duit wungkul.
- Puraga tamba kadengda = Digawe asal jadi, tamba henteu, asal bae.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar