W
- Waspada permana tingal = Terus tingal, ilikan weruh sadurung winarah.
- Wawuh munding = Wawuh meueusan pedah sok panggih di jalan atawa dina pasamoan.
- Weruh sadurung winarah = Nyaho memeh dibejaan.
- Wiwirang di kolong catang, nya gede nya panjang = Wiwirang gede nu teu bisa dibunian.
- Watang sinambungan = Nu pasea atawa nu boga perkara batur, tapi ari cekcokna jeung urang.
Y
- Yuni kembang = Jelema arm pasipatanana kawas kembang, pikaresepeun atawa pikalucueun.
- Yuni tai = Jelema anu pasipatanana teu pikaresepeun atawa teu pikalucueun
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar