Centang = nojo kaleci sejen kalawan tarik.
Diparet = ditojo disakalikeu nepi kanu beunagna leuwih ti hiji.
Dur = supaya dijauhkeun upama kokojo beunang (kacandet) ku jelema.
Dut= paeh lantaran teu kaluar tina kalang pot.
Epek = Ngepek ngeunakeun kana sisina sangkan ngadeukeutan anu sejen.
Golotok = nojo kaleci sejen lalaunan.
Kalang = kalang buleud atawa pasagi anu dipake masang.
Kokojo = kaleci anu dipake nojo.
Nyedet = kojo anu teu nambleg.
Oles = nga ukur keuna, henteu kaluar tina kalang.
Sigit = can kaluar tina kalang nu diukur ku jempol.
Stan = nojo kaleci bari nangtung.
Stik = keuna ku dijeungkal, jadi teu kudu ditojo deui.
Tambleg = kokojo nu cicing dina urut nu ditojona.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar