H
- Hade gogog hade tagog = Hade basa hade tata jeung hade paripolahna.
- Hade ku omong goreng ku omong = Sagala rupa perkara bisa disebut hade atawa goreng lantaran omonganana.
- Hade lambe (lalambe) = Alus omong tapi teu terus jeung hate.
- Hade repok = Alus nasibna dina laki-rabi, loba rejeki, jste.
- Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = Kahadean nu geus sakitu lilana, leungit ku ngalampahkeun kagorengan sakali.
- Hambur bacot murah congcot = Babari nyarekan, tapi berehan. Hampang birit Daekan, sabalikna beurat birit. Hampang leungeun Gampang neunggeul.
- Handap lanyap = Hade basa, puguh entep-seureuhna, tapi nu saenyana mah ngunghak atawa ngahina; hormat tapi matak nyentug kana hate.
- Handap asor = Daek ngahormat ka batur.
- Hantang hantung hantigong hantriweli = Kalah ka hade rupa hade tagog, tapi taya araheunana.
- Haok hamprong = Beuki hahaok.
- Hapa heman = Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadean. bandingkeun Nu asih dipulang sengit.
- Hapa hui/kapahui = Teu jamuga.
- Hapa-hapa oge ranggeuyan = Sanajan teu boga harta banda leuheung keneh sabab boga salaki.
- Harewos bojong = Omongan anu diharewoskeun, tapi kadenge ku nu deukeut ka nu diharewosan.
- Harelung jangkung = Kacida jangkungna.
- Harigu manukeun = Dada jelema nu nonjol ka hareup.
- Haripeut ku teuteureuyeun = Totorosol pisan kana urusan pirejekieun.
- Haseum omong batan goong = Beja mah sok babari pisan sumebarna.
- Haseum budi = Leuwih mindeng baeud jeung camberut tibatan seuri.
- Haseum kawas cuka bibit = Kuraweud haseum, teu me're budi pisan.
- Hatur tangis = Ngabejakeun kanyeri ati.
- Hawara biwir = Resep ngabejakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila keneh kana waktu dilaksanakeunana.
- Hayang leuwih jadi leweh = Hayang untung kalah rugi.
- Hayang untung jadi (kalah) buntung = Tinimbang untung kalah rugi.
- Hayang utah iga = Ngarasa kacida sebelna.
- Hejo cokor badag sambel = Dusun pisan.
- Hejo tihang = Resep pipindahan, gunta-ganti pagawean.
- Herang caina beunang laukna = Anu dipikahayang laksana ku jalan badami tur henteu kalawan nganyenyeri hate batur.
- Herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang = Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.
- Hese cape teu kapake = Hanas ceuk rarasaan mah digawe soson-soson, ari heg dianggap salah ku dunungan atawa hasilna mubadir.
- Henteu asa jeung jiga = Geus loma pisan.
- Henteu cai herang-herang acan = Teu disuguhan naon-naon (teu cai-cai acan).
- Henteu gedag bulu salambar = Henteu sieun atawa henteu gimir saeutik-eutik acan.
- Henteu jingjing henteu bawa = Henteu mawa naon-naon keur oleh-oleh ka nu dijugjug.
- Henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan = Henteu kapangaruhan ku ruruba (rupa-rupa panggoda), pageuh nyekel tangtungan sorangan.
- Heueuh-heueuh bueuk = Ongkoh nyaluyuan (nyebut heueuh), tapi henteu terus kana hatena.
- Heunceut ucingeun = Babari reuneuh.
- Heuras genggerong = Caritaanana sugal jeung garihal, teu bisa ngangeunahkeun hate batur ku omongan.
- Heuras letah = Omonganana matak nyugak atawa teu ngeunaheun batur.
- Heureut pakeeun pungsat bahan = Teu rea kaboga, saeutik panghasilan.
- Heurin ku letah = Teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur, lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu.
- Hideung ngabangbara = Hideung meles sarta herang.
- Hideung-hideung oge buah manggu, matak tigurawil bajing = Nyolong bade; sanajan luarna (cangkangna) henteu pikabitaeun, jerona (eusina) mah matak deudeuieun.
- Hileud peuteuy = Jelema anu ngahalang-halang pakarepan batur.
- Hirup disuhun, paeh dirampes = Tumamprak pasrah kana kersa Nu Maha Kawasa, lantaran geus beak dengkak, upama nu gering geus lila teu cageur bae.
- Hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho di mangsa = Hirup di dunya teh bakal ditungtungan ku maot anu datangna teu bisa dipastikeun ti anggalna.
- Hirup ku ibun, gede ku poe = Hirup balangsak, sasat euweuh nu ngurus, hirup kalantar.
- Hirup ku panyukup gede ku pamere = Jelema anu hirupna ukur ngandelkeun pamere ti batur.
- Hirup ngabangbara = Jelema anu tempat matuhna keur leutik teh teu tumaninah, tapi ari sakalieun barangpake mani kacida gindingna.
- Hirup ramijud = Hirup teu ngaleunjeur lantaran numbuk di sue (taya kamarasan).
- Hirup teu neut, paeh teu hos = Terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot.
- Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih (aya) beja = Laku lampah kudu bageur supaya alus kacaritakeunana.
- Huap hiji diduakeun = Ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoe, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha bae anu perlu dibelaan.
- Hudang pineuh (tineuh) = Mindeng hudang tuluy ngedeng deui, lantaran teu daek sare ku ngarasakeun panyakit.
- Hujan cipanon = Ceurik balilihan, loba nu ceurik.
- Hulu gundul dihihidan = Nu keur untung tambah untung.
- Hulu peutieun = Jelema nu leutik sirahna henteu surup jeung awakna.
- Hunyur mapande (mandean) gunung = Nyeta-nyeta jelema anu leuwih ti manehna (biasana dina kaboga), atawa cacah nyaruakeun maneh ka menak.
- Hurip gusti, waras abdi = Jaman peodal, upama raja senang sarta mulya, rayat cageur.
- Hurung nangtung siang leumpang = Beunghar sarta dipake ngaginding.
- Hutang hatong = Satengah heureuy, nyapirakeun kana hutang, daek bayar, henteu entong.
- Hutang salaput hulu = Loba pisan hutang, nepi ka samar kabayar.
- Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri = Males kanyeri atawa kajahatan ku hukuman nu sarua atawa saimbang.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar