0
G
  1. Galagah kacaahan = Nganteur atawa ngalajur napsu kabawa ku batur.
  2. Galak sinongnong = Lalaki (bujang) nu mimiti aya sir ka awewe, tapi can wani adu hareupan.
  3. Galak timburu = Babari timburuan. Awewe nyangka nyelewer ka salakina atawa sabalikna.
  4. Galegeh gado = Someah, akuan, atawa darehdeh bisa nyarita, tapi teu terus kana hatena.
  5. Gancang pincang = Pagawean anu babari anggeus, tapi hasilna henteu nyugemakeun.
  6. Gantung denge = Ngarasa hanjakal sabab hayang keneh ngadengekeun, anggeus manten.
  7. Gantung teureuyeun = Ngarasa hanjelu sabab barangdahar can seubeuh, kapaksa dieureunkeun.
  8. Garo maling = Boleksek henteu dihaja, urut gagaro keur sare.
  9. Garo mengmengan = Euweuh kasabaran.
  10. Garo singsat = Peta awewe nu teu sabar ngadagoan nu can datang.
  11. Garo-garo teu ateul = Gagaro lantaran bingung atawa keuheul.
  12. Gasik nampi gancang narima = Ngabageakeun tamu (semah) ku budi jeung basa nu hade.
  13. Gentel keak = Budak anu meh tara lesot ti indungna, mun dilesotkeun sok ceurik.
  14. Gede cahak manan cohok = Leuwih loba ngaluarkeun duit batan panghasilan.
  15. Gede gunung pananggeuhan = Adigung dumeh aya andelan atawa aya nu dipuntangan.
  16. Gede hulu = Adigung, sombong.
  17. Gede-gede kayu randu, dipake pamikul bengkung, dipake lin­car sok bencar (anggang), dipake pancir ngajedig = Jelema nu taya gunana, lantaran bodo, hengker jeung ngedul. Ilikan Mun di lembur kayu randu.
  18. Geledug ces = Ukur rame mimitina wungkul, ka dituna mah jadi tiiseun.
  19. Gemah ripah loh jinawi = Gegek cacah jiwana sarta raharja.
  20. Genteng-genteng ulah potong = Sanajan hasilna teu sabaraha, keun bae tinimbang luput.
  21. Gereges-gedebug = Ngalampahkeun pagawean teu karana dipikir panjangheula.
  22. Gering nangtung (ngalanglayung) = Henteu gering parna, tapi sehat bener oge henteu (ngalanglayung).
  23. Getas harupateun = Babari ambek.
  24. Geugeut manjahan = Ngogo ka budak tapi ari ambek gampang nyarekan, ngan henteu nepi ka meupeuh atawa neunggeul.
  25. Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma = Awewe anu rupana tegep, ngan dangongna dusun.
  26. Geus apal luar jerona = Geus nyaho kana kalakuan jeung tabeatna.
  27. Geus aya dina pesak = Geus nyaho pisan kana sarupaning perkara.
  28. Geus aya kembang-kembangna = Geus aya hal-hal nu nimbulkeun harepan kana hasil maksud.
  29. Geus bijil bulu mayang = Geus mimiti baleg (ka lalaki).
  30. Geus cueut ka hareup = Geus kolot, geus liwat satengah tuwuh.
  31. Geus cumarita = Geus kawin sarta imah-imah sorangan, geus misah ti kolot.
  32. Geus karasa (ngarasa) pait peuheurna = Geus kaalaman sagala rupa nu teu ngeunahna.
  33. Geus labuh bandera = Perkara anu geus diputus.
  34. Geus nyanghulu ngaler = Geus maot.
  35. Geus turun amis cau = Geus mimiti beger (awewe).
  36. Gindi pikir belang bayah = Goreng hate, resep nyilakakeun batur.
  37. Ginding bangbara = Resep gigindingan jeung royal ngarah katenjo ku batur, tapi di imah kekerehet
  38. Ginding kekempis = Jelema ginding tapi teu boga duit.
  39. Giri lungsi tanpaingan (tanpa hingan) = Ulah ngahina sanajan ka nu lemah atawa nu leutik.
  40. Goong nabeuh maneh = Ngagulkeun diri sorangan.
  41. Goong saba karia = Datang ka nu hajatan bari teu diondang, maksudna sangkan kaarah gawe tur seubeuh baranghakan.
  42. Goreng peujit = Goreng hate (dengki).
  43. Goreng sisit = Goreng milik.
  44. Goreng sopak = Jelema goreng patut.
  45. Gugon tuhon = Kukuh, boh ka dunungan, boh kana adat kabiasaan atawa kapercayaan.
  46. Gulak-giluk kari tuur, herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang = Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.
  47. Gunung hapitan sela = Budak awewe nu boga lanceuk la­laki hiji jeung adi lalaki hiji (sabalikna tina sela hapitan gu­nung).
  48. Gunung luhur beunang diukur/ laut jero beunang dijugjugan (diteuleuman), tapi hate jalma najan deet moal kakobet = Nganyahokeun eusi hate (kahayang) jelema anu dirasiahkeun mah kacida hesena.
  49. Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi = Taya wates wangenna, kacida legana, euweuh tungtungna.
  50. Gurat batu = Kukuh dina nyekel omongan atawa pamadegan, teguh tangtungan.
  51. Gurat cai = Babari ngarobah omongan/jangji nu geus diucapkeun. Cidera kana jangji. Sabalikna tina gurat batu.
  52. Guru, ratu, wongatua karo = Guru, raja (pamingpin), jeung kolot wajib dihormat jeung diturut parentahna.
  53. Guyur salelembur ear sajajagat = Pohara geunjleungna,

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top