0
Syarif Amin dina bukuna Di Lembur Kuring (1964), kalawan tembres netelakeun kumaha dalitna urang Sunda alam harita, alam sabada merdeka kana sisindiran

Upama caang bulan, diburuan teh rame ku para mojang. Sakumaha biasa, upama aya awewe ngariung di buruan, piraku euweuh lalaki anu ngadeukeutan. Geus puguh anu kabeneran giliran ngaronda, anu lain oge kangaran bujang mah sok bae hayang milu aub.

Dina kasempetan anu saperti kieu, zaman harita mah mojang jeung jajaka teh silih tempas nembrakeun eusi hatena make sisindiran.

Wangenan Sisindiran

Kecap sisindiran asalna tina kecap sindir anu ngandung harti kecap atawa omongan pesekeun, henteu togmol ditujukeun ka jalma anu dimaksud. Cohagna mah omongan anu dibalibirkeun.

Kecap sindir dirajek binarung rarangken R -an anu fungsina ngawangun kecap barang jeung kecap pagawean. Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda sisindiran the ngandung harti:
  1. Basa anu direka, lolobana murwakanti, sarta bias dikawihkeun, aya cangkangna jeung aya eusina.
  2. Ngucapkeun sisindiran.

Sisindiran teh mangrupa karya sastra wangun ugeran, lantaran kauger ku purwakanti jeung guru wilangan, sarta umumna dina sapalisan teh diwangun ku dalapan engang. Upama dipatalikeun jeung katerangan kamus di luhur, wangenan sisindiran teh bias disebutkeun: karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun heula, diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti.

Ari nu disebut purwakanti nyaeta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); perenahna boh ngarendeng, ngajajar, horizontal (dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, pertikal (antar jajaran, antar padalisan).

Dina rarakitan jeung paparikan, anu murwakanti teh cangkang jeung eusina. Padalisan kahiji cangkang murwakanti jeung padalisan kahiji eusi; padalisan kadua cangkang murwakanti jeung padalisan kadua eusi. Ari dina wawangsalan anu murwakanti teh maksudna (hartina) jeung salasahiji kecap anu aya dina eusina. Ari cangkangna mangrupa wincikan hiji barang atawa hal anu kudu diteangan maksudna tea.

Nilik kana wangunna, sinsindiranteh bias dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta rarakitan, paparikan jeung wawangsalan.
  • RARAKITAN

Rarakitan teh mangrupa sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina sapadana. Disebut rarakitan pedah kecap awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang, ngarakit. Sipat kitu dipapandekeun jeung sipat rakit anu papak dina puhuna.

Purwakanti anu aya dina rarakitan, sarta mangrupa ciri anu ngabedakeun jeung paparikan, nyaeta purwakanti mindoan kawit, anu timbul lantaran aya kecap-akecap anu dipindo (dibalikeun) dina awal padalisan. Kulantaran purwakanti mindoan kawit teh antara cangkang jeung eusi, umumna dina rarakitan mah kaselang heula ku padalisan sejen, nepi siga nu pacorok

Contona:

Jauh-jauh manggul awi,
nyiar-nyiar pimerangeun.
Jauh-jauh neang abdi,
nyiar-nyiar pimelangeun

Cangkang:

Jauh-jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun

Eusi:

Jauh-jauh neang abdi,
nyiar-nyiar pimelangeun

Rarakitan di luhur teh sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua cangkangna; padalisan katilu jeung kaopat eusina.

Kecap anu aya dina awal padalisan cangkangna sarua (murwakanti) jeung kecap anu aya dina awal padalisan kahiji eusi nyaeta jauh-jauh. Kitu deui kecap anu aya dina awal padalisan kadua cangkang sarua jeung kecap anu aya dina awal padalisan kadua eusi nyaeta nyiar-nyiar.

Salian ti eta, purwakanti the aya dina tungtung padalisan deuih. Ieu oge murwakanti antara cangkang jeung eusi. Kecap awi murwakanti jeung abdi, pimerangeun murwakanti jeung pimelangeun.

Upama nilik kana eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk jeung lulucon.

Rarakitan silihasih nyaeta rarakitan anu eusina patali jeung silihasih, cinta atawa birahi.

Contona:

Mun teu tulus ka paseukna,
ka pancirna oge hade.
Mun teu tulus ka lanceukna,
ka adina oge hade.

Batur mah dibaju hideung,
kuring mah kabaya bae.
Batur mah dipikatineung,
kuring mah sangsara bae.

Rarakitan piwuruk nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.

Contona:

Peupeujeuh ari ka Bandung,
ulah meuli hayam kate.
Peupeujeuh ari ka indung,
ulah nganyerikeun hate.

Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.

Rarakitan sesebred nyaeta rarakitan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk, kayaning lulucon, banyol, tambuh laku, kritik social, pamitan jeung salian ti eta.

Contona:

Majar maneh cengkeh koneng,
kulit peuteuy dina nyiru.
Majar maneh lengkeh koneng,
kulit beuteung mani nambru.

Sok hayang nyaba ka Bandung,
sok hayang nyaho nanjakna.
Sok hayang nanya nu pundung,
sok hayang nyaho nyentakna.

Unggal padalisan dina rarakitan umumna diwangun ku dalapan engang, sanajan henteu mutlak kitu. Kitu deui jumlah padalisan dina sapadana, rereana mah anu opat padalisan, sanajan aya nu leuwih ti opat padalisan oge. Tangtu bae jumlahna kudu jangkep saperti genep padalisan, dalapan padalisan jeung sajabana ti eta.

PAPARIKAN

Paparikanteh asalna tina kecap parik atawa parek anu ngandung harti deukeut. Ari anu dimaksud paparikan di dieu nyaeta sisindiran anu ngan padeukeut sorana antara cangkang jeung eusina. Jadi henteu papak (sarua) kecap dina puhuna.

Contona:

Boboko ragrag ti imah,
ninggang kana pileuiteun.
Nya bogoh ulah ka semah,
lamun anggang sok leungiteun

Padalisan kahiji cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kahiji eusi. Di dinya aya sawatara kekecapan anu padeukeut sorana. Kecap boboko padeukeut sorana jeung kecap nya bogoh, kecap imah padeukeut sorana jeung kecap semah. Kitu deui padalisan kadua cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kadua eusi. Kecap ninggang padeukeut sorana jeung kecap anggang, kecap pileuiteun padeukeut sorana jeung kecap leungiteun. Umumna aya purwakanti laraswokas (purwakanti engang tungtung) anu kaselang heula siga pacorok.

Nilik kana eusina, teu beda ti rarakitan bae, paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk, jeung sesebred.

Paparikan silihasih nyaeta paparikan anu eusina silihasih, cinta atawa birahi.

Contona:

Daun pulus dilulunan,
jojodog ti Tarikolot.
Sugan tulus lalaunan,
aya jodo pakokolot.

Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi.
Nu hideung matak teunangan,
sing emut ka diri abdi.

Paparikan piwuruk nyaeta paparikan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.

Contona:

Lauk emas ngakan ganggeng,
disamberan ku japati.
Boga emas moal langgeng,
Teu cara boga pangarti.

Meuli kurupuk sadacin
diwadahan kana kalo
Nu dipupuk ku prihatin
eta diasih ku Alloh

Paparikan sesebred nyaeta paparikan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk saperti lulucon, banyol, tambuh laku, sanduk-sanduk jeung sajabana ti eta.

Contona:

Jeruk purut Cikaruncang,
jambu aer Wanayasa.
Camerut hayang kabujang,
susu laer teu dirasa.

Piring katuruban sendok,
ngawadahan rujak huni.
Kuring ge baheula denok,
Ayeuna mah nini-nini

Umumna paparikan oge dina sapadana the diwangun ku dalapan engang, sanajan henteu mutlak kitu. Sabab aya sawatara paparikan anu geus popular tur dina sapadana henteu diwangun ku dalapan engang.

Contona:

Dengkleung dengkleung dengdek,
buah kopi raranggeuyan.
Ingkeun anu dewek,
ulah pati diheureuyan.

Situ Ciburuy laukna hese dipancing,
nyeredet hate ningali herang caina.
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,
nyeredet hate ningali sorot socana.

Dina conto-conto diluhur, dina sapadana diwangun ku opat padalisan dina sapadana. Saenyana taya katangtuan kudu sabaraha padalisan dina sapadana paparikan teh, anu penting jumlahna jangkep bae. Iwal anu mangrupa dangding, biasana sapada cangkang sapada eusi.

WAWANGSALAN

Wawangsalan teh nyaeta karangan (sastra) anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna the tara ditetelakeun, tapi kudu diteangan tina bagan eusi. Anu dijieun wangsalteh sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi eta.

Tengetan geura contona dihandap ieu:

Teu beunang dihurang sawah,
teu beunang dipikameumeut.

Padalisan kahiji nyaeta sindir,. Ari padalisan kadua bagian eusi. Bagian sindir dina wawangsalan di luhur diwangun ku cangkang Teu beunang dihurang sawah jeung wangsal nyamuni dina eta cangkang nyaeta hurang sawah. Naon anu dijieun wangsalna? Bisa barang atawa hal. Kudu diteangan tina bagian eusi Teu beunang dipikameumeut. Wangsalna hurang sawah, moal salah anu dijieun wangsalnateh sato siga hurang anu aya (remen kapanggih) di sawah. Dina bagian eusi aya kecap dipikameumeut. Sato naon anu siga hurang, ayana di sawah, sarta ngaranna murwakanti jeung kecap dipikameumeut? Jawabanana: simeut

Conto sejenna:

Reregan sabudeur imah,
Kasangsara siang wengi.

Naon ari reregan sabudeur imahteh? Jawabanana atawa (barang) anu dijieun wangsalna kudu diteangan dina bagian eusi. Di dinya aya kecap kasangsara. Naon ari reregan sabudeur imah anu ngaranna murwakanti jeung kecap kasangsara? Jawabanana: kasang.

Upama nilik kana wangunna, wawangsalan mah dina sapadana diwangun ku dua padalisan. Ari jumlah engang dina unggal padalisan dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan aya patalina jeung silihasih, cinta, atawa birahi.

Titenan geura sawatara conto dihandap ieu:

Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi.

(oray)

Imah ngambang di sagara,
ulah kapalang nya bela.

(kapal cai)

Manuk tukung saba reuma,
uyuhan daek ka abdi.

(puyuh)

Teu beunang ditiwu leuweung,
teu beunang sipikasono.

(kaso)

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top